wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda 9

Total questions: 50

Worksheet time: 1hrs 23mins

Name
Class
Date
1.

Nu dimaksud girang acara nyaeta ...

a)

jalma nu resep kana acara

b)

jalma anu miboga pancen ngatur lumangsungna hiji acara

c)

jalma anu miboga pancen jeung tanggungjawab dina hiji pintonan

d)

jalma anu miboga pancen ngatur lumangsungna sawala

2.

Naon arti Biantara dina bahasa indonesia nyaeta .......

a)

pidato

b)

ceramah

c)

mukadimah

d)

wawancara

3.

Jalma anu ahli biantara disebutna

a)

Arator

b)

Orator

c)

Pidator

d)

Orarator

4.

Biantara ditalar bari henteu nyiapkeun naskah heula, disebutna tehnik...

a)

Memoriter

b)

Impromtu

c)

Ekstemporan

d)

Manuscrip

5.

Biantara teh ditalar (ditambul), tapi nyieun naskah heula, tuluy diapalkeun, disebutna tehnik....

a)

Memoriter

b)

Impromtu

c)

Ekstemporan

d)

Manuscrip

6.

Biantara teh ukur nyiapkeun naskah gurat badagna wungkul, lantaran dadakan dititah biantara. disebutna tehnik...

a)

Memoriter

b)

Impromtu

c)

Ekstemporan

d)

Manuscrip

7.

Nyarita dihareupeun balarea kalawan aya maksud nu tangtu atawa hiji kedalan jeung susunan anu alus pikeun kajalma loba. disebut

a)

Ceramah

b)

Khutbah

c)

Wawancara

d)

Biantara

8.

Nyieun batur gumbira jeung biantara nu ngahibur ku kituna batur gumbira sarta sugema jeung kedalan anu ku urang diungkapkeun nyaeta ...

a)

Metode Biantara

b)

Tujuan Biantara

c)

Penjelasan Binatara

d)

Guna Biantara

9.

Salam bubuka Conto : Assalamualaikum Wr.WbSampurasun, kaasup kana

a)

Tujuan Biantara

b)

Guna Biantara

c)

Struktur Biantara

d)

Tehnik Biantara

10.

Nu kaasup kana Padika neupikeun Biantara nyaeta ...

a)

Dina biantara teh kudu digunakeun basa lemes (hormat), boh keur diri sorangan boh keur pamiarsa. Basa lemes teh kaasup kana salasahiji wangun tatakrama basa atawa undak-usuk basa

b)

Pamungkas, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, neda jembar hapuntenna tina sadaya kalepatan. Da karaos masih keneh hengker dina tatabasa tur merenahkeun undak-usuk basana.

c)

dimimitian ku salam bubuka, laju kana nepikeun salam tur muji sukur ka Gusti Alloh SWT. Aya oge nu sok ngadugikeun solawat salam ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Lamun perlu dina bubuka oge dibejakeun jejer atawa tema anu rek ditepikeun dina biantara

d)

Ngentep sueureuhna atawa sistimatikana nyarita. Eusi biantara kudu mundel. Ulah ngayayay panjang teuing, ari eusina teu puguh.

11.

Nu dimaksud panata calagara téh nya éta ….

a)

pembawa acara / MC

b)

patandang pasanggiri

c)

nu ngahadiran acara

d)

panitia penyelenggara

12.

Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan.

Ungkara di luhur mangrupa mamanis basa anu maksudna pikeun ….

a)

ménta diperhatikeun kalayan saregep salila biantara

b)

nganuhunkeun ka pamiarsa nu geus ngaregepkeun biantara

c)

ménta dihampura bisi aya ucapan anu teu merenah kadéngéna

d)

nganuhunkeun ka panata calagara nu geus méré waktu pikeun biantara

13.

(1) Nangtukeun jejer/topik biantara.

(2) Nyieun rangkay/kerangka biantara.

(3) Nyusun naskah biantara dumasar kana rangkay nu geus disusun

(4) Ngumpulkeun bahan nu diperlukeun luyu jeung topik.

(5) Ngarapihkeun susunan naskah biantara kalawan bener tur merenah.


Léngkah-léngkah nu bener dina nulis naskah biantaranya éta ….

a)

1, 2, 3, 4, 5

b)

1, 3, 4, 5, 2

c)

1, 4, 2, 3, 5

d)

1, 4, 5, 2, 3

14.

Tehnik Biantara anu pangalusna nya eta..........

a)

Dibaca

b)

Ditalar

c)

Nyatet bagian penting tina biantara

d)

Ngadadak

15.

Hal anu patali jeung anca gancangna, sarta tarik halonna dina nyarita di sebut.....

a)

Sora

b)

Lentong

c)

Wirahma

d)

Nada

16.

Kantor pamarentahan jeung tempat kumpulna masarakat di tingkat desa disebutna....

a)

Bale Kota

b)

Bale Desa

c)

Garduh

d)

Gosali

17.

Tempat sarena santri di lingkungan pasantren disebutna

a)

Kobong

b)

Leuit

c)

Lio

d)

Masigit

18.

Adegan basajan paragi anu dagang di pasar disebutna.....

a)

Kios

b)

Jongko

c)

Garduh

d)

Gosali

19.

……...

Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….


ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

mamanis biantara

20.

1) ngadadak (Impromtu)

2) maca naskah ( manuskrip )

3) ngapalkeun teks ( memory teks )

4) nyatet nu penting - pentingna wungkul (extemporan )


nu kaasup kana Teknik biantara, nyaeta…...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

kabehanna bener

21.

Eta gambar disebut suhunan imah ... .

a)

capit gunting

b)

parahu kumureb

c)

badak heuay

d)

tagog anjing

22.

Bentuk wangunan parahu kumureb teh nyaeta ....

a)
b)
c)
d)
23.

Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Drama

d)

Anyar

24.

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar

Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di Kampung Sukamuya Désa Simaresmi Kecamatan Cisolok di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupaten Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa kantor Pemda di Cisaat kénéh.

Najan deukeut ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Ciptagelar mah pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan urang Sunda pituin anu can kacampuran ku pangaruh modérn, salah sahijina dina potongan imah.


Tatacara kahirupan nu masih kénéh pageuh dicekel ku masarakat Kampung Gedé Ciptagelar asalna tina kabiasaan …

a)

modern

b)

para karuhun

c)

kolonial

d)

animisme

25.

Nu kaasup novel barudak nya éta

a)
b)
c)
d)
26.

Wangun tempat pamatuhan manusia nyaeta....

a)

Kandang

b)

Imah

c)

Kolong

d)

pasar

27.

bapak miwah ibu nu kusimkuring dipihormat...

a)

Bubuka Biantara

b)

pangbagea randegan

c)

Panutup Biantara

d)

Kacindekan biantara

28.

Tehnik Biantara anu pangalusna nya eta..........

a)

Dibaca

b)

Ditalar

c)

Nyatet bagian penting tina biantara

d)

Ngadadak

29.

Hal anu patali jeung anca gancangna, sarta tarik halonna dina nyarita di sebut.....

a)

Sora

b)

Lentong

c)

Wirahma

d)

Nada

30.

Indung kuring di pariksa ku Dokter Putri

Ungkara di luhur lamun ngagunakeun ragam hormat jadi....

a)

Pun Ibu nuju dipariksa Ku Dokter Putri

b)

Pun Ibu nuju diparios Ku Dokter Putri

c)

Pun Ibu nuju dipariksa Ku Dokter Putri

d)

Pun Ibu diparios Ku Dokter Putri

31.

Presiden Joko Widodo biantara di Istana Nagara, nalika poé kamerdékaan Indonésia. Anjeunna biantara ku cara maca tulisan nu diketik ku Jubirna. Présidén Jokowi ngagunakeun salah sahiji téknik biantara, nya éta…

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Ékstemporan

d)

Naskah

32.

Di handap ieu mangrupa susunan biantara anu bener nyaéta….

a)

Salam pamuka, eusi, panutup, mukadimah, pangwilujeng do’a

b)

Salam pamuka, do’a, mukadimah, eusi, pangwilujeng, panutup

c)

Mukadimah, salam pamuka, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup

d)

Salam bubuka, pangbagea, bubuka, pangbagea randegan, eusi, panutup, salam panutup

33.

“Palawargi anu dipikahornat, sakumna rahayat Indonesia, dimana waé ayana, kagungan hak kanggo nampi atikan. Unggal sélér bangsa diwajibkeun diajar sarta diwajibkeun daria dina nyukcruk élmu tilembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.”

Ceuk nu biantara di luhur, urang kudu “nyukcruk élmu ti lelembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.” éta kalimah téh ngandung harti …

a)

Kudu boga élmu

b)

Kudu boga pangarti

c)

Kudu daek diajar

d)

Kudu boga pangabisa

34.

Kampung Adat Ciptagelar sok disebut oge kampung Gede Kasepuhan Ciptagelar. Masarakat anu dumuk di kampung Ciptagelar disebutna masarakat kasepuhan. Istilah kasepuhan hartina tempat dumuk para sesepuh atawa adat kabiasaan sepuh atawa kolot. Kasepuhan oge nuduhkeun sistim kapamingpinan di masarakat anu dumasar kana adat kabiasaan sepuh atawa kolot.


Masarakat anu dumuk di kampung Ciptagelar disebutna ... .

a)

masarakat kasepuhan

b)

kampung Gede Kasepuhan

c)

sistim kapamingpinan

d)

kasepuhan Ciptagelar

35.

Alat nu digunakeun pikeun nyimpen sangu nyaeta ....

a)
b)
c)
36.

Unsur Intrinsik Novel nyaeta kecuali ...

a)

Tema

b)

Saran

c)

palaku

d)

Galur

37.

" Angin peuting nyeuleuseup maturan nini anu keur gogoléran dina ambén mikiran salaki can balik ti sawah "

Kalimah diluhur nuduhkeun bagian tina.....

a)

dialog

b)

monolog

c)

prolog

d)

éfilog

38.

Tokoh drama anu miboga peran "Antagonis" disebutna...

a)

Tokoh anu miboga prilaku bageur

b)

Tokoh peran pembantu

c)

Tokoh anu miboga prilaku galak

d)

Tokoh peran utama

39.

Numutkeun hidep, manfaat tina penampilan drama dividéokeun téh sangkan....

a)

Pamér ka kelas séjén

b)

Dianggap ngan saukur tuntas nyumponan tugas basa sunda

c)

Ayana hasil produk pangajaran anu bisa dimanfaatkeun jadi bahan ajar

d)

Pikeun nonton nyeungseurikeun penampilan batur

40.

Faktor anu ngadukung kana penampilan drama sangkan menarik, iwal...

a)

Ayana tata busana anu digunakeun

b)

Terlalu basajan, henteu mentingkeun property anu digunakeun

c)

ngagunakeun ciri khas tata rias saluyu jeung peran

d)

ayana property anu ngadukung nyaluyukeun jeung eusi drama

41.

Penampilan drama anu dilakukeun ku hidep dikelas, bagian tina jenis penampilan drama anu sifatna....

a)

Modern

b)

Tradisional

c)

Basajan

d)

istiméwa

42.

Pék baca sempalan carita dihandap!

    Aki         : Mamah, coba pangnyokotkeun papah cikopi atuh !

    Néné      : Teu kudu ngomong Mamah sagala atuh Ki, urang téh geus karolot, geus Aki-Aki jeung Néné-Néné. Barudak geus galedé malah geus barogaeun budak deui. Ngerakeun.

    Aki         : Nya tos atuh mun kitu mah, Néné pangnyandakeun aki kopi nya!

    Néné      : Memangna ibu tos katingalina kolot pisan Pa, makana Bapa nyebut ka uing téh Néné- Néné?

    Aki         : Nah, kumaha sih digeroan Mamah embung, digeroan Néné kalah ambek-ambekan kitu.

 

    Numutkeun hidep suasana tina sempalan carita di luhur, nuduhkeun...

a)

a. Romantis

b)

b. Serba-Salah

c)

c. Keueung

d)

d. Bungah

43.

Pék baca sempalan carita dihandap!

      Dika        : Heuy barudak aya naon? Tumben kadarieu, hayu dariuk heula.

      Dian        : Urang ngan hayang nyaho, kunaon manéh tara asup sakola Dik salila tilu poé noron,  sabab urang nyaho manéh babaturan urang anu rajin, manéh keur aya masalah?

      Ari          : Heuh Dik, kunaon sababna manéh tara asup, mending ngomong wéh ka urang-urang nu   sabenerna Dik.

      Dika        : Punten sateuacanna, urang sabenerna embung cumarita sabab isin ka maranéh jeung embung nyusahkeun. Urang gawé ngabantuan Indung keur ngaringankeun biaya SPP sakola, sabab urang can mayar. Jeung deui karunya Indung gawé sorangan di Pasar.

      Winda     : Oh kitu, kumaha lamun isukan soré urang ngabantuan manéh dagang nguriling kampung?

      Ari jeung Dian : Hayu, urang satuju !

      Dika        : Nuhunnya barudak, maranéh émang babaturan urang anu balageur pisan.

     

      Numutkeun hidep, kumaha watek Winda dina sempalan carita di luhur....

a)

Sombong

b)

Cuék

c)

Korét

d)

Pedulian

44.

Kampung Babakan Nyongclo atawa Kampung Salapan perenahna di wewengkon Desa Gempol …... Kabupaten Karawang

a)

Kacamatan Telagasari

b)

Kacamatan Neglasari

c)

Kacamatan Banyusari

d)

Kacamatan Gempol

45.

Pangna disebut Kampung Salapan lantaran …

a)

Di tempatan ku Salapan Desa

b)

Di tempatan ku Salapan Jiwa

c)

Di tempatan ku Salapan Kulawarga

d)

Di tempatan ku Salapan Imah

46.

Anu dimaksud Kampung Adat (tradisi) lantaran ...

a)

Mindeng ngalaksanakeun upacara adat

b)

Jadi salah sahiji objek wisata adat

c)

Wargana masih ngukuhan adat karuhun

d)

Imahna mangrupa imah panggung

47.

Urang kudu ngamumule budaya sorangan, supaya ...

a)

Budaya urang teu diaku ku budaya batur

b)

Nembongkeun nyaahna ka karuhun

c)

Nyaah ka nagara

d)

Teu aya nu mirosea

48.

Baheula mah di gigireun imah urang Sunda sok aya … nyaeta tempat neundeun pare

a)

Saung

b)

Leuit

c)

Lio

d)

Kobo

49.

Mana nu nuduhkeun model suhunan julang ngapak?

a)

b)

c)

d)

50.

Tangkal pare nu geus garing disebut ...

a)

Jarami

b)

Jukut

c)

Injuk

d)

Kiray