Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ujian Bahasa Sunda

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Leuweng larangan teh nyaeta salah sahiji cara piken nyalametken mahluk hirup. Salian ti leuweung larangan, ngajaga kasalametan mahluk hirup bisa ku cara lain . Anu teu ka asup usaha manusa piken ngajaga sasatoan , tutuwuhan , jeung lingkungan nyaeta ....

a)

Suaka margasatawa

b)

Cagar alam

c)

Kebon binatang

d)

Taman nasional

2.

Cagar alam nyaeta hiji wewengkon suaka alam anu margi  kaayaan alamna ngabogaan ciri has tutuwuhan , sasatoan, jeung ekosistem tangtu anu kudu dijaga sangkan kahirupan anu aya didinya bisa lumangsung secara alamai . Tempat piken ngajaga  kelestarian sasatoan langka disebutna ....

a)

Kebon bintang

b)

Taman safari

c)

Peternakan

d)

Suaka margasatwa

3.

Baca wacana sing taliti!                           

Ngamumulè Lingkungan Hirup

 

        Lingkungan hirup mangrupa tempat dimana urang sarerea ngajalankeun kagiatan. Lingkungan hirup anu nyaman anu tengrem anu beresih Jeung anu rapih nyaeta lingkungan anu hade pisan, Komo bari loba keneh tatangkalan mah genah tiis loba keneh oksigen. Tapi ku jaman Kiwari nu geus leuwih maju loba nu ngarobah lingkungan hirup , mimiti ti plastik nepika sejena.

        Tah ku ayana kitu hayu urang sarerea timimiti ayeuna urang babarengan ngamumule lingkungan hirup, sangkan lingkungan  teh beresih deui siga baheula ku cara miceun runtah kana tempatna, melakan tatangkalan sangkan lingkungan hirup urang nyaman tur bisa ngahasilkeun hawa nu seger, ngagunakaeun barang anu teu ngaruksak lingkungan sarta naek kandaraan umum sangkan teu ngahasilkeun polusi anu leuwih rea.

Latar tempat wacana diluhur ieu nyaeta ….

a)

lingkungan

b)

kandaraan umum

c)

tatangkalan

d)

jaman

4.

Kalimah utama dina paragraf kahiji dina bacaan di luhur tadi  nyaeta ….

a)

Lingkungan hirup anu nyaman anu tengrem anu beresih Jeung anu rapih nyaeta lingkungan anu hade

b)

Tah ku ayana kitu hayu urang sarerea timimiti ayeuna urang babarengan ngamumule lingkungan hirup

c)

Lingkungan hirup nyaeta tempat dimana urang salarea ngajalankeun kagiatan

d)

Kiwari nu geus leuwih maju loba nu ngarobah lingkungan hirup , mimiti ti plastik nepika sejenak

5.

Manusa anu kumelendang di alam dunya teh  di wengku ku rupa-rupa sekeseler . rupa-rupa nu ngageugeueh di unggal wewengkon diantarana urang kudu hirup akur , ngahiji  dina beungkeutan duduluran .

Di handap mangrupa seler padumuk asli jawa Barat , nyaeta ....

a)

Sunda , Jawa

b)

Sunda , Minang

c)

Sunda , Cirebon

d)

Sunda Madura

6.

Di handap aya salah sahiji contoh cara ngamalken Bhineka Tunggal Ika, nyaeta ....

a)

silih ajenan

b)

silih omongken

c)

silih aduken

d)

silih fitnah

7.

Mang Koko Ceuk Alona

Saha nu teu apal ka mang Koko , Seniman kahot anu gede pangaruhna kana hirup-huripna seni seni karawitan di tatar Sunda . jenenganlengkepna the Koko Koswara Indihianag , 10 April 1917-4 Oktober 1985  Komponis ti mimiti lagu-lagu barudak nepi ka lagu Dewasa  jeung umum , kalayan ciri hasn adina jentreng kacapi , waran sora jeung gaya lagu-laguna .

Wacan nu judulna di luhur teh kaasup kana carita ....

a)

Deskripsi  

b)

Narasi

c)

Eksposisi

d)

Argumentasi

8.

Mang Koko teh seniman kahot  anu gede pangaruhna kana hirup-huripna karawitan di  tatar Sunda. Kecap kahot hartina ....

a)

Heubeul , kolot 

b)

Anyar , mimiti

c)

Kakara, anyar

d)

Lila , ayena

9.

Katelah Udjo Ngalagena atawa leuwih dipikawanoh Mang Udjo . Moal birek deui mang Udjo the salah sahiji maestro seni angklung di Jawa Barat . Bakat jeung  kamampuhna beuki mekar mangsa jadi guru kasenian  di sawatara sakola di Bandung.

Pikeun leuwih nambahan pangaweruhna , Mang Udjo  oge guguru langsung ka ahlina.Teknik kacapi jeung lagu–lagu daerah oge mang Udjo geus kasohor . kacinta Mang Udjo  kadunya atikan jeung seni , nu jadi pangrujung pikeun ngadegkeun sanggar Angklung  anu di pikawanoh di jawa Barat.

Ngaran sanggar angklung anu di adegken ku Mang Udjo nyaeta ....

a)

Sakola kautamaan istri

b)

Sanggar cerita

c)

Sanggar Angklung Udjo

d)

Saung Angklung Udjo

10.

Jaman ayena perobahan-perobahan din asagala widang teh antukna ngalantaranken  ayana perobahan lingkungan . Bubutuh lahan kahirupan loba, anu antukna  rea leuweung , kebon , jeung  sawah dibukbak dijieun paimahan atawa jadi  jeung pabrik . Kukituna , mangsa usum hujan , sok tumiba cah pakampungan . Pikeun ngungkulanana aya rupa-rupa tarekah, seperti nyieun biopori .

Lengkah Mancanegara disebut ....

a)

komunikasi

b)

teknisi

c)

globalisasi

d)

privatisasi

11.

Globalisasi muncul raket patalina jeung kamekaran tehnologi. Anu karasa pisan mah dina widang informasi. Pangaruh globalisasi teh, aya alusna jeung aya gorengna.Di handap iyeu mangrupa kalimah anu ngabandingkeun pangaruh goreng jeung pangaruh alus globalisasi anu bener iwal ti kalimah ....

a)

Leuwih loba kanyaho elmu pangaweruh_

Babari asup budaya deungeun nu teu saluyu jeung budaya urang

b)

Leuwih loba babaturan_

Leuwih loba pangalaman

c)

Leuwih loba luang pagawean_

Budaya urang bakal kasilihkeun

d)

Leuwih luas hubungan jueng nagar sejen_

Ngamudahkeun asupna hal negatif kanu prilaku sapapoe

12.

Widang di handap anu teu kapangaruhan ku ayana globalisasi , nyaeta ....

a)

kebudayaan

b)

agama

c)

teknologi

d)

pendidik

13.

Ku ayana globalisasi , ngalantaranken pangwangunan oge lumangsung kalayan gancang. Upama na jlug-jlegna gedong-gedong tingkat ,apartemen , supermarket , pabrik, perumahan loba leuweung dibukbak,  anu ngabalukarken banjir. Salah sahiji cara piken ngungkulannana walikota Bandung ngayakeun Program gerakan  sejuta  Biopori.

Pikeun nyumangetan masarakat dina gerakan Sajuta Biopori sa- Kota Bandung , pamarentah Kota Bandung , rek ngaleler rupa- rupa ....

a)

alat- alat

b)

hadiah

c)

aturan

d)

dengda

14.

Gerakan Sajuta Biopori anu digagas ku wali Kota Bandung , mengrupa gerakan pikeun miara kalestarian ....

a)

cai

b)

tutuwuhan

c)

sasatoan

d)

kasenian

15.

Pacabakan manusa sapopoe teh rupa-rupa , aya nu milih jadi pagawe, aya oge milih pacabakan wirausaha, TNI,  Guru ,dagang , jasa . Anu dimaksud wirausaha nyaeta ....

a)

Usaha Koperasi   

b)

Ngamekarken  kaahlian dina usaha hiji produk

c)

Usaha dagang

d)

Usaha industri imahan

16.

Usaha  jaitan pakean kaasup kana wirausaha widang ....

a)

Atikan 

b)

jasa

c)

distribusi

d)

konsumsi

17.

Usaha pangiriman paket kaasup kana wirausaha widang ....

a)

Atikan

b)

Jasa

c)

Distribusi

d)

Konsumsi

18.

Wayah kieu Wandi masih keneh ulin di buruan jeung babaturanana. Padahal geus burit. Kagiatan wirausaha bisa ngurangan pangangguran ku cara ....

a)

Babagi duit 

b)

Babagi daharen

c)

Muka lahan pagawean

d)

Babagi pakean

19.

Di handap anu lain kagiatan wirausaha nyaeta ....

a)

Usaha rumah makan 

b)

Usaha jait pakean

c)

Usaha reparasi alat elektronik

d)

Usaha koperasi

20.

Hadirin  anu kusimkuring dipihormat, kalintang betahna janten urang sunda teh. Atuh teu aya lepatna lamun urang sadayana ngakjaga kabersihan kalayan daria, kucara micen runtah  kanu tempatana . Kukituna hayu urang sing langkung giatna dina ngajaga kabersihan .

Bagian pamuka biantara  dina bagian pidato di luhur nyaeta ....

a)

Kucara micen runtah kanu tempatna

b)

Hadirin anu kasuhun kusimkuring dipihormat

c)

Kukituna hayu urang sing langkung giatna dina ngajaga kabersihan

d)

Atuh teuaya lepatna lamun urang miceun runtah  kana tempatna

21.

Biantara teh nyaeta kaasup kan carita kaparigelan nyarita, nu samemeh biantara teh, kudu  natarkaen heula naskahna biantara. Lamun diwincik bagian biantara teh nyaeta, kecuali ….

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Pamungkas

d)

Salam

22.

Program pendidikan lingkungan hidup anu kanggo pangajen pikeun sakola pangberesihna  ti pamarentah nyaeta ....

a)

Biopori

b)

Adipura

c)

Adiwiyata

d)

Kalpataru

23.

Pangajen pikeun individu atawa kelompok masarakat anu gede jasana dina miara lingkungan hirup di Indonesia  nyaeta ....

a)

Kalpataru

b)

Adipura

c)

Adiwiyata

d)

Kalpataru

24.

Hayu urang babarengan ngaronjatken usaha piken ngajaga keberihan lingkungan , hususna kota Bandung nayeta nu di sebut Kota Kembang.

Salian ti kota Kembang , Kota Bandung kasohor ku sesebutan ....

a)

Kota dagang

b)

Kota makmur

c)

Kota Industri

d)

Kota FarisVan java

25.

Pangajenan piken kota atawa kabupaten di Indonesia  anu sukses kabersihan  jeung ngokolakeun lingkung, nyaeta ....

a)

Biopori

b)

Adipura

c)

Adiwiyata

d)

Kalpataru

26.

Baca pedaran di handap!

Bawang bodas, hasiatna téh bisa ngalancarkeun saluran getih jeung antibiotik anu hadé. Bawang bodas bisa dipaké ngubaran panas, batuk, bronhitis, jeung kasakit tikoro.

Dumasar kana pedaran di luhur bawang bodas téh bisa dipaké ngubaran ....

a)

diaré                                                      

b)

batuk

c)

jantung

d)

diabetes

27.

Baca sajak di handap!

Ngajegir di pasir leutik

Candi asri tur antik

Candi éstu camperenik

Mungguh hibar ku dangiang

Nelahna candi Cangkuang

Candi warisan luluhur

Ku urang kudu dijaga

Sangkan tetep lastari

Teu ilang ti muka bumi

Candi Cangkuang, candi urang saréréa

Sajak di luhur diwangun ku...padalisan.

a)

8

b)

9

c)

10

d)

11

28.

Baca sajak di handap!

Kota Bandung anu asri

Tempat kalahiran abdi

Kota pendidikan jeung budaya

Abdi resep jadi urang Bandung

Bandung kota nu seungit lir kembang

Hayu urang wangun babarengan

Ngarah jadi kota nu bersih tur éndah.

Dumasar kana sajak di luhur Kota Bandung téh jadi kota ....

a)

pendidikan jeung budaya                          

b)

batik jeung perak      

c)

olahraga jeung budaya

d)

budaya jeung tarian

29.

Baca sajak di handap!

Éndah alam padésaan

Éstu lain pupulasan

Diriung ku gunung-gunung

Dikuriling pasir-pasir

Kidul, kulon, kalér, wétan

Plung-plong, matak waas téténjoan

Kecap nu ngandung harti konotatif (lain sabenerna) nyaéta . . . .

a)

pupulasan                     

b)

gunung

c)

pasir

d)

wétan

30.

Baca sajak di handap!

Éndah alam padésaan

Éstu lain pupulasan

Diriung ku gunung-gunung

Dikuriling pasir-pasir

Kidul, kulon, kalér, wétan

Plung-plong, matak waas téténjoan

       Kasimpulan tina sajak di luhur nyaéta ....

a)

Kaéndahan alam gunung 

b)

Kaéndahan alam pasir padésaan

c)

Kaéndahan alam pakotaan

d)

Kaéndahan alam

31.

Nyi Endit kawéntar ku korétna.

Kecap koret téh sarua hartina jeung ....

a)

loba                                       

b)

pedit 

c)

bageur

d)

soméah

32.

Imah Nyi Endit téh meuni alus, béda ti batur.

Alus sabalikna ....

a)

saé                              

b)

asri 

c)

butut

d)

merenah

33.

Baca dongéng di handap                                  

GUNUNG TANGKUBAN PARAHU

       Ieu gunung ayana di Propinsi Jawa Barat. Parenahna dikalereun Kota Bandung. Jangkungna kira-kira 2084 meter. 

Asal usul gunung Tangkuban Parahu dipalikeun kana carita "Sangkuriang", nu nyaritakeun anak bogoh ka indungna, Dayang Sumbi. Sangkuring teu bisa nedunan paménta indungna, nyaéta nyieun talaga jeung parahu dina waktu sapeuting, atuh kacida ambekna.

Parahu ditajong tepi ka nangkubna. Eta parahu robah jadi gunung nu ayeuna disebut Gunung Tangkuban Parahu.

Dongéng di luhur kaasup kana ....

a)

fabel

b)

mitos  

c)

parabel

d)

sasakala

34.

Téma téh nyaéta ....

a)

pangarang carita

b)

amanat carita       

c)

galur carita

d)

jejer carita

35.

Carita pondok biasa disebut ....

a)

cérpén

b)

carpon 

c)

sajak

d)

pupuh

36.

            Jalma-jalma anu dilalakonkeun dina carita anu boga watek nu tangtu, disebut ....

a)

pangarang

b)

panerbit 

c)

panulis

d)

palaku

37.

       Jajang téh..., jangkungna ngan 130 sentimeter.

Kecap nu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ....

a)

pangpendekna

b)

pangjangkungna

c)

pangdeketna

d)

pangjauhna

38.

Di perpustakaan mah buku...téh meuni lengkep.

Kecap nu merenah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ....

a)

maca

b)

dibaca 

c)

bacaan

d)

babacaan

39.

Mun urang boga barang, kudu diriksa ngarah awét.

Kecap diriksa hartina ....

a)

dibaturan  

b)

dijaga 

c)

diruksak

d)

diganggu

40.

Ieu gunung ayana di Propinsi Jawa Barat. Parenahna dikalereun Kota Bandung. Jangkungna kira-kira 2084 meter. 

Asal usul gunung Tangkuban Parahu dipalikeun kana carita "Sangkuriang", nu nyaritakeun anak bogoh ka indungna, Dayang Sumbi. Sangkuring teu bisa nedunan paménta indungna, nyaéta nyieun talaga jeung parahu dina waktu sapeuting, atuh kacida ambekna.

Parahu ditajong tepi ka nangkubna. Eta parahu robah jadi gunung nu ayeuna disebut Gunung Tangkuban Parahu.

Amanat tina dongéng di luhur nyaéta . . . .

a)

hirup kudu sabar

b)

hirup kudu pinter

c)

gunung ulah ditajong

d)

gunung ulah nangkub