NEW
Font size
WorksheetsSAJ BAHASA SUNDA 2023
Total questions: 50
Worksheet time: 50mins
Isah : “Rat, PR Basa Sunda téh tos réngsé teu acan ?”
Ratih : “PR nu mana téa nya ?”
Isah : “Eta geuning ngadamel sisindiran !”
Ratih : “Oh, éta. Nu mawi abdi mah teu acan. Dupi Isah, PR-na tos bérés kitu ?”
Isah : “Parantos, kaleresan dirorompok aya Aa, pinter ngadamel sisindiran .”
Ratih : “Euleuh resep atuh nya ari aya nu ngabantosan mah! Abdi mah teu aya pisan nu tiasa diajak badanten. Janten sakalieun aya PR nu sesah téh sok binggung.”
Isah : “Ah, tong bingung-bingung atuh. Sumping ka rorompok pan caket. Urang sasarengan diajar. Pun lanceuk sareng pun Biang mah pasti bingaheun geura.”
Ratih : “Insya Alloh ka payun mah.”
Naon sababna Ratih ngarasa bingung?
Sabab teu boga lanceuk
Sabab PR-na can anggeus
Sabab taya nu bisa diajak badami
Sabab geus bisa ngarengsekeun PR
Kaulinan barudak nu carana salasa hiji jadi nu ucing (ngajaga) nu lainna nyumput,dugi nu ucingna ngapendakeun eta anu keur nyarumput disebut kaulinan . . . .
ucing sumput
gatrik
galah
congklak
Tema iklan di luhur nyaeta . . . .
roko kudu di pareuman
rokok maehan maneh
ngaroka sing
roko bahaya kana kasehatan
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....
Opat padalisan
Dua padalisan
Tilu padalisan
Sapadalisan
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
Eusi pupujian diluhur nerangkeun ngenaan.....
Jalma nu keur sakarat
Jalma nu tara solat karasana keur sakarat
Jalma nu keur nandangan kanyeri
Jalma nu nandangan siksa
Naon nu bakal kaalaman lamun urang tara ngalakukeun ibadah, tara solat?
Hirupna bakal senang
Ngarasa senang waktu sakarat
Moal aya nu maturan
Ngarasa nyeri pisan waktu sakarat
Hirup jeung sumebarna pupujian teh di....
Sakola umum
Madrasah
Lingkungan pasantren
Kantor-kantor
Pupujian nu kaasup sholawat eusina netelakeun ngenaan ....
Riwayat Nabi Muhammad
Sejarah para Nabi
Sejarah sahabat
Kaagungan Alloh
Dumasar kana asal kecapna, nu disebut pupujian nyaeta....
Pupujieun
Pujian
Pupujian
Puji
Barudak keur newak kukupu nu eunteup dina kekembangan. Mana nu kaasup kecap rajekan?
Kukupu
Kekembangan
Barudak
Ngala
Dina elmu bahasa kecap/kalimah nu miboga harti sabenerna disebut harti....
Aktif
Konotatif
Denotatif
Rekreatif
Piwuruk guru teh bakal nyaangan rasa. Kalimah di luhur ngandung harti....
denotatif
konotatif
rekreatif
aktif
Kecap sugih hartina.....
Beunghar
Malarat
Usum hujan
Usum halodo
Kamari Bapa Polisi newak jalma nu panjang leungeun. Kecap panjang leungeun dina kalimah diluhur maksudna....
Sok cukat-cokot barang batur
Budak anu tara daek dititah
Jalma babari ceurik
Anu sok resep pundah-pindah
Mana kalimah bilangan di handap ieu nu nuduhkeun jumlah?
Dian budak kalima
Neng Tian rengking kahiji di kelasna
Ervan juara kahiji tina pasanggiri sajak tingkat kabupaten
Murid kelas tujuh kabehna tilu puluh tujuh urang
Ciri kalimah langsung dina basa tulisan nyaeta....
Diapit ku tanda kekenteng
Diucapkeun langsung ku panyaturna
Diselapan ku kecap panyambung yen
Make koma jeung tanda tanya
Mana kalimah langsung anu bener?
Saha anu teu sakola?
Iwan nanyakeun gunana memeniran teh.
“Keur naon gunana memeniran teh?” Iwan nanya.
Iraha rek indit ka Jakarta teh?
“Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit”, ceuk Imas ka Somad.
Kalimah di luhur lamun dirobah jadi kalimah teu langsung unina......
Imas nyarita ka Somad yen manehna moal milu piknik sabab teu boga duit.
Ceuk Imas ka Somad, kuring moal milu piknik sabab teu boga duit.
Imas nyarita ka Somad yen manehna moal milu piknik sabab teu boga duit.
Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit ceuk Imas ka Somad.
Kania nyarita ka Nunung yen isukan manehna moal sakola sabab rek ka jakarta.
Lamun dirobah jadi kalimah langsung, unina.....
“Kuring mah isukan moal sakola sabab rek ka Jakarta,” ceuk Nunung.
“Kuring mah isukan moal sakola sabab rek ka Jakarta,” ceuk Kania
Kania nyarita, kuring mah isukan moal sakola sabab rek ka Jakarta.
Nunung ngomongkeun Kania yen manehna isukan moal sakola sabab rek ka Jakarta.
Tacan ogé bérés masalah kalebuhna kapal verri jeung maotna artis sinétron “Alda”, Senén, 1 Januari 2007 kapal Adam Air anu lepas landas ti pangkalan udara Surabaya rék ngajugjug ka Manado leungit ilang tanpa laratan. Nepi ka poé Ahad 6 Januari 2007 Tim SAR, Angkatan Darat, Angkatan Laut, Angkatan Udara, pararélawan jeung Masarakat can bisa manggihkeun laratan di mana ragragna éta kapal. Kulawarga paraawak kapal jeung kulawarga parapanumpang kacida sungkawa sarta ngadesek ka pamaréntah sangkan terus maluruh nepi ka kapanggihna.
Warta di luhur ka asup kana jenis warta….
feature
spot news
spontan
dadakan
Tacan ogé bérés masalah kalebuhna kapal verri jeung maotna artis sinétron “Alda”, Senén, 1 Januari 2007 kapal Adam Air anu lepas landas ti pangkalan udara Surabaya rék ngajugjug ka Manado leungit ilang tanpa laratan. Nepi ka poé Ahad 6 Januari 2007 Tim SAR, Angkatan Darat, Angkatan Laut, Angkatan Udara, pararélawan jeung Masarakat can bisa manggihkeun laratan di mana ragragna éta kapal. Kulawarga paraawak kapal jeung kulawarga parapanumpang kacida sungkawa sarta ngadesek ka pamaréntah sangkan terus maluruh nepi ka kapanggihna.
Ceuk warta di luhur kapal naon anu leungit ilang tanpa laratan teh?
Susi Air
Garuda
Merpati
Adam Air
Kalimah sampurna nyaeta....
Kalimah anu teu merlukeun obyek
Kalimah anu diwangun ku sakurang-kurangna jejer jeung caritaan.
Kalimah anu diwangun ku unsur utamana nyaeta katerangan
Kalimah anu diwangun ku jejer jeung caritaan wungkul
Kalimah di handap ieu diwangun ku jejer, caritaan jeung obyek ....
Barudak mah tos arulin di walungan Cimanuk
Mimin keur ngumbah piring di pancuran
Anak hayam teh keur macokan beunyeur
Pasar Cigasong teh rek dipindahkeun taun 2017
Mana kalimah anu diwangun ku jejer, caritaan jeung katerangan?
Kamarimah hujan meuni gede
Bapa nuju maos koran di teras
Tukang sayur mah sok balanja rebun-rebun keneh
Otong nutupkeun panto mani dijablogkeun
Siswa : “Assalamu’alaikum !”
Guru : “Wa’alaikum salam warohmatullohi wabarokatuh. Badé ka saha, Erma ?
Siswa : “Hapunten ngaganggu, Pa ! Dupi Ibu Iis parantos sumping ?”
Guru : “Bu Iis téh can sumping. Aya naon kitu ?”
Siswa : “Parantos waktosna jam pelajaran Matematika, Pa!”
Guru : “Antosan waé heula atuh, sakedap deui ogé sumping!”
Siswa : “Permios atuh Pa, badé ngantos di kelas waé!”
Guru : “Mangga atuh, kadé ulah raribut. Baca baé heula bukuna!”
Siswa : “Sumuhun ! Assalamu’alaikum !”
Guru : “Wa’alaikum salam warohmatullah wabarokatuh
Poko pikiran dina paguneman antara siswa jeung guru di luhur nyaeta…
Paguneman siswa jeung guru
Siswa neangan guru
guru mapatahan siswa
Siswa neang guru sabab geus waktuna ngajar
Siswa : “Assalamu’alaikum !”
Guru : “Wa’alaikum salam warohmatullohi wabarokatuh. Badé ka saha, Erma ?
Siswa : “Hapunten ngaganggu, Pa ! Dupi Ibu Iis parantos sumping ?”
Guru : “Bu Iis téh can sumping. Aya naon kitu ?”
Siswa : “Parantos waktosna jam pelajaran Matematika, Pa!”
Guru : “Antosan waé heula atuh, sakedap deui ogé sumping!”
Siswa : “Permios atuh Pa, badé ngantos di kelas waé!”
Guru : “Mangga atuh, kadé ulah raribut. Baca baé heula bukuna!”
Siswa : “Sumuhun ! Assalamu’alaikum !”
Guru : “Wa’alaikum salam warohmatullah wabarokatuh
Kumaha sikep siswa anu ka gambar dina eta paguneman di luhur?
cologog
sopan
wanian
berangan
Sikep guru nu kagambar dina paguneman di luhur nyaeta…
ngahargaan ka siswa
hare-hare
masabodo ka siswa
kasar
Dongeng anu para palakuna sasatoan disebut dongeng…..
sasakali
pamuk
fabel
farabel
“Si Budi jeung Si Adit hareureuy, teu bisa akur wae kawas ucing jeung anjing.”
Kecap pangantet kawas dina kalimah di luhur hartina nuduhkeun….
alat
babandingan
tujuan
pangwates
Kecap pangantet anu hartina nuduhkeun asal aya dina kalimah….
Ceu Edoh keur ngeureutan bawang ku peso.
Budi, cing pangnyandakeun pulpen dina lomari.
Adit keur ngieun suling tina awi.
Pa Agus nuju ngalatih volley di lapang.
Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun lamun urang rek ngayakeun wawancara, iwal ti…..
Nangtukeun heula hal anu kudu ditanyakeun
Nangtukeun tempat pikeun wawancara
Saha anu rek diwawancara
Nangtukeun waktu wawancara
Mana kalimah di handap ieu anu make gaya basa rarahulan?
“Manuk the ngapung ka luhur.”
“Naha rieut sirah mani ngubeng kieu.”
“Aduh mani mules beuteung kieu.”
“Harga sembako ayeuna asa beuki nyekek wae.”
Gaya basa naon anu hartina sok kaleuleuwihi?
gaya basa ocon
gaya basa rarahulan
gaya basa kadalon
gaya basa ngasor
Mana nu kaasup kana kalimah bilangan jumlah panahap?
Kamari mang Surya ngala kalapa samanggar
Siswa anu ajen macana cukup aya dua puluh dalapan urang
Kuringmah lain anak cikal tapi katilu
Kuring ngala cau saturuy
Siswa : “Wilujeng enjing, pa!”
Guru Silat : “...............................................................”
Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta....
Wilujeng enjing
Bade naon jang?
Wilujeng siang
Bade ka saha cep?
Rek iraha indit ka Bandung teh?
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah....
Panyambung
Panyeluk
Wawaran
Pananya
Mayunan taun ajaran 2018/2019 seueur pisan perkawis nu kedah dibadantenkeun ku sadaya pangurus OSIS, utamina patali sareng tatahar kanggo ngalaksanakeun Masa Oriantasi Siswa (MOS). Gempungan bade dilaksanakeun :
Dinten : Jumaah
Kaping : 8 Juli 2018
Waktos : tabuh 08.00 dugika rengse
Tempat : Rohangan OSIS SMP Islam Darussalam
Ku kituna simkuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan eta gempungan.
Tulisan di luhur ka asup kana ……
Bubuka surat resmi
Panutup surat resmi
Eusi surat resmi
Kop surat resmi
Bi kumaha damang? Mudah-mudahan Bibi salawasna aya dina kaayaan sehat.
Ungkara dina sempalan surat pribadi di luhur teh kaasup kana bagean…
Salam bubuka
Bubuka surat
Eusi surat
Salam Panutup
Bagean surat nu nuduhkeun tempat, tanggal, bulan, jeung taun ditulisna surat nyaeta…..
Bubuka
Titimangsa
Eusi
Panutup
Karya sastra winangun prosa reakaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompleks), biasana tokohna loba, alurna panjang, latarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe, disebut….
Dongen
Novel
Pantun
Carpen
Kecap reporter ngandung harti…….
wartawan
biantara
panumbu catur
panata acara
(1)Nabi urang sadayana.
(2)Arab Qurés nya bangsana.
(3)Kangjeng Nabi anu mulya.
(4)Muhammad jenenganana.
Runtuyan nu merenah tina pupujian di luhur nyéta…..
(1), (2), (3), (4)
(1), (3), (2), (4)
(1), (4), (3), (2)
(1), (3), (4), (2)
Kecap asal tina kecap dibejakeun nyaéta…..
dibeja
bejakeun
beja
dibejakeun
Kalimah di handap ieu diwangun ku jejer, caritaan jeung obyek.
Barudak mah tos arulin di walungan Cimanuk
Pasar Cigasong teh rek dipindahkeun taun 2022
Mimin keur ngumbah piring di pancuran
Anak hayam teh keur macokan beunyeur
Mana kalimah anu diwangun ku jejer, caritaan jeung katerangan?
Kamarimah hujan meuni gede
Tukang sayur mah sok balanja rebun-rebun keneh
Bapa nuju maos koran di teras
Otong nutupkeun panto mani dijablogkeun
Kecap-kecap ieu di handap kaasup kana kecap pagawean, iwal….
maca
nulis
bageur
kapacul
Ngampar lawon keur netepan
Mugia getol ibadah
Wangsalna ....
sapedah
jubah
sajadah
wadah
Carita sangkuriang mangrupa asal muasal ....
Gunung Tangkuban Parahu
Bukit Tunggal
Sanghyang Tikoro
Wewengkon Sunda
Gunung salak
Carita anu ngandung unsur pamohalan disebut ....
Novѐl
Carpon
Dongѐng
Biografi
Fiksimini
Carita Nyi roro kidul kaasup kana dongѐng ....
Lѐgѐnda
Fabel
Mite
Sagѐ
Babad
