Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Assesmen formatif

Total questions: 10

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Sateuacanna hayu urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Allah Swt., anu parantos maparinan ni'mat séhat ka urang sadaya dugi ka urang tiasa ngumpul ngariung dina ieu pasamoan. Teu hilap solawat miwah salam mugi ngocor ngagolonjor ka jungjunan urang, Nabi Muhammad Saw., anu parantos nuyun umat tina jaman peteng ka jaman anu caang narawangan.

Éta sempalan téks mangrupa bagéan ……

a)

salam bubuka

b)

salam panghormat

c)

mukadimah

d)

sanduk-sanduk (nyuhunkeun dihapunten)

e)

ngahaturkeun nuhun

2.

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar panghampura anu diteda.

Éta sempalan téks mangrupa bagéan……

a)

salam bubuka

b)

salam panghormat

c)

mukadimah

d)

sanduk-sanduk (nyuhunkeun dihapunten)

e)

ngahaturkeun nuhun

3.

Bu Lidia geus ngarancang téks biantara pikeun ditepikeun dina hiji acara tuluy diapalkeun sagemblengna (sadayana) sangkan dina prakprakanana Bu Lidia bisa biantara kalawan teu ngagunakeun téks. Métodeu biantara nu digunakeun ku Bu Lidia nyaéta métodeu ……

a)

maca téks

b)

ngapalkeun

c)

mawa catetan penting

d)

langsung

e)

maca teks upama dibutuhkeun

4.

Dina acara rapat Pa Datam dibéré pancén (tugas) ngadadak pikeun nepikeun biantara ngawakilan ketua panata calagara (panitia). Métodeu biantara nu digunakeun ku Pa Datam nyaéta métodeu ......

a)

maca téks

b)

ngapalkeun

c)

langsung

d)

mawa catetan penting

e)

maca teks upama dibutuhkeun

5.

Sateuacanna sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparinan waktos. Ogé ka réréncangan anu sami-sami hadir, anu nuju bajoang diajar pikeun nyiar élmu pangaweruh.

Éta sempalan téks nepikeun ........

a)

sanduk-sanduk (nyuhunkeun dihapunten)

b)

ngahaturkeun nuhun ka panata acara jeung babaturan nu geus hadir

c)

ngahaturkeun nuhun ka panata acara jeung babaturan nu geus ngaregepkeun biantara

d)

eusi biantara

e)

mukadimah

6.

Anu hoyong didugikeun dina ieu kasempetan téh nyaéta kabingah sim kuring ku ayana alpukah ti OSIS SMA Garuda anu boga karep pikeun ngayakeun pasanggiri kaulinan barudak. Ku ayana éta pasanggiri, hidep parantos némbongkeun kanyaah jeung kacinta kana budaya Indonésia.

Éta sempalan téks mangrupa téks ........

a)

biantara

b)

panata acara

c)

modérator

d)

béwara (pengumuman)

e)

warta (berita)

7.

Bapa kalih ibu hormateun sim kuring. Hayu urang sami-sami bika ieu acara ku aosan basmallah sasarengan, "bismillahirrahmanirrahim".

Éta sempalan téks mangrupa téks ........

a)

biantara

b)

panata acara

c)

modérator

d)

warta (berita)

e)

béwara (pengumuman)

8.

Tah, kitu sadérék pedaran ti Bu Ineu téh. Tandes pisan! Upama urang hayang maju, janten generasi anu mangpaat keur kahirupan bangsa, urang téh kedah seueur maca. Teu ukur maca buku, tapi deuih kudu maca kaayaan, sangkan urang teu sasar lampah.

Éta sempalan téks mangrupa téks ........

a)

biantara

b)

panata acara

c)

modérator

d)

béwara (pengumuman)

e)

warta (berita)

9.

1) sanduk-sanduk (nyuhunkeun dihapunten)

2) mukadimah

3) ngahaturkeun nuhun parantos ngaregepkeun biantara nepi ka réngsé

4) nepikeun jejer (judul)

5) salam panutup

Sawatara hal nu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaéta poin nomor ...........

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

3-4-5

d)

1-3-5

e)

1-2-5

10.

Dina acara perpisahan sakola, kepala SMA Pancasila nepikeun pamapag (sambutan) kalawan maca catetan penting.

Métodeu biantara nu digunakeun ku kepala SMA Pancasila nyaéta métodeu ..........

a)

maca téks

b)

maca téks upama dibutuhkeun

c)

ngapalkeun

d)

mawa catetan penting

e)

langsung