Font size
WorksheetsBIANTARA
Total questions: 25
Worksheet time: 47mins
Pamungkas biantara anu eusina kacindekkan jeung saran-saran disebut
salam bubuka
bubuka
eusi
panutup
salam panutup
Biantara anu eusina teh ngeunaan maksud atawa informasi anu rek ditepikeun
Salam bubuka
Bubuka
Eusi
Panutup
Salam Panutup
Hadirin anu dimulyakeun ku Allah SWT, ayeuna urang sami-sami ngariung di pajaratan. Sim kuring sasanggem dina waktos ieu minangka wawakil ti kulawargi Mang Adun, nu tos ngantunkeun urang tadi wengi, kirang langkung tabuh dua belasan, dina yuswa 88 taun. Mang Adun ngantunkeun balukar tina panyakit kanker paru-paru, da éta téa kana ngaroko na kuat pisan.Jejer biantara di luhur nya éta ….
gumbira
miéling Maulid Nabi
milangkala
paturay tineung
kapapaténan
Hadirin anu dimulyakeun ku Allah SWT, ayeuna urang sami-sami ngariung di pajaratan. Sim kuring sasanggem dina waktos ieu minangka wawakil ti kulawargi Mang Adun, nu tos ngantunkeun urang tadi wengi, kirang langkung tabuh dua belasan, dina yuswa 88 taun. Mang Adun ngantunkeun balukar tina panyakit kanker paru-paru, da éta téa kana ngaroko na kuat pisan.
Kira-kira di mana tempat éta biantara dibacakeun?
Pasar
Masjid
Lapangan
Makam
Sakola
Hiji waktu Ridwan salaku ketua OSIS dititah biantara ku guru dina kagiatan mieling poe pahlawan. Biantara nu dipidangkeun ku Ridwan teh ngadadak teu tatahar heula.
Tehnik biantara cara kitu teh kaasup kana tehnik....
ekstemporan
manuskrip
maca naskah
impromtu
memoriter
Biantara téh nyarita di hareupeun balaréa, kalawan eusina luyu jeung tujuan anu rék ditepikeun. Biantara kaasup kagiatan nyarita nu sipatna....sabab biantara ngan saukur diréspon ku salam jeung unggeuk.
monolog
dialog
komunikatif
refresentatif
tukeur-pikiran
Biantara ilaharna ngagunakeun ..., sabab ngajénan hadirin anu ngabandungan biantara.
basa-basi
basa kasar
basa wewengkon
basa lemes
basa loma
Aya opat métode atawa téhnik nu biasa digunakeun dina nepikeun biantara nya éta métode nalar, métode maca naskah, métode ékstémporan, jeung métode langsung. Métode nu biasa digunakeun ku para papanggung saperti Présidén, para Mentéri, Gupérnur, atawa Bupati/Wali Kota nya éta métode….
nalar
maca naskah
ékstémporan
impromptu
ngapalkeun
Biantara formal jeung biantara anu teu formal ditangtukeun ku….
Situasi atawa kaayaan, tempat, jeung nu hadir dina biantara.
Situasi atawa kaayaan, raksukan, jeung naskah biantara.
Situasi atawa kaayaan, raksukan, jeung nu hadir dina biantara.
Jejer, raksukan, jeung naskah biantara.
Jejer, raksukan, jeung nu hadir dina biantara.
Dina nepikeun biantara aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun diantarana kudu béntés ngalisankeun kekecapan jeung henteu loba ngarandeg dina nyarita atawa disebut ogé kudu merhatikeun....
artikulasi
lentong
wirahma
nada
pasang peta
Pa Guru mah...ti...kénéh...engké wengi badé...wayang.
saré, beurang, sabab, lalajo.
saré, siang, sabab, lalajo.
mondok, siang, margi, nongton.
mondok, beurang, margi, nongton.
kulem, siang, margi, nongton.
Kalimah di handap ieu anu ngagunakeun ragam basa anu mernah nya éta….
Pun bapa sareng pun lanceuk kagungan artos anu disimpen di bank.
Pun bapa jeung pun lanceuk gaduh artos anu disimpen di bank.
Pun bapa sareng lanceuk kuring kagungan artos anu diteundeun di bank.
Bapa sareng lanceuk kagungan artos anu disimpen di bank.
Bapa jeung lanceuk gaduh artos anu disimpen di bank.
Patarosan ti Bu Guru téh meni babari, abdi teu hésé ngawalerna.
Kecap anu teu mernah tina kalimah di luhur nya éta….
patarosan, meni, ngawalerna.
meni, babari, hésé.
babari, hésé, ngawalerna.
patarosan, babari, ngawalerna.
Bu Guru, hésé, ngawalerna.
dina nepikeun biantara urang kudu merhatikeun sora anu bedas sangkan kadenge ku balarea. bentes dina nepikeun kecap jeung kalimah dian biantara...
lentong (intonasi)
sora (artikulasi)
pasang peta
wirahma
nada
dina nyusun teks biantara eusina kudu mundel,naon hartina kecap mundel teh...
loba mangfaat jeung loba pulungeunana
luyu jeung aturan nyieun teks biantara
strukturna kudu bener
merhatikeun kaedah-kaedah biantara
dumasar kana struktur biantara
dina nyusun teks biantara, urang kudu bisa ngagunakeun jejer nu aktual, naon ari nu dimaksud aktual teh,...
eusina kudu bener-bener nyata
teu meunang ngarang ku sorangan
strukturna kudu bener
jejerna kudu luyu jeung situasi sarata kondisi kiwari
basa nu digunakeunana kudu kaharti
istilah biantara sarua oge hartina jeung...
nyarita
orasi
orator
demo
moderator
“Sadaya puji kagungan Allah SWT, solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya nabi Muhammad SAW”
Kalimah di luhur mangrupa bagian tina biantara nu disebut…
Do’a
Mukadimah
Salam pamuka
Pangwilujeng
Salam panutup
Nu disebut ngandung wirahma nyaéta…
Omongan nu kudu diatur gancang kendorna jeung tarik halonna
Eusi biantara nu ditepikeun loba mangpaatna
Nyarita dina biantara kudu jelas jeung teges
Basa nu dipake dina biantara alus tur dibarengan ku gaya basa
Biantara nu ditepikeun teh kudu aktual
Abdi mah teu....pulpén warna warni, anu .... Pulpén mah kang agus, waktos kamari ninggal dina méjana.
Pék lengkepan titik, titik nu kosong di luhur.
Boga, kagungan
Gaduh,kagungan
Kagungan, gaduh
Boga, gaduh
Kagungan, boga
