NEW
Font size
WorksheetsUJIAN SEKOLAH KELAS IX BAHASA SUNDA
Total questions: 40
Worksheet time: 36mins
Wacana
Pa Tani
Karangan : Mang Koko
Leumpang gagancangan
Muru pagawéan
Ngagidig leumpang pa tani
Paculna dipanggul, bari udud ngebul
Mapay jalan nu sasari
Datang-datang gecruk macul
Ngolah sawah ambéh cukul
Bapa tani jongjon
Ngolah sawah kebon
Ngadekul ngagarap hanca
Kuat kahujanan, kuat kapanasan
Tulatén ngurus pakaya
............................................................
Dicutat tina Rinéka Basa
Kelas IX-A Semester 1 Padalisan anu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka kawih di luhur nyaéta....
Bapa Tani gecruk macul, babakti ka lemah cai.
Datang-datang ahli bakti, babakti ka lemah cai.
Bapa Tani ahli bakti, ngolah sawah ambéh cukul.
Bapa Tani ahli bakti, babakti ka lemah cai
Drama
Sirung Pajajaran
Bujang I : Mengpeung simpé, hayu cuang miang deui!
Bujang III : Miang, miang ka mana?
Bujang I : Néangan tempat nu leuwih aman
Lanjang I : Enya, bari sakalian néangan lembur nu réa kénéh dahareunna!
Bujang II : Sarupaning kadaharan, tangtuna gé geus dirampas ku musuh.
Bujang III : Tuh nya?! Mending gé cicing baé didieu, bari ngadagoan nu ngaliwat.
Lanjang I : Rék naon?
Bujang III : Rék ménta babawaanana, sugan wé...
Bujang II : Kumaha mun teu méré?
Bujang III : Ah, urang bégal wé, urang rebut ku saréréa.
Dicutat tina Rinéka Basa
Kelas IX-B Semester 2
Dumasar kana sempalan drama di luhur, bisa kagambar yén Bujang III miboga karakter....
kejem
adigung
getol
bageur
Barudak indit ka pamandian
Kecap anu digurat handap mangrupa kecap rarangkén, kecap asalna nya éta...
pamandian
mandian
mandi
pamandi
Wacana
Ulangan Ngadadak
Karangan : Wawan Agus Purnama
Peuting tadi di lembur kuring aya anu nanggap wayang. Kuring lalajo nepi ka jam tilu subuh. Ramé tuda, lalakonna pikaresepeun. Katambah dalangna geus kasohor.
Teu inget saeutik gé lamun isuk téh kudu sakola. Da sasarina mah ari aya lalajoaneun téh sok malem minggu. Éta ogé hudang sotéh bané wé digeuingkeun ku Ema.
“Ujang, naha moal sakola?”
Kuring ngoréjat. Rét kana jam, geus satengah tujuh. Gesat-gesut ka cai. Teu mandi-mandi acan, da sieun kabeurangan.
Di jalan mani geus coréngcan. Anu indit sakola téh ngan kari hiji-dua. Biasa wé, barudak anu rada ngedul.
Dicutat tina Rinéka Basa
Kelas IX-B Semester 2
Dina sempalan carita pondok “Ulangan Ngadadak” di luhur, saha anu disebut palaku utama?
Dalang
Ujang
Pa Guru
Ema
Kuring … manéhna nu diuk gigireun.
Kecap anu miboga harti husus dina kalimah di luhur, nya éta....
kuring
manéhna
ngarérét
diuk
Di handap ieu anu kaasup kalimah satata lalawanan, nya éta...
Sanggeus ménta ijin ka kolot, kuring tuluy lalajo wayang.
Kuring lalajo wayang nepika subuh, ari Udin mah jam sapuluh ogé geus balik.
Kuring hudang kabeurangan, lantaran peutingna lalajo wayang nepi ka subuh.
Isuk-isuk Héni geus sasarap, tuluy Héni indit ka sakola.
Kalimah anu ngandung ragam basa hormat keur sorangan nya éta....
Ibu Guru parantos mulih ka bumina.
Tadi isuk-isuk datang ka Bandungna.
Mangga atuh tuang heula.
Abdi mios ka sakola tabuh genep.
“Barudak keur ..... pangalaman di kelas.”
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah resiprokatif di luhur nya éta....
tukeur
patukeur
silih tukeur
tukeurkeun
Sadatangna ka imah teh Sarmat langsung ka dapur, .... dahar.
Kecap panganteur nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta...
geleber
am
celengok
térékél
Wacana
Rebana
Rebana téh bentukna buleud, dijieunna tina kai, maké kulit minangka sumber sorana. Sangkan éta kulit téh manteng, biasana pikeun narikanana téh sok diganjel ku hoé cacing.
Lamun ditilik tina ukuranana, rebana téh aya tilu rupa. Anu panggedéna disebut rebana biang, diameterna antara 58-65 cm, ari jangkungna antara 10-16 cm. Anu kadua disebut rebana gadung, diameterna antara 32 – 36 cm, ari jangkungna antara 6-10 cm. Anu pangleutikna disebut rebana koték, diameterna antara 22-28 cm, ari jangkungna mah sarua jeung rebana gadung.
Dicutat tina Rinéka Basa
Kelas IX-B Semester 2
Tina wacana di luhur, urang bisa nyindekeun yén rebana anu panggedéna téh nya éta...
rebana koték
rebana ketuk
rebana biang
rebana gadung
“Tempat wisata di Kota Dépok téh kacida seueurna, diantarana aya Rawa Lio, Kubah Emas...Situ Citayam.”
Kecap panyambung anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta...
lantaran
sabab
tuluy
jeung
Jaman baréto mah, saméméh aya dokter, anu disunatan téh umumna sok ku ...waé.
Istilah patukangan nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta......
bujangga
palika
paraji sunat
indung Beurang
Kecap hérang upama dirobah jadi kecap rajékan binarung rarangkén sa- R –na, robah jadi…
hérangna
sahéhérangna
sahérangna
sahérang-hérangna
“Ulah hampang leungeun atuh ka babaturan téh!”
Babasan Hampang leungeun dina kalimah diluhur miboga harti….
jarang nyarita
resep kadaharan nu lada
beda umurna teu jauh
babari tunggal teunggeul
Ulah péot lantaran niley ulangan goréng, malah kudu leuwih sumanget. Apan ceuk paribasa gé cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok.
Maksud tina paribasa cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok dina kalimah di luhur nya éta…
Sakumaha héséna pasoalan lamun digawéan kalawan junun tangtu bisa kahontal.
Kudu daria lamun digawé ulah kapangaruhan hal anu salah.
Usaha kalawan modal anu leutik moal meunang kauntungan gedé.
Kieu salah kitu salah, sagala usaha taya hasilna.
Kecap kurunyung sanggeus ditambahan rarangkén hareup ting- / pating- merenah dina kalimah….
Embé dina kandang patingkurunyung sabab can dibéré dahar.
Ari geus dibéré duit mah barudak téh langsung patingkurunyung.
Ari geus dibéré duit mah barudak téh langsung patingkurunyung.
Nu sareuri meuni tingkurunyung.
Naha jelema téh teu beunang dicekel omonganana, kamari nyarita kitu, ari ayeuna jadi kieu.
Gaya basa naon anu nyampak dina kalimah di luhur?
litotés
metonimia
pleonasme
alégori
Pidato
Gotong Royong
.............................................................
Nanging sateuacan neraskeun medar eusi pidato, abdi seja nepangkeun, wasta Dinda Nurmala, kelas IX-B. salajengna abdi neda dihapunten bilih aya eusi pedaran anu kirang merenah
Ari gotong royong ngandung harti gawé babarengan. Mangpaat gotong royong dina kahiupan sapopoé diantarana, saupama urang nyanghareupan pagawéan anu beurat bakal karasa hampang, kitu ogé saupama pasualan anu diangap hésé bakal karasa babari jeung alus hasilna.
Dicutat tina Rinéka Basa
Kelas IX-B semester dua
Kalimah bubuka anu paling merenah pikeun ngalengkepan teks biantara di luhur, nya éta…
Gotong royong téh salah sahiji ciri kahirupan masyarakat di Indonesia, kitu deui masyarakat Jawa Barat.
Hadirin anu dipihormat, abdi bade neda widi bade ngadugikeun perkawis gotong royong.
Tah, rupina pedaran ti abdi dicekapkeun sakitu.
Hadirin anu dipihormat, tadi tos disebatkeun yén hirup gotong royong téh loba pisan kauntunganana.
….. éta aya hileud ngarayap kana pingping!
Kecap panyeluk anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta…
Euleuh
aduh
iy
ambuing
Naon nu dimaksud kalimah sampurna téh?
Kalimah anu ngandung unsur subjek jeung predikat.
Kalimah anu ngandung unsur objek jeung subjek.
Kalimah anu ngandung unsur objek jeung katerangan.
Kalimah anu ngandung unsur predikat jeung katerangan.
“Ulah ulin di jalan, barudak, bisi katabrak!” Ceuk Pa Dadang
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah….
A. paréntah
B. langsung
C. tanya
D. teu langsung
parentah
langsung
tanya
teu langsung
Kalimah sipat di handap ieu anu paling merenah nyaéta…
Campedak asak meni agréng.
Lumpatna meni ngagebrét.
Rujak téh meni lada.
Baju nu éta mah meni haseum.
Kalimah dihandap ieu anu lain kaasup kalimah barang (kalimat benda), nya eta…
Bu Yenni téh guru di SMPN 5 Depok.
Pa Didin mah padamelan sapopoéna tani.
Isuk-isuk barudak geus najongan bola di lapangan.
Pagawéan kuring mah diajar.
Kalimah mana di handap ieu anu ngandung gaya basa kadalon?
Dina garasi mobil Bapa aya kijang.
Abdi téh nuju ngadamel sasaungan di lembur.
Kuring boga tanah téh ukur satapak peucang.
Abong mobil kolot digas dina tanjakan téh kalah mundur katukang.
Lumayan…....ogé kanggo ngagaleuh peremén.
Gaya basa ngasor anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nya éta…
satapak peucang
karo uyah
artos seueur
sasén sapésér
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun awak
Sing getol néangan élmu
Nu guna dunya ahérat
Di luhur mangrupakeun conto tina sisindiran….
paparikan
rarakitan
wawangsalan
sésébréd
Harga barang di ……. teu bisa ditawar.
Gaya basa ocon anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta…
warung
pasar
matahari
toko
Lamun dijadikeun ……. mah meujeuhna lawon téh.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nya éta….
baju
bajuna
sabajueun
sabaju
Din, ……ka Dadan isuk urang maén bal.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta.…
pangyokotkeun
pangabuskeun
pangmacakeun
pangbéjakeun
Neng Lina mah budak anu getol diajar.
Sinonim tina kecap getol nya éta...
rajin
males
kedul
bageur
Cara nulis titimangsa surat nu bener nyaéta ....
Dépok 19 Januari 2020.
Dépok, 19 Januari 2020
Dépok 19, Januari 2020
Dépok 19 Januari, 2020
Dongéng
Parungbingung
Anu disebut parungbingung téh ngaran hiji tempat, anu ayana di lebah pertelon ka jurusan Depok, Cinéré, jeung Sawangan. Asalna mah ngaranna téh Parung. Ngan ku sabab sok ngabingungkeun, nya antukna disebut Parungbingung.
Baheula, di dinya téh tempat ngadu, ti mimiti ngadu kartu, tepi ka ngadu hayam. Anu daratang ka dinya ngadon ngadu téh lolobana mah rampog, jawara jeung tuan tanah. Hasil tina kajahatan ngarampog sok diludeskeun didinya, dipaké ngadu. Tara cukup ku sapoé ari geus der ngaradu téh.
(Dicutat tina Wiwaha Basa kelas VII semester genap)
Dumasar kana Dongéng di luhur, ngaran asal Parungbingung nya éta….
Ngadu
Ijen
Parung
Bingung
