wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Try out Basa Sunda kelas 9 2025

Total questions: 50

Worksheet time: 2hrs 40mins

Name
Class
Date
1.

Nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun inpormasi the disebut ….

a)

Wawancara

b)

Panata acara

c)

Biantara

d)

Sawala

2.

Nu teu kaasup kana sawatara hal nalika prak biantara nyaeta ….

a)

Diteupikeun kalawan eces jeung jentre

b)

Asal nyarita nu penting mah rame

c)

Puguh susunanana

d)

Eusi biantara kudu saluyu jeung kagiatan oge kamampuh audiens

3.

Di handap anu lain udagan tina biantara nyaeta ….

a)

Argumentatif

b)

Persuasif

c)

Rekreatif

d)

Konotatif

4.

Biantara nu diteupikeun ku hiji kapala nagara (presiden), eusi biantarana biasa patali jeung hal kanagaraan disebut ....

a)

Biantara kanagaraan

b)

Biantara pamapag

c)

Biantara pertanggungjawaban

d)

Biantara paturay tineung

5.

Nu teu kaasup kana struktur biantara nyaeta ....

a)

Bubuka

b)

Pamungkas

c)

Eusi

d)

Panutup

6.

Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun. Uangkaran di luhur biasana dipake dina bagian .....

4 lines
7.

Dina biantara biasana ngagunakeun basa ....

a)

Basa loma

b)

Basa sapopoe

c)

Basa hormat

d)

Basa kasar

8.

Bagian bubuka dina biantara ngawengku ....

a)

Salam pramuka, mukadimah salam panghormat, ngahaturkeun nuhun

b)

Salam pramuka, mukadimah, salam panghormat, salam panutup

c)

Salam pramuka, mukadimah, ucapan sanduk-sanduk, ngahaturkeun nuhun

d)

Salam panutup, mukadimah, eusi biantara, salam panutup

9.

Bagian panutup dina biantara ngawengku .....

a)

Sanduk-sanduk, nyindekkeun, dunga, salam panutup

b)

Kecap panutup, nyindekkeun, salam panghormat, salam panutup

c)

Sanduk-sanduk, nyindekkeun, dunga, salam panghormat

d)

Kecap panutup, nyindekkeun, dunga, salam panutup

10.

"Langkung tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng sukur ka hadirat Alloh Swt. Nu mana dina ieu kasempatan urang sadaya tiasa ngumpul ngariung paamprok jonghok dina kaayaan sehat walafiat." Eta sempalan kaasup kana struktur naon dina biantara ....

a)

Bubuka

b)

Pamungkas

c)

Eusi

d)

Panutup

11.

Kampung adat anu masih keneh pengkuh nyekel adat istiadat karuhunna disebut ....

a)

Kampung adat

b)

Lembur

c)

Kampung gajah

d)

Kampung non adat

12.

Masyarakat homogen nu mangrupa rundayan ti karuhun disebut ....

a)

Masyarakat kota

b)

Masyarakat lembur

c)

Masyarakat adat

d)

Masyarakat sosial

13.

Bacaan ngeunaan kampung adat lolobana ditulis dina wangun karangan ....

a)

Argumentatif jeung deskripsi

b)

Deskripsi jeung narasi

c)

Naratif jeung eksposisi

d)

Eksposisi jeung argumentatif

14.

Karangan nu ngagambarkeun hiji objek nu miboga udagan pikeun pamaca bisa ngarasakeun atawa ngalaman sorangan objek nu digambarkeun ku pangarang disebut ....

a)

Eksposisi

b)

Narasi

c)

Argumentasi

d)

Deskripsi

15.

Karangan nu miboga udagan pikeun ngabuktikeun hiji bebeneran, sangkan nu maca bisa yakin kana eta pamanggih, ieu karangan oge merlukeun data jeung fakta anu bisa dipertanggungjawabkeun oge dibuktikeun disebut ....

a)

Eksposisi

b)

Narasi

c)

Argumentasi

d)

Deskripsi

16.

Karangan nu nyaritakeun hiji kajadian nu miboga udagan sangkan nu maca bisa ngarasakeun kajadian saenyana disebut ....

a)

Eksposisi

b)

Narasi

c)

Argumentasi

d)

Deskripsi

17.

Dihandap mana nu lain struktur tina hiji bacaan atawa bahasan nyaeta ....

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Salam

d)

Panutup

18.

Kampung adat ciptagelar, perenahna di ....

a)

Sukabumi

b)

Sukamenak

c)

Sukamiskin

d)

Sukapura

19.

Bentuk imah di kampung adat ciptagelar nyaeta ...

a)

Imah beton

b)

Imah kayu

c)

Imah panggung

d)

Imah bilik

20.

Bentuk suhunan imah di kampung adat ciptagelar nyaeta ...

a)

Badak heuay

b)

Lilimasan

c)

Segi panjang

d)

Jolopong

21.

Tradisi meucit sato bela nyaeta hiji adat nu aya di ...

a)

Jawa barat

b)

Sulawesi utara

c)

Kalimantan tengah

d)

Jawa timur

22.

Tradisi sunda biasana dina mangsa atawa waktu nu ....

a)

Anu geus ditangtukeun

b)

Anu samporet

c)

Mangsa birahi

d)

Mang

23.

Tradisi sunda nadran biasa dilakukeun di .....

a)

Pajaratan

b)

Leuweung

c)

Sawah

d)

Kebon

24.

Tradisi sunda anu dilakukeun dina upacara adat panganten nyaeta ....

a)

Naruat

b)

Upacara

c)

Nadran

d)

Sawer

25.

Tradisi sunda tujuh bulanan dilakonan ku ....

a)

Nu nuju kakandungan

b)

Awewe

c)

Lalaki

d)

Budak leutik

26.

Hajat laut mangrupa tradisi sunda anu dilakonan di ....

a)

Saweh

b)

Gunung

c)

Laut

d)

Kebon

27.

Tradisi sunda lamaran dilakukeun mangsa ....

a)

Samemeh jatukrami

b)

Sabada jatukrami

c)

Jatukrami

d)

Sabulan saacan jatukrami

28.

Kuda renggong kaasup kana ....

a)

Sastra Sunda

b)

Pedaran sunda

c)

Bahasa sunda

d)

Tradisi sunda

29.

Tradisi ...... mangrupa tradisi anu di jero meucit sasatoan .

a)

Meuncit bela

b)

Meuncit sapi

c)

Ngaruat

d)

Peprenian

30.

"Budak teh ditumpakkeun dina kuda renggong" Kalimah budak di luhur dituduhkeun pikeun ....

a)

Budak lalaki jeung awewe

b)

Budak awewe

c)

Budak lalaki

d)

Budak jalu

31.

Novel teh kaasup karangan dina wangun ....

a)

Pedaran

b)

Esey

c)

Basa lancaran

d)

Basa kauger

32.

Novel teh mangrupa carita ....

a)

Nyat

b)

Rekaan

c)

Pangalaman

d)

Kajadian

33.

Upama nilik kana caritana mah, novel teh meh aya bedana jeung carita ....

a)

Nyata

b)

Pondok

c)

Rayat

d)

Pangalaman

34.

Unsur anu ngawangun novel teh nyaeta unsur ....

a)

Intrinsik

b)

Ekstrinsik

c)

Sumatif

d)

Pangwangun

35.

Gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana nyaeta ....

a)

Tema/jejer

b)

Galur

c)

Palaku

d)

Tokoh

36.

Watek disebut oge ....

a)

Tokoh

b)

Panokohan

c)

Alur

d)

Latar

37.

Suasana, waktu, jeung tempat mangrupa bagean tina ....

a)

Latar

b)

Alur

c)

Tema

d)

Jejer

38.

Palaku nyaeta ....

a)

Tokoh

b)

Panokohan

c)

Alur

d)

Latar

39.

Novel "Gogoda ka nu ngarora" teh karya ....

a)

M.A Salmun

b)

Holison

c)

Tatang sumarsono

d)

R. Memed

40.

Novel sunda mungguaran medal taun ....

a)

1914

b)

1992

c)

1993

d)

1999

41.

Naon nu dimaksud pakeman basa teh ?

a)

Produk basa malayu nu tangtu patokanana

b)

Produk basa sunda nu tangtu patokanana

c)

Produk basa sunda nu teu tangtu patokanana

d)

Produk basa malayu nu teu tangtu patokanana

42.

Naon nu dimaksud nyamuni ....

a)

Nyumput

b)

Lumpat

c)

Ngudag

d)

Indit

43.

Naha babasan sok disebut boga fungsi nyamunikeun maksud ....

a)

Sabab bisa nyumputkeun harti nu saenyana

b)

Sabab bisa nembongkeun maksud nu saenyana

c)

Sangkan kalimah jadi leuwih merenah

d)

Sangkan kalimah jadi leuwih murwakanti

44.

Nu kaasup kana babasan nyaeta ...

a)

Adian ku kuda beureum

b)

Amis budi

c)

Mapatahan ngojay ka meri

d)

Ulah ulin ti peuting

45.

Ciri has babasan nyaeta ....

a)

Wangun tulisanana kalimah

b)

Ditulis dina wangun ugeran

c)

Ditulis dina wangun frasa

d)

Ditulis dina wangun sa'ir

46.

Babasan nu merenah pikeun jalma nu sok ngagulkeun dirina nyaeta ....

a)

Amis budi

b)

Haseum budi

c)

Tiis tapak

d)

Gede hulu

47.

Naon hartina harti injeuman dina pakeman basa ....

a)

Harti nu sajalantrahna

b)

Harti nu saenyana

c)

Harti nu lain saenyana

d)

Harti bener-bener

48.

Jalma nu gede pangharepan disebut ....

a)

Gede hulu

b)

Gede hate

c)

Gede awak

d)

Gede akal

49.

Jaja keur ulin dilapang, tuluy digeroan ku indungna dititah meuli uyah. Jaja langung lumpat moro indungna, ngagugu harti keneh. Babasan nu merenah pikeun pasipatan jaja nyaeta ....

a)

Beurat birit

b)

Hampang leungeun

c)

Beurat leungeun

d)

Hampang birit

50.

Lin mah teu kaop kacoco ku sireum atawa reungit., pasti we langsung beureum. Babasan nu merenah pikeun ngagambarkeun awak lin nyaeta ....

a)

Amis budi

b)

Haseum budi

c)

Amis daging

d)

Haseum daging