NEW
Font size
WorksheetsBAHASA SUNDA (LATIHAN US)
Total questions: 50
Worksheet time: 56mins
PERHATIKEUN PAGUNEMAN IEU DI HANDAP!
Di tengah jalan bade ka sakola, Ani papendak Lia, tuluy baé maranéhna nyarita
Ani : “Lia, pan aya tugas basa sunda, kumaha tos didamel teu acan?”
Lia : “Tugas nu mana, sareng halaman sabaraha, nya?”
Ani : “Halaman 15, kumaha tos didamel teu acan?”
Lia : “Aduh, muhun teu acan nya, kumaha atuh? mangkaning énjing aya
pangajaranana nya?”
Ani : “Muhun jabi deuih abdi teu ngartos, kumaha atuh nya?”
Lia : “Kieu baé urang damel sasarengan tugasna engké uih sakola.”
Ani : “Muhun kitu atuh, urang damel di rorompok abdi baé nya.”
Lia : “Muhun mangga, engké abdi abdi ka rorompok Ani.”
1. Palaku dina paguneman diluhur nyaéta....
Lia sareng Ani
Ani sareng Nia
Nia sareng Lia
Nia sareng Tia
PERHATIKEUN PAGUNEMAN IEU DI HANDAP!
Di tengah jalan bade ka sakola, Ani papendak Lia, tuluy baé maranéhna nyarita
Ani : “Lia, pan aya tugas basa sunda, kumaha tos didamel teu acan?”
Lia : “Tugas nu mana, sareng halaman sabaraha, nya?”
Ani : “Halaman 15, kumaha tos didamel teu acan?”
Lia : “Aduh, muhun teu acan nya, kumaha atuh? mangkaning énjing aya
pangajaranana nya?”
Ani : “Muhun jabi deuih abdi teu ngartos, kumaha atuh nya?”
Lia : “Kieu baé urang damel sasarengan tugasna engké uih sakola.”
Ani : “Muhun kitu atuh, urang damel di rorompok abdi baé nya.”
Lia : “Muhun mangga, engké abdi abdi ka rorompok Ani.”
2. Jejer dina paguneman diluhur nyaeta…
Tugas Basa Sunda Na Gampang
Ngerjakeun Tugas Basa Sunda
Soal Basa Sundana Teu Aya
Moal Ngerjakeun Tugas Basa Sunda
3. Paguneman teh asal na tina kecap gunem nu hartina…
Nyarita Sorangan
Nyarita Kasar
Nyarita Silih Tempas
Nyarita Lemes
4. Istilah dina bahasa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung paguneman nyaeta…
Percakapan
Bercakap
Berbicara
Perintah
5. Paguneman téh dilakukeun ku…
Sorangan Bari Sorana Bedas
Duaan Tapi Nu Ngomongna Saurang
Sorangan Bari Sorana Teu Kadéngé
Duaan Atawa Leuwih Bari Silihtépas
6. Kaulinan barudak dina gambar nyaeta....
Éngklé
Congklak
Béklen
Sondah
7. Nangtukeun nu éléh jeung nu meunang dina kaulinan, ku cara ngadukeun jempol, curuk atawa cinggir, disebut....
Salaman
Pakeupeul
Suten/Suit
Hompipah
8. Di handap ieu nu kaasup kaulinan barudak nu dipaénkeun ku barudak awéwé nyaéta....
Gatrik
Anyang-anyangan
Langlayangan
Ngadu kaléci
9. Dihandap ieu nu kaasup kaulinan barudak nu dipaénkeun ku barudak lalaki nyaéta….
Congklak
Béklen
Simar
Sorodot Gaplok
10. Di handap ieu kaulinan anu maké kakawihan nyaéta....
Cingciripit
Galah
Gatrik
Boyboyan
Ajag Nangtang Jelema
Usum katiga kawilang panjang, atuh panon poé ogé karasa panas moreret. jujukutan taya anu jadi, pareang nungtut paraéh. Dihiji rungkun peucang ngiuhan bangun anu hoream lunta, geus teu wérateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. awakna begang kari kulit jeung tulang, leumpangna gé geu rarampéolan. keur uleng mikir nasibna, teu kanyahoan timana jolna ujug-ujug korosak ajag nyamperkeun bari babaung.
“ Ieu geuning hakaneun aing téh,” ceuk ajag,” Awas, peucang, maneh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana oge moal burung diberik...” pokna bari angger babaung.
sakadang peucang reuwas nataku, tapi gancang mindingan kareuwasna.
“ Duh ... boro-boro bisa lumpat, leumpang oge geus teu kuat. Seug koo anjeun mah kapan mahluk anu pohara gagahna...”
“pohara bungahna ajag ngadéngé omongan peucang kitu.
Teu kaampeuh bungahna ajag ngadéngé omongan peucang. terus babaung nembongkeun huntuna nu ranggéténg. jurung kunung ngangkat dua sukuna nu hareup, nembongkeun kasombonganana
11. Dongéng Ajag Nangtang Jalma diluhur eusina ngandung....
Pienteungeun
Anjuran
Atikan
Pupujieun
12. Wangun karya sastra anu mangrupa carita dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur pamohalan (teu asup akal) nyaeta....
Dialog/percakapan
Diskusi
Dongéng
Wawancara
13. Dongéng sikabayan ka asup golongan....
Fabél
Legenda
Mité
Parabél
14. Dongéng sasakala tangkuban parahu ka asup dongéng....
Fabél
Legenda
Mité
Parabél
15. Kalimah anu pungsina mere nyaho hiji hal ka batur disebut....
Kalimah Pananya
Kalimah Parentah
Kalimah Wawaran
Kalimah Panyaram
16. Nulis kalimah wawaran sok ditungtungan ku tanda baca....
Panelek (?)
Panyeluk (!)
Titik dua (:)
Titik (.)
17. Anu kaasup kana kalimah wawaran nyaéta....
Hayu atuh ari rek milu ka imah mah!
Perpustakaan lain tempat ngobrol!
Jang, rek kamana isuk-isuk geus gaya kitu?
Kamari Kang Maman nguseup lauk di walungan.
18. Dihandap ieu anu kaasup kalimah parentah anu kagolong kana kalimah panyaram nyaéta....
Jang, pangmelikeun gula bodas sakilo!
Ulah diuk didinya, jang, ngahalangan batur!
Geura sare, Jang geus peuting!
Hayu urang ngabersihan kelas!
19. Kalimah anu eusi na nitah sangkan batur migawe anu dipikahayang ku urang disebut....
Kalimah Panyaram
Kalimah Wawaran
Kalimah Parentah
Kalimah Pananya
"Hayu atuh nginjem buku ka perpustakaan, Raven!”.
20. Kalimah diluhur kaasup kana jenis kalimah....
Kalimah Pangajak
Kalimah Panyaram
Kalimah Pangharepan
Kalimah Pangjurung
Anu disebut sajak nyaéta....
Karya sastra wangun lancaran anu teu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan, tapi kauger kudiksi jeung wirahma
Karya sastra wangun ugeran anu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan tapi kauger ku diksi jeung wirahma
Karya sastra wangun ugeran anu teu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan tapi kauger ku diksi jeung wirahma
Karya sastra wangun ugeran anu kauger kuguru lagu jeung guru wilangan
Ebrehan rarasaan anu hayang ditepikeun ku panyajak, saperti bungah, sedih, karunya, jeung sajabana kaasup kana salah sahiji unsur sajak. Unsur sajak anu dimaksud nyaéta....
Wirahma
Rasa
Paroman
Nada
Beurat teuing lengkah Aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku Aki mah dilengkahan
Dibaturan sobat ngaran rancatan
Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan
Tema anu luyu jeung sempalan sajak diluhur nyaéta....
Perjuangan
Kasarakahan
Kajujuran
Kaendahan
Padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah utamana dina sajak disebut....
Wirahma
Purwakanti
Pasang peta
Paroman
Tanah Sunda, gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda, sing towéksa
Nyangga darma anu nyata
Naon judul tina rumpaka kawih di luhur téh?
Urang Sunda
Gemah Ripah
Tanah Sunda
Darma nyata
Rumpakan kawih “Tanah Sunda” téh eusina mangrupa ébréhan rasa cinta ka ....
Awéwé
Lalaki
Alam priangan
Kolot/Sepuh
Angkat Ngagagandeuang
Bangun Taya Karingrang
Nganggo Sinjang Dilamban
Mojang Priangan
Umat Imut Lucu
Sura Seuri Cari
Larik Lirik Keupat
Mojang Priangan
Kawih “Mojang Priangan” téh eusina nyaritakeun ....
Mojang Priangan anu geulis
Kaéndahan kota Bandung
Kadaharan has Kota Bandung
Perhiasan mojang Priangan
Kawih “Mojang Priangan” ngagambarkeun mojang anu ....
Rancagé
Geulis
Pinter
Bageur
Mojang priangan anu digambarkeun dina éta lagu, keuna kana babasan ....
Hampang birit
Ipis biwir
Awak sampaian
Héjo tihang
Kecap rajékan anu diucapkeun dua kali engang di tengah-tengahna nyaéta …
Dwipurwa
Dwimadya
Dwiréka
Dwimurni
Dihandap ieu anu kaasup kecap rajékan dwipurwa nyaéta...
Sabedas-Bedasna
Blag-Blig-Blug
Sababaraha
Tatanya
Neng Dini mah lamun ningali film koréa téh sok umat–imut waé. Kecap umat–imut kaasup kana kecap rajékan ....
Dwimurni
Dwipurwa
Trilingga
Dwiréka
Kalimah di handap ieu anu ngagunakeun kecap rajékan dwimurni nya éta ....
Sababaraha
Jalma-jalma
Tat–tit–tut
Beberesih
Dihandap ieu mana anu kaasup kana bagian anu aya dina sisindiran nyaéta...
Purwakantina Bebas
Aya Paguneman Dina Eusina
Miboga Cangkang Jeung Eusi
Dibagi Jadi Sababaraha Bab Atawa Bagian
Ngala terong jeung kalapa
Dibawa ka kebon cikur
Nu gondrong jaman ayeuna
Teu wawuh ka tukang cukur
Sisindiran di luhur teh disebutna....
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Wawacan
Rarasaan rek ka lembang
Teu nyaho ka cibaduyut
Rarasaan awak lenjang
Teu nyaho awakna gendut
Sisindiran diluhur ngandung sipat....
Silih asih
Piwuruk
Sesebred
Silih asaan
Sisindiran anu dijerona aya kecap anu dibalikan deui disebut ...
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Purwakanti
Sisindiran anu ngan diwangun ku dua padalisan disebut ...
Wawangsalan
Paparikan
Rarakitan
Purwakanti
Guguritan téh nya éta …
Karangan anu ditulis maké patokan sisindiran.
Karangan anu kauger ku jumlah padalisan.
Karangan anu maké patokan pupuh.
Karangan wangun lancaran
Dina pupuh aya nu disebut guru wilangan, nyaéta …
Dang Ding Dungna Sora
Sora Vokal Dina Tungtung Padalisan
Jumlah Engang Dina Unggal Padalisan
Jumlah Padalisan Dina Unggal Pada
Nu disebut guru lagu nyaeta ....
Tiap-Tiap Kalimah Atawa Jajaran Nu Ngawangun Pada
Katangtuan Jumlah Engang Dina Tiap Padalisan
Pasipatan Nu Dipibanda Ku Hiji-Hijina Pupuh
Katangtuan Purwakanti Sora Dina Tungtung Padalisan
Naon anu disebut biantara téh...
Nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji hal dina hiji acara
Nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun ajaran agama
Nyarita di hareupeun balaréa salaku bagian tina acara
Nyarita di hareupeun balaréa dina hajatan
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Welas Asih, anu parantos maparin kasehatan rehna dina dinten ieu urang tiasa kempel riung mungpulung paamprok jonghok di ieu patempatan dina kaayaan séhat walafiat.
Ungkara basa di luhur sok aya dina acara....
Eusi
Panutup
Bubuka
Mamanis
Dina panutup biantara sok aya anu disebut sanduk-sanduk. Naon éta téh hartina …
Ménta hampura
Kudu dihampura
Méré hampura
Hahampuraan
Naon waé bagian-bagian tina biantara téh...
Salam, eusi, panutup
Bubuka, eusi, panutup
Salam, bubuka, ngado’a
Bubuka, eusi, ngado’a
Aksara sunda diluhur nyaeta
KA
TA
YA
FA
Nana
Nini
Nono
Nani
Hasilna ...
9
8
7
6
kalimah diluhur dibacana ...
Bandung Kota Kembang
Bandung heurin ku Tangtung
Bandung Lautan Persib
Bandung pasti juara
ieu angka sabaraha ...
1
3
5
7
