WorksheetsQuiz Paribasa Sunda
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Harti tina paribasa Bontèng ngalawan kadu, nyaèta .....
Nyaho luarna mungkul
Nu lemah ngalawan nu kuat
Nyebarkeun kagorèngan batur
Pribumi kaèlèhkeun ku sèmah
Si Jalu mah lalampahanna teh sok ngaliarkeun taleus ateul. Harti kecap nu digaris handap nyaèta .....
Nayho luarna mungkul, jerona mah teu apal-apal acan
Gampang atau babari ambeuk
Nyebarkeun kagorèngan batur
Poho Kana Asal
Nyaho luarna wungkul, kana eusina mah teu apal-apal acan. Kalimah eta mangrupakeun harti tina paribasa ......
Monyèt ngagugulung kalapa
Bontèng ngalawan kadu
Hapa-hapa gè ranggeuyan
Jati kasilih ku junti
Budak Ceu Ina mah lamun nanaon tèh babari ngambeuk, salah saeutik tawa salah kecap ge sok tuluy aadatan. Paribasa nu cocok pikeun kalakuanna nyaèta ....
Ambekna sakulit bawang
Kudu Tungkul ka jukut
Ngawurkeun wijèn kana keusik
Kacang Poho Ka Lanjaran
Harti tina paribasa Hapa-hapa gè ranggeuyan, nyaèta .....
Nu lemah ngalawan nu kuat
Pribumi kaèlèhkeun ku semah
Sanajan teu boga harta banda leuheung baè lantaran boga salaki
Resep ngadengekeun kagorèngan batur
Paribasa nu miboga harti Kudu junun jeung cucud dina ngalaksanakeun pagawèan boh keur diri sorangan boh keur batur, nyaèta .....
Kudu tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
Kacang pojo ka lanjaran
Ngawurkeun wijèn ka keusik
Ceuli lèntaheun
Ceuk Pa Kuwu, baheula saacan suksès dikota manèhna pernah gawè bareng tepi di modalan sangkan misah usaha. Geus suksès kieu mah boro mèrè inget gè henteu. Paribasa nu ngagambarkeun pilampah cacaritaan èta, nyaèta ....
Kudu tungkul ka jukut
Kacang poho ka lanjaran
Monyèt ngagugulung kalapa
Ceuli Lèntaheun
Paribasa nu boga harti Ngalakukeun pagawèan nu taya mangpaatna atawa gunana, nyaèta ....
Ceuli Lèntaheun
Janti kasilih ku junti
Ambekna sakulit bawang
Ngawurkeun wijèn ka keusik
Ceu Warsih menang jujuluk
"Ceuli lèntaheun". Kalimah nu dikutip miboga harti ......
Sok dunga dèngè
Teu bisa ngadèngè
Resep ngadèngèkeun kagorèngan batur
Teu daèk ngadèngèkeun
Baheula, bangsa walanda samena-mena pisan cicing di tanah air, tepikeun warga asli katindas. Bisa disebut Jati kasilih ka junti warga asli Indonesia tèh. Harti kalimah nu digaris handap nyaèta .....
Pribumi kaèlèhkeun ku sèmah
Sèmah tumut ka pribumi
Sèmah ti luar nagri nu di siksa
Pribumi nu mikanyaah sèmah lantaran kabageuranna
