NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsQUIZ BAHASA SUNDA
Total questions: 50
Worksheet time: 25mins
Name
Class
Date
1.
Dina wangunna Paribasa teh mangrupa...
a)
A. Kalimah
b)
B. Kecap Kantétan
c)
C. Harti Injeuman
d)
D. Babandingan
2.
"Kadé, ulah nepi ka jati kasilih ku...."
a)
A. Kai
b)
B. Junti
c)
C. Peti
d)
D. Jeungjing
3.
Jalma anu kandel kulit beungeut téh nyaéta jalma anu ....
a)
A. Kuat beungeutna
b)
B. Gedé kawani
c)
C. éraan
d)
D. Teu boga kaéra
4.
Aya paribasa "Ayakan mah moal meunang...."
a)
A. Kancra
b)
B. Lélé
c)
C. Guramé
d)
D. Lauk Emas
5.
Babasan kokolot begog dilarapkeun ka ....
a)
A. Kolot anu taya kanyaho kawas budak
b)
B. Budak ngomongna nyanyahoan kawas kolot
c)
C. Kolot anu katémbongna kawas budak
d)
D. Budak anu katémbongna saperti kolot
6.
Ceuk kolot mah lamun budak sok paséa jeung dulur téh matak....
a)
A. Pajauh imah
b)
C. Pajauh huma
c)
D. Pajauh jeung dulur
7.
Jelema anu soméah tur hadé parangina sok disebut....
a)
A. Alus Budi
b)
B. Budi Parangi
c)
C. Ngabudi Ucing
d)
D. Amis Budi
8.
Bahasan téh tulisan anu ngabahas masalah....
a)
A. Politik
b)
B. ékonomi
c)
C. Kabudayaan
d)
D. Pakeman Basa
9.
Anu disebut opini téh nyaéta...
a)
A. Hasil Survéy
b)
B. Kamandang Pribadi
c)
C. Hasil Panalungtikan
d)
D. Hasil Panalingaan
10.
Idiom dina basa sunda mah disebutna....
a)
A. Paribasa
b)
B. Babasan
c)
C. Pakeman Basa
d)
D. Caturangga
11.
Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeung pasipatan jelema disebut....
a)
A. Babasan Paribasa
b)
B. Rakitan Lantip
c)
C. Kecap barang
d)
D. Cacandran
12.
Caturangga téh pakeman basa anu eusina ngeunaan hadé goréngna watek....
a)
A. Jelema
b)
B. Ucing
c)
C. Manuk
d)
D. Kuda
13.
Ieu dihandap mangrupa conto paribasa, nyaéta....
a)
A. Batok bulu eusi madu
b)
B. Gedé hulu
c)
C. Leuleus awak
d)
D. Hampang birit
14.
Dihandap conto kalimah anu ngandung gaya basa mijalma nyaéta....
a)
A. Gunung diharudung halimun isuk
b)
B. Ah, abdi mah ukur gaduh kebon satapak peucang
c)
C. Pun aki téh tos kirang dangu
d)
D. Persib maung Bandung kamari jadi juara piala Presiden
15.
Lamun hayang paham élmu wangunan kudu ngulik élmu....
a)
A. Undagi
b)
B. Tehnik
c)
C. Undahi
d)
D. Tekstur
16.
Randi mah teu milu ulangan semester hiji .... manéhna gering
a)
A. Sanggeus
b)
B. Nyaéta
c)
C. Nepika
d)
D. Lantaran
17.
Heug kuring rék milu .... diijinan ku kolot kuring
a)
A. Lamun
b)
B. Sangkan
c)
C. Yén
d)
D. Nu matak
18.
Kecap panyambung satata nu fungsina nunjukeun hubungan pilihan nyaéta....
a)
A. Maman jeung Udin arindit ka Bandung
b)
B. Nu di injeum téh patlot atawa pamupus?
c)
C. Umar mah soméah tapi adina haseum budi
d)
D. Manéhna meuli sapu kaos kaki, calana sarta topi sakola
19.
Conto kecap panyambung nu hartina nuduhkeun waktu nyaéta....
a)
A. Udin nu nyaho aya bangsat asup imah pa RT téh, nu matak manéhna jadi saksi
b)
B. Tambahan deui uyahna angeun téh supaya teu tiis teuing ceuk indungna
c)
C. Telepon wé atuh, sangkan buburu datang!
d)
D. Yani pingsan sabada dibéré nyaho bapana maot
20.
.... Ujang .... Asep nu rék milu ka Bogor téh
a)
A. Boh, boh
b)
B. Boro-boro, ogé
c)
C. Teuing, teuing
d)
D. Boa, rék
21.
Tehnik Biantara anu pangalusna nyaéta .....
a)
A. Dibaca
b)
B. Ditalar
c)
C. Nyatet bagian penting tina biantara
d)
D. Ngadadak
22.
Puji sinareng sukur sumangga urang sanggakeun ka Allah SWT. Sholawat sarta salam mugia salamina teras ngagolontor ngocor ka Jungjunan urang sadayana nyatana Nabi Muhammad SAW.
Ungkara di luhur mangrupa conto ....
a)
A. Bubuka Biantara
b)
B. Kacindekan Biantara
c)
C. Eusi Biantara
d)
D. Panutup
23.
Eusi biantara dina acara paturay tineung kelas XII nyaéta, iwal ....
a)
A. Ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
b)
B. Ngadu'akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
c)
C. Nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah
d)
D. Ngahaturkeun nuhun ka para bapak jeung ibu guru ménta bekel keur neruskeun sakola kanu leuwih luhur
24.
Tingali ucapan di handap ieu!
1) Ngucapkeun salam
2) Nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) Ngucapkeun sukur ka Allah
4) Medar tema nu rék ditepikeun
5) Ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
Sawataea hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaéta....
a)
A. 1-2-3
b)
B. 2-3-4
c)
C. 1-3-5
d)
D. 3-4-5
25.
Sim kuring ngawilujengkeun ka sakumna para wargi, mudah mudahan kagiatan ieu aya mangpaatna, sangkan basa sunda tetep nanjeur
Biantara di luhur kaasup kana .....
a)
A. Salam Bubuka
b)
B. Bubuka
c)
C. Eusi
d)
D. Panutup
26.
"Mani asa mobok manggih gorowong, teu hayang milu ari pék aya nu ngajak"
Paribasa diluhur ngandung harti ....
a)
A. Boga kahayang tapi teu kahontal
b)
B. Boga maksud tapi teu panggih pijalaneunnana
c)
C. Jalma nu teu boga kahayang
d)
D. Boga maksud teras panggih pijalaneunana
27.
Ieu di handap mangrupa metodeu-metodeu biantara iwal....
a)
A. Metodeu ngapalkeun
b)
B. Metodeu naskah
c)
C. Metodeu ngadadak
d)
D. Metodeu gabungan
28.
Orang anu ngalaksanakeun Khutbah, disebutna ....
a)
A. Mubalig
b)
B.Mu'min
c)
C. Ustad
d)
D. Khatib
29.
Dina nyusun teks biantara eusina kudu mundel, naon hartina kecap mundel téh .....
a)
A. Loba mangpaatna jeung loba maknana
b)
B. Luyu jeung aturan nyieun teks biantara
c)
C. Strukturna kudu bener
d)
D. Merhatikeun kaédah-kaédah biantara
30.
Dina nepikeun biantara urang kudu merhatikeun sora anu bedas sangkah kadenge ku balaréa. Béntés dina nepikeun kecap jeung kalimah dina biantara.....
a)
A. Lentong (intonasi)
b)
B. Sora (artikulasi)
c)
C. Wirahma
d)
D. Dialek
31.
Anu disebut nyarita dina wangun hutbah téh nyaéta ....
a)
A. Biantara di hareupeun masarakat umum
b)
B.Nepikeun matéri pangajaran di hareupeun murid
c)
C. Biantara pikeun ngajak masarakat milih calon pamimpin
d)
D. Nepikeun matéri kaagamaan di hareupeun jamaah
32.
Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara, diantarana saperti ieu dihandap iwal .....
a)
A. Nutup materi nu ditepikeun
b)
B. Ngahaturkeun nuhun kana perhatian nu hadir
c)
C. Medar topik/tema biantara
d)
D. Méré salam panutup
33.
Ungkara wangun kantetan atawa frasa anu susunannana geus matok tur ngandung harti injeuman disebut ....
a)
A. Babasan
b)
B. Gaya Basa
c)
C. Paribasa
d)
D. Basa-basi
34.
Ungkara wangun kalimah atawa klausa anu susunannana geus matok sarta ngandung harti babandingan disebut....
a)
A. Babasan
b)
B. Gaya Basa
c)
C. Paribasa
d)
D. Basa-basi
35.
Dihandap nu teu kaasup conto babasan nyaéta .....
a)
A. Atah anjang
b)
B. Adat kakurung ku iga
c)
C. Hejo tihang
d)
D. Hampang birit
36.
1) Intonasi
2) Cacandran
3) Prolog
4) Adegan
Nu kaasup kana bagean-bagean drama nyaeta....
a)
A. 1-2-3
b)
B. 2-3-4
c)
C. 3-4-1
d)
D. 4-1-2
37.
Dina hiji waktu, kuring ditawaran gawé ku Mang Mahmud di kota. Mang Mahmud Bandar béas, rada baraya kénéh Bapa laér-laér waé mah. “Bulan hareup Mamang téh aya rencana rék meuli kios. Daék mun silaing Kondi purah nungguanana?” ceuk Mang Mahmud. “Nya urang pikiran heula wé atuh, Mang” ceuk kuring. Balaka waé, ari hayangna mah enya meunang pagawéan di kota téh. Tapi barang ras kana pagawéan anu rék dipasrahkeun ka kuring, haté téh maké rumengkog. Heueuh, éta tu daukur jadi tukang nungguan elos béas. Asa jauh teuing tina angen-angen. Da ari kahayang mah, anu leuwih undak ti éta. Tapi karék ku sakitu gé kuring banget nganuhunkeun kana kahadéan Mang Mahmud anu geus haat hayang ngajeujeuhkeun kuring.
(dicutat tina novel Patepung di Bandung, 2005)
Eusi carita dina sempalan novel di luhur nyaeta ....
a)
A. Tokoh kuring ditawaran gawé - haténa ngarasa rumengkog - ahirna nyebut daék - tokoh kuring hayang nyingkah ti lembur
b)
B. Tokoh kuring ditawaran gawé - tokoh kuring digawé di pabrik - tokoh kuring nganuhunkeun kadulurna
c)
C. Tokoh kuring balik ti pabrik - ka sampak emana nu muka panto - ku emana ditanya
d)
D. Tokoh kuring balik ti pabrik - muru imah indungna - tokoh kuring ngajauhan bapa téréna - indit ka Bandung
38.
Jejer tina novel Patepung Di Bandung nya éta …
a)
A. Kanyaah
b)
B. Kulawarga
c)
C. Sosobatan
d)
D. Lalampahan
39.
Ringkesan novel Si Paser (1992)
Éson téh anak patani nu ngebon di suku Gunung Manglayang. Hiji mangsa aya anak mencek asup ka kebon lantaran dibeberik ti leuweung ku anjing pamoroan. Éta anak mencek téh tigebrus kana lombang, atuh ku Éson jeung bapana bisa ditéwak. Éta anak mencek téh tuluy diingu ku Éson. Dingaranan Si Paser , lantaran luncatna tarik pisan, diibaratkeun kana paser nu ngabelesat tina sumpit. Éson tulatén pisan ngurusna téh. Beuki lila Si Paser beuki gedé, ngaluncatna ogé beuki luhur. Malah hiji waktu mah Si Paser bisaeun kabur, sanggeus ngaluncatan pager buruan. Untungna bias katéwak deui ku Éson, bubuhan geus lindeuk. Ngarah teu kabur deui, pager buruan téh ku Éson dijangkungan.
Hiji waktu bapana Éson kadatangan jurutulis désa. Maksudna rék ngoloan Éson sangkan daék ngaleupaskeun deui mencek inguanana ka leuweung, sabab éta sato téh kaasup anu ditangtayungan ku pamaréntah. Puguh baé Éson teu panujueun da geus nyaaheun pisan ka Si Paser téh lantaran hantem diolo ku bapana, ahirna Éson daékeun ngaleupaskeun deui Si paser. Éta mencek téh dibawa ka leuweung, dileupaskeun. Éson kagegeringan. Tilu poé ti harita téh Si Paser balik deui.
Ahirna éta mencek téh dipasrahkeun, minangka hadiahna, ka Kebon Binatang. Éson henteu ngarasa kaleungitan teuing, da unggal waktu manéhna bisa ngalongokan sato kameumeutna
Naon sababna Éson henteu mikeun Si Paser dileupaskeun ka leuweung?
a)
A. sabab sieun Si Paser tigebrus deui kana lombang
b)
B. sabab Si Paser téh luncatna tarik pisan
c)
C. sabab Si Paser bisaeun kabur ngaluncatan pager
d)
D. sabab Éson geus nyaaheun pisan ka Si Paser
40.
Tina sempalan novel Si Paser, naon sababna sato leuweung saperti mencek teu meunang diingu?
a)
A. sabab luncatna tarik pisan
b)
B. sabab jumlah sato leuweung téh réa pisan
c)
C. sabab kaasup sato anu ditangtayungan ku pamaréntah
d)
D. sabab bisi jadi ngageringan satona
41.
Kaulinan barudak dina gambar di handap dibarung ku kakawihan....
a)
A. Hompimpa
b)
B. Pérépét jéngkol
c)
C. Oray-orayan
d)
D. Cingciripit
42.
Salajengna, kumaha atuh tarékah sangkan basa katut budaya Sunda janten kareueus nonoman Sunda? Kahiji, basa jeung budaya Sunda kedah tiasa midang luyu jeung kamekaran élmu pangaweruh katut panéka téknologi. Kadua, meungpeung aya lolongkrang, meungpeung aya kaludeung meungpeung aya widi ti nu Maha Suci, Perda no 14 taun 2014 ngeunaan “Ngamumulé Basa, Sastra jeung Aksara Daérah” katut Peraturan Gubernur Jawa Barat ngeunaan pangajaran Basa Sunda téh kedah diwulangkeun di sakola-sakola ngawitan ti TK dugi ka SMA. Katilu, dina kahirupan kiwari mah tos teu luyu deui nembongkeun sikep parangkat-purungkut. Ayeuna mah tos waktosna urang téh kudu goong nabeuh manéh. Ayeuna urang teu kudu gimir mayunan alam kamodérénan, tapi éstuning kudu saged tur tarapti. Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket.
Jejer biantara di luhur téh nya éta …
a)
A. Kamekaran élmu pangaweruh katut panéka téknologi
b)
B. Peraturan Gubernur Jawa Barat ngeunaan pangajaran basa Sunda
c)
C. Teu kudu gimir mayunan alam kamodérenan
d)
D. Tarékah ngamumulé basa jeung budaya Sunda
43.
Amanat tina pupujian di handap téh nya éta …
a)
A. beurang peuting ulah poho éling
b)
B. sing éling/inget kana maot
c)
C. sing éling/inget kana ibadah bisi kaburu maot
d)
D. nu teu inget kana ibadah pasti maot
44.
Ditilik tina eusi dua rumpaka kawih di handap mangrupa ébréhan rasa cinta ka …
a)
A. anak jeung ka lemah cai
b)
B. alam jeung ka kabogoh
c)
C. kolot jeung ka lemah cai
d)
D. anak jeung ka kolot
45.
Ungkara ieu di handap nu kaasup kana unsur pamohalanana tina dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét” nya éta ...
a)
A. Sakadang kuya ngobrol jeung sakadang monyét
b)
B. Sakadang kuya dina kurungan
c)
C. Pamajikan aki pangebon rék masak Sakadang kuya
d)
D. Aki pangebon rék meuncit Sakadang kuya
46.
Cutatan dongéng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét” nepikeun amanat ka urang sangkan ...
a)
A. urang ulah méré haté ka batur
b)
B. urang ulah miboga sifat licik ka batur
c)
C. urang kudu ngabobodo batur
d)
D. urang kudu miboga sifat sarakah tur licik
47.
Pupuh dina bahasa sunda teh jumlahna aya .....
a)
A. 17
b)
B. 4
c)
C. 13
d)
D. 6
48.
"wilujeng siang sadayana. dina kasempetan ayeuna urang tiasa patepang deui dina raraga acara serah terima jabatan ketua OSIS periode 2020-2021. hatur nuhun ka sadayana anuos ngersakeun hadir di dieu tempat."
Cutatan di luhur mangrupa tugas panata acara, nyaeta...
a)
A. Muka acara
b)
B. Nutup acara
c)
C. Ngajelaskeun urutan acara
d)
D. Nyambungkeun acara
49.
Anu kaasup kecap barang nyaeta....
a)
A. Gawe
b)
B. Korsi
c)
C. Indit
d)
D. Miang
50.
Nu kaasup kana kata sipat nyaeta ....
a)
A. Ucing
b)
B. Tiung
c)
C. Ngewa
d)
D. Bageur
Reset
