Font size
WorksheetsASAJ Basa Sunda 2024
Total questions: 30
Worksheet time: 30mins
Kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara (narasumber), nu tujuanna keur ngumpulkeun informasi disebutna….
a. paguneman
b. wawancara
c. talkshow
d. ngawangkong
Bi Iha sok ngagaleuh barang dagangan na teh ka … induk, sabab pangaos na teu awis teuing tiasa kanggo diical deui kanggo di warung-warung.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta…
(a)
Punten, dupi jenengan Bapa teh saha?
Ti iraha Bapa janten pangusaha sapatu?
Dupi padamel Bapa didieu, sadayana aya sabaraha urang?
Sok diical ka mana wae produksi sapatu na, Pak?
Kalimah di luhur mangrupakeun kalimah nu sok aya dina wawancara, kecap pananya naon wae nu aya dina kalimah di luhur?
a. saha, timana, sakumaha
b. dimana, kamana, iraha
c. sakumaha, iraha, dimana, timana
d. saha, iraha, sabaraha, ka mana
Kecap pananya anu cocog pikeun ngalengkepan ieu kalimah nyaeta…
“…. Atuh nanyakeunnana?”
a. kasaha
b. dimana
c. kamana
d. timana
Perhatikeun paguneman di handap ieu!
Sekar : teh, nepangkeun abdi Sekar, ieu Gisel, sareng nu ieu Naela.
Tukang seblak : Aya naon Neng, meni serieus kieu?
Gisel : ah, hoyong ngobrol we sareng Teteh.
Naela : muhun teh, Abdi tiluan aya pancen ti sakola, kedah wawancara.
Dumasar kana paguneman diluhur profesi nu ditekunan ku narasumber nyaeta….
a. padagang
b. guru
c. dokter
d. wiraswasta
Ari kalimah pananya teh nyaeta kalimah anu eusiana nanyakeun hiji perkara ka batur. Eusina miharep tanggapan nu mangrupa jawaban, biasana sok ditungtungan ku tanda pananya jeung make kecap pananya.
Bener
Salah
Perhatoskeun ungkara ieu!
“kantos, diekspor henteu beas ieu teh, Pak?”
Kecap diekspor kaasup kana istilah perdagangan, anu hartina….
a. dijual ka jero negeri
b. dijual ka babaturan
c. dijual ka luar negeri
d. dijual ka pasar
Barang anu didatangkeun ti luar negeri pikeun di jual di jero negeri, istilahna nyaeta…
a. impor
b. ekspor
c. distributor
d. kontraktor
kecap bantu bilangan anu merenah keur sebutan jang peuteuy, nyaeta…
a. sahoya
b. sakangkot
c. sapapan
d. sapereket
Pek ku hidep pasangkeun hartina paribasa di handap ieu!
Kawas ucing jeung Anjing
Teu daek akur
Ngaliarkeun taleus ateul
Nyebarkeun kagorengan
Elmu tungtut dunya siar
Hirup kudu neangan elmu pikeun kasalamet
Modal dagangna gede, ari nu dijual jeung batina saeutik. Eta kalimah teh mangrupa hartina tina paribasa…
a. dagang peda ka Cirebon
b. dagang oncom rancatan emas
c. mata dijual ka peda
d. bibilintik ti leuleuti, babanda ti bubudak
Paribasa hade tata, hade basa ngandung harti jalma anu rea pangalamanana
Kalimah diluhur mangrupakeun kalimah nu…
Bener
Salah
Nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma rea disebut…
a. ceramah
b. kuliah
c. biantara
d. nyarita
Assalamualaikum wr.wb
Sampurasun!
Ungkara di diluhur, dina biantara kaasup kana…
a. salam pamuka
b. salam panghormat
c. salam panutup
d. salam pangwilujeung
Ungkara “ sakitu nu tiasa kapihatur. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa anu pasalia, neda tawakupna” kaasup kana…
a. bagian bubukan biantara
b. salam panutup biantara
c. bagian panutup biantara
d. bagian eusi biantara
Ungkara “ puji sinareng syukur urang panjatkeun kahadirat Allah SWT nu tos maparinan urang kasehatan.”
Ungkara diluhur mangrupa bagian tina…
a. salam pamuka biantara
b. bubuka biantara
c. eusi biantara
d. pamungkas biantara
Ungkara “ hadirin sadaya na, Naon ari sehat teh? Sehat teh dina Basa Sunda mah disebutna cageur, nyaeta kondisi panghadena tina awak, mental jeung sosial nepi ka urang bisa lumaku atawa baranggawe”
Kalimah diluhur mangrupikeun bagian…. Biantara.
a. eusi
b. bubuka
c. panutup
d. pamungkas
Bagian bubuka biantara teh nyaeta bagian anu eusina ngawengku salam pamuka jeung panganteur kana eusi biantara.
Benar
Salah
Bagian panutup biantara nyaeta bagian anu jadi inti tina biantara. Alinea na dua nepi ka dalapan.
Bener
Salah
Isuk – isuk kira wanci tabuh salapan bisa… sabab alus keur kasehatan.
a. moyan
b. nyeuseuhan
c. popoe
d. leuleumpangan
Di handap ieu hal – hal anu teu ngabalukarkeun kana lingkungan kurang beresih, nyaeta…
a. haseup kendaraan
b. limbah pabrik
c. haseup roko
d. cai walungan
Rasa getek, tenyem atawa nyeri dina kulit nepi ka hayang ngagaro lantaran kaantelan jaram tina sasatoan atawa merang hileud.
Istilah kasehatan dihandap ieu nu luyu jeung kalimah nyaeta ….
a. balideg
b. barusuh
c. ateul
d. jangar
Bi Nyai teh keur gering, aya kasakit dina baham na, asalna oge carenang tuluy borok dina baham na the lantaran ku panas beuteung.
Ngaran panyakit nu keur di rasa ku Bi Nyai nyaeta…
(a)
Mindeng gering, ririwit atawa tiktikbrek disebutna…
a. ngararey
b. gudawang
c. hareeng
d. geringan
Kecap kaayaan atawa kecap sipat anu nuduhkeun rasa, nyaeta…
a. koneng, alus, amis
b. amis, pait, pangset
c. panjang, pondok, jangkung, pendek
d. caang, poek ceudeum
Di handap ieu ngaran warna anu asalna ti tutuwuhan, iwal…
a. bungur
b. hejo
c. koneng
d. coklat
Di handap ieu anu teu kaasup kana kalimah kaayaan, nyaeta…
a. acuk Regina mah koneng
b. calana Rifal landung teuing
c. baju anyar mah kudu diseuseuh heula
d. Isak Mah budak wanter
Cai teh mani herang ngagenclang.
Kalimah diluhur luyu sesuai kecap kaayaan.
Bener
Salah
Buah gincu mah rasana oge…
Kecap nu luyu kanggo ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta…
a. pait molelel
b. ipis nyempring
c. hideung lestreng
d. amis kareueut
Pek ku hidep pasangkeun wangun kecap kaayaan jeung kecap katerangan sipatna!
Tiis
Camewek
Hideung
Cakeutreuk
Bodas
Nyacas
