NEW
Font size
WorksheetsSOAL PSTS BAHASA SUNDA 7
Total questions: 40
Worksheet time: 3600secs
Iklan teh saestuna mah mangrupa……anu mibanda tujuan pikeun mangaruhan masyarakat ( konsumen ).
Biantara
Wawaran
Obrolan
Paguneman
Iklan nu mibanda tujuan pikeun meunangkeun kauntungan tina jasa ngajual produkna disebut iklan….
Komersil
Layanan
Non komersil
Social
Iklan nu teu miharep kauntungan material disebut…..
Iklan layanan komersil
Iklan haratis
Iklan layanan masyarakat
Iklan kulawarga
Iklan layanan masyarakat mah syaratna teu meunang ngandung…..
Produk
Ajakan
Parentah
Panyaram
“ Tong miceun runtah kana solokan “ . Ieu ungkara kalimah teh aya dina iklan layanan masyarakat nu eusina mangrupa…..
Parentah
Anjuran
Panyaram
Pangajak
Iklan layanan masyarakat biasana teu ditepikeun ku….
Pamarentah
Yayasan
Organisasi social
Parusahaan
Nu disebut organisasi sosial teh nya eta nu kagiatanana…..
Teu neangan kauntungan
Promosi produk
Neangan kauntungan
Niaga
“ Ulah era mun nyarita ku basa sunda “. Ieu ungkara teh mangrupa iklan layanan masyarakat nu eusina,,,,
Atikan
Anjuran
Pangajak
Panyaram
“ Hayu urang ngajaga lingkungan sakola urang “. Ieu ungkara teh mangrupa conto iklan layanan masyarakat nu eusina…..
Parentah
Panyarek
Pangajak
Atikan
Iklan nu biasana ngan ditepikeun ngaliwatan sora hungkul disebut iklan…..
Visual
Audio
Audio visual
Auto
Conto iklan audio biasana ditepikeun ngaliwatan….
Radio
Internet
Televisi
Surat kabar
Salah sahiji conto iklan visual nya eta…..
Iklan dina televise
Iklan dina poster
Iklan dina radio
Iklan dina internet
Pék baca carita Pangalaman Pribadi di handap pikeun ngajawab soal nomor 14-15!
Harita téh kuring jeung babaturan sa – SMP miang ngayakeun karya wisata ka Basisir Pangandaran. Ieu kagiatan téh lianti boga tujuan keur pelesir ogé mangrupa hiji tarékah pikeun ngawanohkeun siswa kana kondisi alam lingkungan anu sabenerna aya patalina jeung pangajaran nu kungsi katarima ku siswa salila diajar di sakola.
Siswa nu milu téh aya kana 300 jelemana. Inditna ngagunakeun 8 beus pariwisata. Babawaan anu dibekel ku kuring kawilang loba, timimiti pakéan keur salin , alat – alat kaperluan mandi, kadaharan jeung inuman keur sakalieun di jalan nepi ka sendal ogé dibawa, pokona mah babawaan téh sakantong pinuh.
14. Carita di luhur téh nyaritakeun lalampahan ka....
A. Basisir Batu Karas
B. Basisir Pangandaran
C. Basisir Gren kenyon
D. Basisir PalabuhanRatu
15. Kira – kira sabaraha urang anu ngilu Karya Wisata ka Basisir Pangandaran téh?
A. 250 urang
B. 300 urang
C. 350 urang
D. 400 urang
Pupujian umumna diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta dina sapadalisanna diwangun ku dalapan engang. Naon ari nu dimaksud padalisan?
A. Suku kecap.
B. Kecap.
C. Baris.
D. Bait.
Pupujian teh lain karya asli sastra Sunda tapi mangrupa karya sastra Sunda pangaruh tina sastra :
Arab
Eropa
Jawa
Melayu
Seni macakeun atawa nembangkeun pupujian disebut :
Nadoman
Kakawihan
Beluk
Saweran
Ieu dihandap nu lain ciri pupujian disebut :
Diwangun ku cangkang jeung eusi
Diwangun ku opat jajar
Unggal padalisan aya dalapan engang
Mibanda sajak tungtung a-a-a-a
Eling-eling dulur kabeh
Ibadah ulah campoleh
Beurang peuting ulah weleh
Bisina kaburu paeh
Tema tina cutatan pupujian di luhur nya eta :
Parentah
Pepeling
Ibadah
Jampe paeh
Nilik kana eusina eta pupujian teh mere amanat ka urang sangkan …
Bener-bener dina babakti ka Allah
Sakur jalma unggal beurang kudu ibadah
Sakur jalma bakal paeh
Mun eling teh keur paeh hungkul
Tatakrama basa teh saestuna mah mangrupa ……..sopan santun dina nyarita.
Conto
Aturan
Gambaran
Ragam
Tatakrama basa teh mibanda maksud pikeun…..
Silih hargaan jeung sasama
Ngahormat ka saluhureun
Ngahargaan ka dunungan
Ngabeda-beda darajat jalma
Nu teu kaasup kana ragam tatakrama basa nya eta ragam……
Luhur
Loma
Cohag
Lemes
Ragam basa anu larapna pikeun sato,atawa situasi husus ( conto keur ambek) disebut……
Ragam cohag/kasar
Ragam lemes keur sorangan
Ragam loma
Ragam lemes keur batur
Sajak teh kaasup kana wangun karangan…..
Lancaran
Ugeran
Rekaan
Pondok
Talatah nu hayong ditepikeun ku pangarang ka nu maca atawa ngadengekeun disebut…
Tema
Suasana
Rasa
Amanat
Nu jadi udagan dina sajak mah rasa,ku sabab kitu kekecapan dina sajak mah loba nu ngandung harti…
Sabenerna
Sajalantrahna
Injeuman
Satarabasna
Jejer atawa inti pikiran anu ngajiwaan carita atawa jadi dadasar carita, sifatna bisa nembrak bisa nyamuni dina jeroeun sajak disebut…
Amanat
Gaya
Purwakanti
Tema
Amanat sajak teh nya eta…..
Inti pikiran nu ngajiwaan karangan
Gambaran rasa nu kagambar jeroeun sajak
Talatah nu haying ditepikeun pangaang ngaliwatan karyana
Saruana sora unggal jajaran
Dongeng nu eusina nyaritakeun asal-usul atawa asal muasal hiji kajadian hiji perkara
( tempat,sasatoan,tutuwuhan jeung sajabana ) disebut…..
Dongeng fable
Dongeng sasakala/legenda
Dongeng parable
Dongeng babad
Pangna dongeng kaasup karya anu anonim teh sabab…..
Kapanggih pangarangna
Teu kapanggih pangarangna
Loba pangarangna
Loba palakuna
Nu ngabedakeun antara dongeng jeung carita pondok teh nya eta dongeng mah…
Eusina loba pamohalanna
Kapanggih pangarangna
Palakuna saeutik
Eusina realita kahirupan
Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongeng disebut…
Amanat
Latar
Tema
Palaku
Amanat teh nya eta hal anu hayang ditepikeun ku……. Dina jero karyana.
Nu maca
Pangarang
Nu ngadengekeun
Penerbit
Nu netelakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dina dongeng disebut …
Tema
Palaku
Amanat
Latar
Palaku nu mibanda sifat hade disebut…
Antagonis
Protagonist
Utama
Tambahan
Runtuyan kajadian – kajadian nu ngaruntuy ngawangun hiji carita dongeng disebut …
Alur
Amanat
Tema
Latar
Dongeng –dongeng ngeunaan si Kabayan kaasup kana dongeng…
Pabel
Legenda
Parable
Sasakala
Dongeng sasakala teh nya eta dongeng nu nyaritakeun…..
Kajadian
Asal-usul
Jalma biasa
Kakuatan gaib
Dongeng mite nya eta dongeng nu nyaritakeun atawa nu aya patalina jeung kapercayaan kana…
Barang pusaka
Alam siluman
Tempat karamat
Sasatoan
