Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

11 BAHASA SUNDA

Total questions: 45

Worksheet time: 2hrs 30mins

Name
Class
Date
1.
Warta teh sok disebut oge berita,Aya oge nu nyebut warta berita (b.Ing:News ) Warta teh mangrupa iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal,boh sawangan boh pamadeugan,dumasar kana kanyataan biasana warta teh sok dimuat dina media citak atawa diumumkeun dina Radio / TV.Ari jalma nu sok nyieunan warta,sok disebut Wartawan atawa jurnalis. Nulis warta mah rada beda jeung nyieun tulisan sejena.ku kituna dina warta mah kudu puguh sagala rupana,copelna kudu nyumponan unsur-unsur pangwanguna anu disebut 5w+1H.Eta Warta diluhrur netelakeun yen Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal,boh sawangan boh pamadeugan,dumasar kana kanyataan disebutna...
a)
bewara
b)
iklan
c)
medsos
d)
warta
e)
amanat
2.
Waruga warta ( B Ind: tubuh warta;evens ) mangrupa eusi atawa inti warta. Eusi warta ilaharna mangrupa jawaban kana lima pananya (5w+1H) ngenaan warta.dina waruga warta didadarkeun (1) kajadian,(2) karakteristik kajadian (3) waktu jeung tempat kajadian (4) saha nu kalibet dina kajadian nu di laporkeun.Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna boh dipake ngajawab pananya...
a)
naon,ku naon, tina naon,ku saha, ti saha, ka saha
b)
saha, naon,iraha,di mana, naha, kamaha
c)
iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana
d)
naon,ku naon,saha, ku saha, mana, di mana
e)
mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana
3.
Naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA ieu dihandap anu lain panjangna tina SARA,Nyaeta...
a)
suku
b)
agama
c)
ras
d)
rasa
e)
antargolongan
4.
Samemeh prung nulis warta, urang kudu wanoh heula kana struktur warta jeung padika nulis warta geus dipedar ti heula,anu ngawengku (1) judul (headline), (2) bubuka (lead), (3) waruga warta (evens), (4) pamungkas warta (end). Dina waruga warta kudu kagambar dadaran warta anu ngajawab pananya 5w+1H. nu disebut lead dina warta teh,nyaeta...
a)
judul warta
b)
bubuka warta
c)
waruga warta
d)
pamungkas warta
e)
nu nuls warta
5.
Warta anu ditepikeun te tangtu kudu anu narik, dina elmu jurnalistik aya istilah “ajen warta” (nilai berita.Ind),nyaeta niley-niley anu kudu dicumponan sangkan hiji kajadian atawa hiji hal bisa diangkat jadi warta.Secara umum,kajaian anu ngandung ajen warta biasa ngandung sababaraha unsur ieu a) Wktu (timeliness) waktu mangrupa ajen warta anu kailang penting. b) Aya patalina atawa hubungan jeung kahirupan balarea (significance) c) Aneh (the unusual ) kajadian anu aneh bakal narik minat pamaca. D) Konflik (coflict) Perang, rajapati ,tawuran,sasengan,din widang politik. E) Kajadian anu deukeut jeung nu maca (Proximity) f) Hal-hal anu kasohor atawa nu geus dipikawanoh kunu maca (prominence) g) Hal-hal anu matak nimbulkeun rasa simpati atawa matak ngahelas anu maca (human interest)Eta warta di luhur anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajen warta ,nyaeta...
a)
Waktu (timeliness)
b)
Aya patalina jeung kahirupan balarea (significance)
c)
Aneh (the unusual)
d)
Konflik (conflict)
e)
Pawarta
6.
Deldom mangrupa angkutan delman nu ditarik ku Domba,anu ngan kapanggih di alun-alun…
a)
Ujung berung jeung Soreang
b)
Cianjur jeung Sukabumi
c)
Garut jeung Ciamis
d)
Ciamis jeung Banjar
e)
Garut jeung Tasik
7.
Eta nu daremo teh /ngagegekan buruan Polda Jabar/dina orasina/anu arunjuk rasa ngadongsok/sangkan Polda bisa sagancangna ngrengsekeun kasus korupsi bantuan sosial atawa bansos kabupaten Bandung Taun 2005-2006 nu nitih 3 miliar teh geus dikorupsi /eta unjuk rasa kungsi di eureunkeun ku polisi lantaran eta mahasiswa teh arasup ka buruan Gedung Polda Jabar ieu naskah diluhur netelakeun yen,Mahasiswa Islam Indonesia anu demo teh ngadongsok sangkan...
a)
Polisi gancang ngarengsekeun korupsi Bansos Kabupaten Bandung
b)
nalungtik dana APBD Kabupaten Bandung 2004-2005
c)
para mahasiswa ditarima di jero gedung
d)
para mahasswabisa ditepikeun orasina hareupeun kapolda Jawa Barat
e)
para mahasiswa bisa ditepikeun orasina tetp di buruan
8.
Pikeun nanyakeun “kaayaan “ilaharna digunakeun kecap panya…
a)
naon
b)
mana
c)
Kumaha
d)
naha
e)
naon sabab
9.
ieu dihandap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina Radio.nyaeta kudu…
a)
nataharkeun heula naskahkeur siaran,ulah nyingeung SARA
b)
paham kana eusi naskah
c)
Latiha vokal (sora)
d)
make basa anu etis (sopan ,bener,tur merenah)
e)
make baju anu alus serasi
10.
Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang maca warta boh dina Radio atawa TV kahiji.kudu bisa maca naskah, Kadua. Maca warta dina TV kudu alus peta jeung dangdanan, Katilu,maca warta dina TV atawa radio kudu alus artikulasi,lentong,kalawan sora ngoncrang ,kaopat, hal-hal anu patalina jeung tehnis biasana di tangtukeun ku unggal stasiun TV atawa radio,Umpamana wae cara diuk merenahkeun alat-alat elektronik kayaning mi Hal-hal anu henteu kaasup kana padika maca naskah warta,nyaeta kudu...
a)
bisa maca naskah warta
b)
Alus peta jeung dangdanan (mun dina TV )
c)
marahmay (mun dina Radio )
d)
alus artikulasi ,lentong,jeda,jeung ngonrang sora
e)
keuna dina cara diuk jeung make mik
11.
Novel teh sok disebut oge roman.Novel asal tina basa latin,novus (anyar) robah jadi ,novellus.terus robah deui jadi novel.Arinu disebut novel teh nyaeta prosa rekaan (fiksi)panjang dina wangun lancaran tur alur caritana ngaran cabang ( kompleks )Novel mah biasana tokohna loba,alurna panjang,latarna laluasa,tur eusi carita nyaritakeun kahirupan sapopoe langka novel nu eusina unsur pamohalan saperti dongeng. Karangan rekaan dina wangun lancaran ( prosa fiksi ) anu Panjangna tur alur caritana ngarancabang (kompleks )di sebut...
a)
carpon
b)
cartibang
c)
hikayat
d)
dongeng
e)
novel
12.
Dina kamekaran sastra Sunda,novel teh dianggap karya sastra sampeureun tina sastra walanda.Novel nu pangheulana nu medal dina sastra Sunda judulna, Baruang ka nu ngorana karya D.K.Ardiwinata (1914) leuwih ti heula ti batan novel dina basa Indonesia,Azab dan Sengsara karangan Marari Siregar anu mimiti medal dina taun 1920. Novel munggaran dina sastra Sunda,nyaeta...
a)
Gogoda ka nu ngorana karya M.A.Salmun
b)
Pangeran komel karya R.Memed Sastrahadiprawira
c)
Baruang ka nu ngorana karya D.K.Ardiwinata
d)
Pipisahan karya R.A.F
e)
Lain Eta karya Moh.Anbri
13.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel,nyaeta…
a)
karangan nonfiksi
b)
tokohna loba
c)
alurna panjang
d)
latarna laluasa
e)
eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe
14.
Baca sempalan novel Demung Janggala di handap ieu! “Demung....,Demung...! ka mana si Demung? “Da tadimah di pipir,Abahna rek naon kitu?” pamajikanana norojol ti dapur.can kaburu katembalan,da anu ngageroanana kaburu datang manten. “Ti mana ari maneh?” “Tas ti pasir,Bah,”tembalna. “Tuh ku dewek geus dipangnyieunkeun lelempagan teh,tilu. Ruyungna oge mani geus herang.Pek geura ajaran ku ilaing!” Di pangnyieun keun naon Si Demung ku Bapa kukutna?...
a)
Katepel
b)
Langlayangan
c)
Sumpit
d)
Lelempegan
e)
Panggal
15.
Baca ieu sempalan novel di handap! Cing sabaraha deupa maneh kuat ngalempagkeunan.lamun geus bisa tinu rada jauh,bari nancebna bener,engke ku kuring pangneangankeun tumbak enyaan.Urang pesen ka Si Salhiam,pandai anu di lebak tea.” “Apan Abah oge boga tumbak mah,anu di tendeu di goah” “Wuah,tumbak goreng patut.Geus medu-medu acan janggalana oge” “Naon janggala teh Bah?” “Heueuh,seuseukeut tumbak teh ngarana janggala,”tembal Bapa kukutna. “Naha meni sarua pisan jeung ngaran lembur urang “Demung rada Kerung “ “Heueuh,pan lahar lembur urang teh,mencos siga seuseukeut tumbak. Ari seuseukeut tumbak teh naon disebutna...
a)
Pamatang
b)
Janggala
c)
Simpay
d)
Perah
e)
Gondewa
16.
“Meureun enya,jauh.Dewek oge ukur semet dedenge tara” Babasan dedenge tara dina eta kalimah ngandung harti...
a)
Ngadenge beja tapi teu puguh leunjeuranana
b)
Ngadenge beja teu pati jelas
c)
Ngadenge beja anu can puguh bener henteuna
d)
Beja nu dibejakeun deui kanu sejen
e)
Teu mere beja pisan
17.
“Manehna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta daging” Pari basa keur meujeuhna buta tulang buta daging dina eta kalimah ngandung harti keur meujeuhna...
a)
dipiara hade-hade
b)
beuki dahar
c)
daekeun mun dititah
d)
gede napsu hirup di dunya
e)
hese mun eititah
18.
“Kabeneran wae harita taya nu nganyahoankeun,waktu Akang keur aduregeng teh,” omng si Joban. Kecap nganyahoankeun dina kalimahdi luhur ngandung harti...
a)
papanggih
b)
nempoeun
c)
nyarita
d)
ngomong
e)
bebeja
19.
Kecap rundayan dirarangkenan Ka-an nu hartina’teu dihaja’,aya dina kalimah...
a)
Mang Juned Kacilakaan dijalan cagak
b)
Basa balik ti ksakola,Dadan kahujanan di jalan
c)
Kang Ubun teh Kabuktian henteu salah
d)
Balik ti Pangandaran teh kapeutingan da macet di jalan
e)
Kurinh kabeuneran panggih jeung manehna di pengkolan
20.
Kawali puser dayeuh Nagri Sunda taun 1356 Masehi.Dua jaga baya,panona mencrong nyureng ka jauhan di wates dayeuhna. Panon poe luhureun embun-embunan.Lebu ngebul tukangen opat kudanu keur lumpat tarik. Opat lalaki nu numpakna bajuna ges jibreg ku kesang.Basa geus deukeut kapaleubah jagabaya,opat kudana lumpatna ngendoran,ngajigjrig tepi karegna eureun. Kula opatan datang ti jauhna ,ti nagri Majapahit.Kula di utus ku Ratu pikeun neupungan Maha Raja Sunda.....,ceuk lalaki nu pangkolotna bari ngasongkeun bungkusan leutik. Bagian 1 novel Perang Bubat nyaritakeun ngenaan...
a)
Dayeh Kawali dina kaayaan tiis tingtrim
b)
Opat urang semah ti Majapahit
c)
Dayeuh Kawali kadatangan semah ti Majapahit
d)
Patepungna semah ti Majapahit jeung Jagabaya Nagri Sunda
e)
Dua urang jagabaya wates Nagri Sunda
21.
Tulisan ngenaan kahirupan saurang jalma,disebutna...
a)
geografi
b)
monografi
c)
biografi
d)
leksikografi
e)
paleografi
22.
Nilik saha-sahana nu nulisna,biografi teh dibagi jadi dua wanda 1. Autobografi atau Otobiografi,nyaeta biografi anu ditulis kusorangan.Hartina jalma anu nulis tehnyaritakeun biografi sorangan 2. Biografi ,nyaeta ditulis ku batur.Hartina nu nulis biografina teh lain manehna,tapi batur dumasar padika nuliskeunana ,biografi dibagi dua: a) Authoried Biography,nyaeta biografi anu di tulis ku batur tur aya widi/idin ti tokoh anu nulis biografina. b ) Unauthoried Biography ,nyaeta biografi anu ditulis ku batur tapi euweuh widi/idin ti tokoh anu ditulis biografina,Eta di luhur anu henteu kaasup kana wanda jeung sipat riwayat hirup,nyaeta...
a)
Otobiografi
b)
Biografi
c)
biografi
d)
Unauthoried Biograhpy
e)
Elekctic Biograhpy
23.
Ieu dihandap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi,nyaeta...
a)
ngaran,tempat,titmangsa,lahir,jeung kulawarga
b)
cita-cita jeung pangalaman atikan
c)
kakayaan jeung harta banda nu dipiboga
d)
pangalaman gawe jeung organisasi
e)
prestasi nu kungsi kacangking
24.
Sabada rengse sakola di MULO taun 1929,Ukar Bratakusumah hijrah ka Jakarta neruskeun atikan di Algemen Middelbare School (AMS) bagian ilmu pasti jeung ilmu Alam.Di AMS Ukar Bratakusuma oge aktif jadi anggota Perkumpulan Pemuda Indonesia.Malah unggal mulang nyuprih elmu,Ukar Bratakusuma sok ngayakeun kumpulan jeung babaturan.Dina eta riungan anu di sebut Indonesia Club,biasa sok di ayakeun acara tuker pikiran atawa sawala ngenaan politik,minangka kagiatan sejena,Ukar oge aktif di Studenten Club (BS) ,organisasi tempat ngumpulna para mahasiswa nu hayang apal kana Politik Praktis. 24. ieu kutipan di luhur anu teu kaasup kan tempat nungtut elmuna tokoh Ir.R.H.Ukar Bratakusumah, nyarta...
a)
HIS
b)
MULO
c)
Studenten Club
d)
AMS
e)
ITB
25.
Taun 1936,Ukar Bratakusumah ngarengsekeun pendidikanana di THS kalayan nyangking gelar Insinyur Sipil dina waktu ngan opat taun.Sataun ti harita Oto Iskandar Dinata dina kongres Pagoejoeban Pasoedan di Cianjur kapeto jadi Pupuhu.Pengurus Besar Pagoeyuban Pasoendan (Paguyuban Pasundan Ayeuna). Ku Oto Iskandar Dinata,Ukar Bratakusumah di benum jadi Sekretaris (Sekretaris Jenral ayeuna mah) Paguyuban Pasundan. Tokoh Ir.R. H.Ukar Bratakusumah teh babarengan jeung R.Oto Iskandar Dinata waktu di...
a)
Paguyuban Pasundan
b)
HIS
c)
MULO
d)
AMS
e)
ITB
26.
Taun 1936,Ukar Bratakusumah ngarengsekeun pendidikanana di THS kalayan nyangking gelar Insinyur Sipil dina waktu ngan opat taun.Sataun ti harita Oto Iskandar Dinata dina kongres Pagoejoeban Pasoedan di Cianjur kapeto jadi Pupuhu.Pengurus Besar Pagoeyuban Pasoendan (Paguyuban Pasundan Ayeuna). Ku Oto Iskandar Dinata,Ukar Bratakusumah di benum jadi Sekretaris (Sekretaris Jenral ayeuna mah) Paguyuban Pasundan.Patali jeung widang atikan,tokoh Ir.R.H.Ukar Bratakusumah kungsi nyekel kalungguhan jadi rektor...
a)
UI
b)
UPI
c)
IPB
d)
ITB
e)
Unpad
27.
Sawatara kalungguhan penting dina widang pamarentahan kungsi di cangking ku Ir.RH.Ukar Bratakusumah,antara taun 1939-1981. Diantarana wae kungsi dibenum jadi anggota Gemeenteraad Bandung,anggota direksi Surat Kabar” Sipatahoenan” redaksi Surat Kabar “Sepakat” Direktur Tekhnik Kota Bandung,Wali Kota Muda Bandung,Anggota Komite Nasional Indonesia Pusat.Wakil Ketua Komite Nasional Indonesia Priangan, Gubernur Jawa Barat,diperbantukeun Kominsaris Pengganti Pemerintah Nagara Pasundan,diperbantukeun Perdana Menteri kalayan pancen ngabantu Departemen Pertahanan dina urusan kaamanan jeung ngabentuk lembaga anyar nu di sebut Biro Konstruksi Nasional. Patali jeung Ka Sundaan,tokoh Ir.R.H. Ukar Bratakusumah kungsi ilubiung jadi anggota Dreksi...
a)
Majalah Mangle
b)
Koran Galura
c)
Koran Kujang
d)
Koran Giwangkara
e)
Koran Sipatahoenan
28.
Taun 1932,Ukar Bratakusumah lulus ti AMS.Otomatis pisah jeung babaturannana anu isuk jaganing geto bakal tepung deui dina kancah perjoangan ngarebut kamerdekaan jeung mempertahankeun proklamasi kamerdekaan Indonesia. Ungkara “Taun 1932,Ukar Bratakusumah lulus ti AMS” kaasup kana kalimah...
a)
wawaran
b)
pananya
c)
panyeluk
d)
parentah
e)
pangharepan
29.
Nilik kana tekanan (Aksen) waktu ngedalkeunana,kalimah wawaran basa Sunda teh mibanda tilu rupa lentong. (a) Aksen dinamis,nyaeta lentong kalimah anu engang panungtungna dikedalkeun lewih tarik. (b) Aksen tonis,nyaeta kalimah anu salah sahiji tina engangna dikedalkeun leuwih tarik tur panjang. (c ) Aksen temporal,nyaeta lentong kalimah anu salah sahiji engangna dikedalkeun luhur handap tur panjang pondok. Lentong kalimah anu salah sahiji engangna dikedalkeun luhur handap tur panjang pondok,disebutna aksen...
a)
tonis
b)
dinamis
c)
temporal
d)
lokatif
e)
situasional
30.
Ieu dihandap anu teu kaasup kana jasa-jasa Raden Dewi Sartika,nayeta...
a)
ngadegkeun “Sakola Kautamaan Istri”
b)
milu bajuang ngalawan pangjajah walanda
c)
nyusun buku ngenaan kalungguhan wanoja Sunda
d)
ngasongkeun pamadegan yen adat istiadat feodal teh bisa dirobah
e)
ngabela hak jeung kalungguhan wanoja Sunda
31.
Lian ti wawacan,dina karya sastra Sunda aya oge nu disebut guguritan. Guguritan ge ditulisna make patokan pupuh. Istilah “ guguritan” asal tina kecap gurit (sansakerta: grath nyusun karangan ).Guguritan anu oge disebut dangding teh karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok nu disusun dina hiji wanda pupuh.Eusina nyaritakeun hiji kajadian, kaayan alam atawa rarasaan ( poko pikiran ) nu ngarangna. Carita panjang anu didangding tur digelarkeun dina puisi pupuh disebut...
a)
beluk
b)
wawacan
c)
guguritan
d)
carita pantun
e)
hikayat
32.
Anu ngabedakeun wawacan jeung guguritan ,nyaeta...
a)
guru gatra jeung watek pupuh
b)
panjang karangan jeung wanda pupuh
c)
struktur carita jeung motif carita
d)
palaku carita katut watekna
e)
latar jeung situasi eusi karangan
33.
Nilik kana wanguna,jumlah pupuh teh aya 17.pupuh anu pangmindengna dipake ngrang guguritan teh,diantarana wae,Kinanti,Sinom,Asmarandana,jeung Dangdanggula. Sok disingget,jadi KSAD. Kukituna ,eta opat pupuh teh sok disebut Sekar ageung,ari sesana sok disebut Sekar alit. Unggal pupuh mibanda watek jeung patokan anu beda-beda anu diluyukeun kana cara ngahariringkeunana. Pupuh anu mindeng dipake dina wawacan ,kaasup Sekar ageung,nyaeta...
a)
Kinanti,Sinom,Asmarandana,Dangdanggula
b)
Kinanti,Sinom,Maskumambang,Durma
c)
Kinanti,Mijil,Pucung,Wirangrong
d)
Kinanti,Sinom,Asmarandana,Durma
e)
Kinanti,Asmarandana,Magatru,Pucung
34.
Najan ditulis dina wangun pupuh,tapi wawacan teh eusina ngalakonkeun jadi carita.Kumaha we carpon novel urang bisa manggihan (1) tema,(2) palaku,(3)latar,(4) galur carita,(5) puser sawangan, (6) amanat. Dina waawacan teh digunakeun rupa-rupa pupuh pikeun ngagambarkeun rupa-rupa...
a)
palaku
b)
amanat carita
c)
situasi (kaayaan )
d)
gayabasa
e)
galur carita
35.
Kacaturkeun karajaan Talaga nu dipingpin ku hiji rajanu nelah. Raja Talaga Manggung. Raja Talaga Manggung boga anak dua nyeta nu cikal ngarana Raden Panglurah jeung nu bungsu ngarana Simbar Kancana.Simbar Kancana geus boga salaki, ngarana Palembang Gunung.Dina hiji waktu Raden Panglurah dititah tapa ka Gunung Bitung ku ramana.Tujuanana pikeun ngabersihkeun diri Tokoh utama dina wawacan Simbar Kancana nyeta...
a)
Raden Panglurah jeung Simbar Kancana
b)
Centang Barang jeung Palembang Gunung
c)
Ajar Garasiang
d)
Ajar Kutamangu
e)
Raja Talaga Manggung
36.
Minangka karangan panjang dina wangun pupuh,wawacan teh sok dihaleuangkeun. Ngahaleuangkeun wawacan teh disebutna…
a)
mantun
b)
nembang
c)
ngawih
d)
beluk
e)
nadoman
37.
Ieu dihandap anu henteu kaasup kana judul wawacan ,nyaeta...
a)
Babad Mekah
b)
Mantri Jero
c)
Sajarah Ambiya
d)
Sri Dangdayang tresna Pohaci
e)
Sajarah Sunan Gunung Jati
38.
Ieu dihandap unsur-unsur prosa fiksi anu aya dina wawacan anu mangrupa carita,nu teu kaasup kana wawcan mangrupa carita nyaeta...
a)
tema
b)
palaku
c)
galur
d)
amanat
e)
wirahma
39.
Proses ngawangun kecap make rarangken tengah disebutna ngararangkenan tengah atawa infiksasi. Ari kecap hasil ngararangkenan disebutna kecap rundayan. Rarangken tengah teh aya tilu,nyaeta : 1) Rarangken tengah -ar/-al Contona : bodo Jadi barodo,nyeri jadi nyareri, leuleus jadi laleuleus, lieur jadi lalieur. 2) Rarangken tengah -in Contona : panggih jadi pinanggih, Satria jadi sinatria. 3) Rarangken tengah -um Contona : geulis jadi gumelis, sujud jadi sumujud. 3 Ieu diluhur henteu kaasup kana kecap nu dirarangkenan tengah ,nyaeta...
a)
kumecrot
b)
tinangtu
c)
karancang
d)
balageur
e)
daratang
40.
anu teu kaasup kana kecap nu dirarangkenan tengah -al-,nyeta...
a)
balantik
b)
lalucu
c)
lalogor
d)
balageur
e)
daratang
41.
Naon bedana wawacan jeung guguritan ?
4 lines
42.
Naon bedana antara biografi jeung otobiografi ?
4 lines
43.
Naon sebabna pupih kinanti,Sinom,Asmarandana,jeung Dangdanggula disebut sekar ageung ?
4 lines
44.
Teks pupuh Ari dur bedug subuh, arek hudang masih keneh tunduh, rarasaan diengke-engke guguling, tatapi lamun diturut, tangtu salat kudu kodo. Cik tangtukeun guru wilangan jeung guru laguna! Kaasup kana pupih naon ngarana ?
4 lines
45.
Jieun kalimah make kecap : lalanjung, lalieur, jeung lalungse !
4 lines