NEW
Font size
WorksheetsSOAL US BAHASA SUNDA
Total questions: 45
Worksheet time: 29mins
Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw. Paragrap di luhur ka asup kana..…
Panutup biantara
Eusi biantara
Bubuka biantara
Bubuka jeung panutup biantara
Bubuka jeung eusi biantara
Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.
Paragrap di luhur ka asup kana …….
Panutup biantara
Bubuka jeung panutup biantara
Eusi biantara
Bubuka jeung eusi biantara
Bubuka biantara
Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas XII nyaéta, iwal……
ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola
ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah
ngahaturnuhunkeun ka para bapak jeung ibu guru
ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur
“Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!”
ka tukang
ka payun
ka pengker
ka warung
ka hareup
“Pa, neda widi abdi ka Koperasi heula badé….pulpen!”
meuli
jajan
mésér
nganjuk
ngagaleuh
Kalimah nu mangrupa bubuka dina biantara, nyaeta .....
Wilujeng enjing, Assallamu'allaikum wr. wb. puji sareng syukur ka Alloh SWT nu parantos masihan kanikmatan di dunya.
Dina raraga mieling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus 2017 kamari, diayakeun kagiatan kemping di Bumi Perkemahan Cibubur.
Mudah-mudahan biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh saderek sadaya pikeun kasehatan lingkungan. Hatur nuhun kasadayana, Wassalamu'alaikum wr. wb.
Dina danget ayeuna, urang medar ngeunaan kasehatan lingkungan.
salah sahiji hal anu ngabedakeun antara moderator jeung protokol nya eta..
Moderator kudu awewe,ari protokol mah kudu lalaki
Moderator kudu awewe,ari protokol mah kudu lalaki
moderator ukur nyambungkeun acara hungkul ,ari protokol mah jeung nyambungkeun obrolan
protokol ukur nyambungkeun acara hungkul ,ari moderator mah jeung nyambungkeun obrolan
MEMENIRAN
Nagara urang nagara nu subur ma’mur. Loba tutuwuhan anu bisa dijadikeun ubar. Ngagunakeun ubar tradisional, bisa disebut leuwih aman tina efek sampingna. Salahsahiji tutuwuhan obat tradisional Indonesia diantarana memeniran. Kaasup tutuwuhan anu mujarab pikeun nyageurkeun kasakit maag.
Tangkal memeniran sering kapanggih lamun urang ulin ka tegalan, sisi kebon atawa pakarangan kosong teu kaurus. Jangkung tangkalna teu leuwih ti dua jeungkal ramo panangan déwasa. Wangunna siga tangkal asem anu dibonsay. Rupa daunna héjo aya titik-titik di bagéan handapna, watangna leutik sagédé cinggir anu rupana héjo ngora. Biasana tumuwuhna di antara jukut anu ngajejembrung.
Nurutkeun panalungtikan paraahli, ti taun 2000, memeniran resmi jadi ubar urang India. Sababaraha jenis tumuwuh subur di nagara-nagara Asia saperti Indonesia, China jeung Filiphina. Dina basa Inggris memeniran téh disebut Child Pick a Back, sedengkeun dina basa India disebut Pitirishi, Budhatri.
Kabéh bagian tina tangkal memeniran ieu, ti mimiti akar, watang jeung daun bisa dipaké ubar. Salian ti maag kasakit anu bisa diubaranana rupa-rupa kayaning infeksi liver, hépatitis, ngalancarkeun kahampangan, malaria jeung batu ginjel.
Anu jadi jejer dina wacana di luhur nyaeta….
Ubar tradisional
Mangfaat tutuwuhan
Cara melak ubar tradisonal
Cara ngolah ubar tradisional
Artikel anu judulna “memeniran” patali jeung widang ….
Atikan
Lingkungan
Kasehatan
Kaagamaan
Ubar tradisional mah teu nimbulkeun efek samping.
Efek samping hartina......
Hasiat
Balukar tina hiji perkara
Kagunaan
Hasil tina hiji perbuatan
Didi Kartasasmita dibabarkeun di Tasikmalaya, 20 November 1911. Pupusna di Jakarta, 8 Oktober 1996. Sasarengan sareng Urip Sumoharjo, Didi janten peletak dasar organisasi militer Républik Indonésia.
Ti yuswa 8 taun tebih sareng sepuhna margi sakola di ELS (Europeeshe Lagere School), PHS (Prins Hendrik School), HBS (Hoogere Burger School) jeung KMA (Koninklijke Militaire Academie) di Breda Walanda. Sadayana mangrupi sakola-sakola pikeun urang Éropah. Saréngséna sakola di Walanda, dina taun 1935 dibenum jadi perwira KNIL (Koninklijke Nederland Indisch Leger) sarta di tempatkeun di batalyon X Jakarta, di Kompi Jawa. Lajeng di kompi Manado sareng walanda totok. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda.
Dumasar kana eusina éta karangan kaasup kana…..
carita pondok
sajak
biografi/riwayat hirup
novel
TÉMPÉ
Saha nu teu apal kana témpé ? tangtu urang sunda mah kabéh gé apal témpé. Sabab lamun urang dahar, asana kurang klop lamun euweuh goréng témpé. Sabab témpé bisa dijieun kaolahan nu rupa-rupa, misalna waé jadi kiripik témpé, goréngan témpé, sayur témpé, jste.
Témpé nu di urang tampolana sok dipaké moyok pamuda nu moyodok ‘si pamuda témpé” ku urang Amerika jeung Eropah mah disebutna téh “meat without bone” atawa “daging tanpa tulang”. Anu saenyana ajénna luhur pisan, pikeun sumber nutrisi, anu aya tumalina jeung sumber kakuatan atawa tanaga. Ogé keur sumber gizi anu aya tumalina jeung kaséhatan. Éta sababna, basa sawatara nagara di Afrika katarajang kalaparan anu ménta korban jiwa jutaan manusa, WHO (Badan Kaséhatan Dunya) rikat maréntahkeun sangkan gancang-gancang ngirim bantuan katedaan nu mangrupa “tipung témpé”
Témpé téh alus pisan upama dikonsumsi ku barudak, sangkan henteu katrajang kasakit PCMN (Protein Colorie Malt-Nutrion) atawa kasakit kalaparan nu teu katingali…
Bacaan di luhur kaasup pedaran wangun ……
éséy
carita pondok
novel
dongéng
Ciri kalimah langsung dina basa tulisan nyaeta....
Diucapkeun langsung ku panyaturna
Make koma jeung tanda tanya
Diselapan ku kecap panyambung yen
Diapit ku tanda kekenteng
Mana kalimah langsung anu bener!
Saha anu teu sakola?
Iraha rek indit ka Jakarta teh?
“Keur naon gunana memeniran teh?” Iwan nanya.
Iwan nanyakeun gunana memeniran teh.
“Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit”, ceuk Imas ka Somad.
Kalimah di luhur lamun dirobah jadi kalimah teu langsung unina......
Imas nyarita ka Somad yen manehna moal milu piknik sabab teu boga duit.
Ceuk Imas ka Somad, kuring moal milu piknik sabab teu boga duit.
Imas nyarita ka Somad yen manehna moal milu piknik sabab teu boga duit.
Kuring mah moal milu piknik da teu boga duit ceuk Imas ka Somad.
Kania nyarita ka Nunung yen isukan manehna moal sakola sabab rek ka jakarta.
Lamun dirobah jadi kalimah langsung, unina.....
“Kuring mah isukan moal sakola sabab rek ka Jakarta,” ceuk Nunung.
“Kuring mah isukan moal sakola sabab rek ka Jakarta,” ceuk Kania
Kania nyarita, kuring mah isukan moal sakola sabab rek ka Jakarta.
Nunung ngomongkeun Kania yen manehna isukan moal sakola sabab rek ka Jakarta.
Paguneman antar palaku dina drama, disebutna...
prolog
palaku
dialog
monolog
Panganteur pangarang dina drama ngeunaan lalakon nu baris dipidangkeun disebutna...
prolog
palaku
dialog
monolog
Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan, disebut..
dialog
prolog
palaku
monolog
Karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerang sejenna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan minton (pagelaran) disebut...
puisi
longser
drama
prosa
Tokoh dina drama boh nu protagonis boh antagonis, atawa tokoh pangrojong disebutna...
palaku
latar
babak
tema
Dina drama mah biasana sok dibagi jadi sababaraha...
adegan
babak
latar
epilog
Bagian tina babak anu ditangtukeun ku datangna atawa inditna palaku dina hiji drama disebut...
adegan
babak
latar
epilog
Waktu jeung tempat kajadianana eta drama disebut...
latar
adegan
kaayaan
tema
Nu ngajiwaan lalakon atawa carita dina hiji drama disebut...
latar
adegan
kaayaan
tema
Anu kaasup kana kalimah panghareupan, nyaeta...
ulah ulin di dinya!
hayu urang indit ayeuna!
muga-muga salamet di jalanna!
punten pangnyandakkeun cai!
Salasahiji kampung adat Sunda nu perenahna di Kabupaten Garut nu masih keneh sok marake iket teh...
Kampung Kuta
Kampung Naga
Kampung Pulo
Kampung Cikondang
Sinonim tina kecap Beurang nyaéta…..
peuting
wengi
siang
isuk
Antonim tina kecap Gedé nyaéta…..
ageung
badag
seueur
leutik
DI MAKAM BAPA
Énjing lebaran. Dinten ieu panungtungan abdi saum. Alhamdulilah saum téh tamat. Upami lebaran téh abdi mah sok resep, seueur kajantenan nu ngan sataun sakali kapendakna. Takbiran di masjid sareng réréncangan, ngadamel kuéh sareng bibi, ngadamel kupat sareng mamah, dipangmésérkeun acuk lebaran, sapatu lebaran. Jaba upami pendak sareng wargi-wargi sok dipasihan artos kanggo jajan.
Tapi diantara sakitu seueurna karesep dina waktos lebaran téh, aya nu pangdiantos-antosna, nyaéta ka makam Bapa. Abdi mah sok resep wé. Abdi mah sok hoyong ngadongéng ka Bapa téh. Najan teu pendak langsung.
Abdi teu kantos émut kana raray-rarayna acan ka Bapa téh. Nuju abdi alit kénéh pisan, Bapa ngantunkeun abdi sareng Mamah. Upami teu aya potona mah, abdi téh jigana moal apal sakedik-kedik acan ka Bapa téh. Untug wé Mamah rajin nyimpen poto nuju nikahna sareng Bapa. Ari ceuk abdi mah, kasep da Bapa téh. Hanjakal yuswana teu panjang, namung untung aya lebaran.
Waktos lebaran, abdi tos ngarep-ngarep diajak ka makam ku Mamah ti barang gugah. Basa ku Nini digugahkeun dipiwarang solat subuh, anu ka émut pangpayuna téh, asik…engké siang ka makam Bapa.
Tos bérés solat ‘Id, bérés sasalaman sareng anu aya di bumi, sareng nu nepangan Nini, ogé tatanggi nu pendak di jalan, abdi diajak ka makam.
Horéééé….! Abdi dugi ka makam. Panon téh teu ka mamana heula, langsung manteng ka makam Bapa. Payuneun makam Bapa, abdi cingogo gédéngeun Mamah. Waktos panangan Mamah ranggah ngado’a, abdi ogé pipilueun . abdi teu terang naon nu ku Mamah diaos, ngan katingal lambeyna kunyam kunyem ah abdi mah jongjon wé ngadongéng ka bapa téh. Éh ngawitan mah muhun ngado’a kétang muga-muga bapa lebet ka Surga.
1. Wangun karangan di luhur kaasup kana…….
dongéng
drama
carita pondok
laporan
Kumaha kaayaan hate abdi nalika di ajak ka makam bapa…….
bungah
sedih
nalangsa
hanjakal
Rék naon abdi jeung mamah aya di makam bapa…….
ngadoakeun bapa
ngadongéng
ngobrol
ngirim kuéh lebaran
Amanah nu kapanggih dina cutatan carita di luhur nyaéta……
urang kudu papaséaan
urang kudu silih asih
urang kudu hormat tilawat ka kolot
urang kudu silih acuh.
Kecap reporter ngandung harti…….
wartawan
biantara
panumbu catur
panata acara
Kecap umum tina kecap ngaharéwos, ngagerendeng, ngagorowok, nyaéta….
Nyarita
diuk
leumpang
nempo
Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat. Kecap dahar ngandung harti……
Korupsi
Ngahuapkeun
Sarapan
Nginjem
Baca masing teleb sempalan dongéng di handap !
Baheula, di hiji kampung aya saurang budak lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal éta budak téh kacida malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi indung. Kalakuan séjénna anu goréng téh nyaéta resep pisan ngadukeun domba.
Dina hiji poé, Égon indit bari nungtun domba jaluna anu begang lantaran teu diurus muru ka tegalan paranti manéhna ngadukeun domba.
“Héy, Ro. Yu urang adukeun deui domba téh,” ceuk Egon ka Suhro nu geus nyampak di éta tempat.
“Ké heula atuh Gon, domba kuring mah can seubeuheun nyatuan,” jawab Suhro.
“Alaaah....teu pira ogé sato atuh, Ro. Keur naon dipikanyaah ogé, domba mah moal ngartieun ieuh!”
“Enya ari moal ngartieun téa mah, tapi sarua baé jeung urang hayangeun baranghakan.”
“Bener, Ro. Sok lah geura prung adukeun, ngarah ramé yeuh!” ceuk Si Aron ngahatéan.
Ahirna Suhro éléh déét. Domba maranéhna nu can seubeuh nyatuan téh dipaksa sangkan diadu.
Beletak...beletak...sora tanduk diadu matak linu kadéngéna. Suhro, Égon jeung Aron mah teu boga kapaur sok komo karunya. Maranéhna anggur ting aréngklak bari sareuri suka pisan ningali domba nu keur silih teunggar téh.
Lila ogé diaduna éta domba téh. Ahirna domba Égon béakeun tanaga, tuluy lumpat ngajauhan domba Suhro. Suhro jeung Aron ngékéak Égon nu lumpat ngudag dombana anu lumpat kana rungkun.
“Héy ! Néangan saha manéh ?” teu kanyahoan aya nu nyentak ka Égon. Égon ngalieuk ka lebah datangna éta sora. Gebeg manéhna ngarénjag, sabab nempo hiji lalaki sembada sarta beungeutna perenges pikasieuneun.
Palaku utama dina éta dongéng nyaéta……
Egon
Suhro
Aron
Indungna
Lamun keur teu dipake, lampu kudu . . . .
Dihurungkeun
Diantepkeun
Dipareuman
Ditingalikeun
. . . teh sumber energi panas.
Panonpoe
Bulan
Bentang
Bumi
Urang kudu . . . listrik sangkan mahi nepi ka jaga.
Ngahambur-hambur
Ngantep
Ngahemat
Ngaruksak
Ka sakola teu menang mawa ...
Buku
Cocoan
Patlot
Jidar
Pami bade ngawitan atanapi rengse diajar urang kedah .... heula.
Jajan
Ngacung
Ngadu’a
Olahraga
Dodol kawentar ti daerah . . . .
Sumedang
Garut
Bandung
Ciamis
