wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BASA SUNDA KELAS 7

Total questions: 45

Worksheet time: 2hrs 41mins

Name
Class
Date
1.

Oray-orayan

Luar-leor ka sawah

...


Kakawihan eta dikawihkeun dina kaulinan barudak?

a)

Dam-daman

b)

Eundeuk-eundeukan

c)

Paciwit-ciwit lutung

d)

Oray-orayan

2.

(teks pupujian)

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Beurang peuting ulah weleh

Bisina kaburu paeh

....


Isi pupujian itu adalah

a)

Ajakan menuntut Ilmu

b)

Ajakan memanfaatkan waktu

c)

Ajakan beribadah

d)

Ajakan saling mengingatkan kesabaran

3.

(teks pupujian)

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara

Umur anjeun di dunya teh moal lila

....


Isi pupujian di atas adalah

a)

Mengingatkan kematian

b)

Mengingatkan beribadah

c)

Mengingatkan bersolawat nabi

d)

Mengingatkan tentang zakat

4.

Iklan Layanan Masyarakat ieu maksudna, ngajak cicing di imah supaya dijauhkeun tina panyakit

a)

panas

b)

corona

c)

sesek napas

d)

batuk

5.

Iklan Layanan Masyarakat ieu maksudna, ngajak supaya urang sarerea ngajauhkeun diri tina...

a)

tutuwuhan

b)

akar-akaran

c)

jarum suntik

d)

Narkoba

6.

Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun solat


Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....

a)

Opat padalisan

b)

Tilu padalisan

c)

Dua padalisan

d)

Sapadalisan

7.

Mun hayang juara kelas kudu.......diajar

a)

Getol

b)

Kedul

c)

Berehan

d)

Amis budi

8.

Ceu Mariam mah Amis budi.

Amis budi hartina......

a)

Hade akhlakna

b)

Hade rarayna

c)

Hade awakna

d)

Hade turunanana

9.

Kecap-kecap ieu di handap kaasup kana kecap rundayan anu dirarangkenan ku rarangken tukang ing-/ning-, iwal.....

a)

Estuning

b)

Rasaning

c)

Suling

d)

Papadaning

10.

Siswa : "Wilujeng enjing, pa!"

Guru Silat : ...............................................................

Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta....

a)

Wilujeng enjing

b)

Wilujeng siang

c)

Aya naon jang?

d)

Bade kasaha ceu?

11.

Baca cutatan dongéng ieu pikeun ngajawab soal nomer 9 jeung 10!

Usum katiga kawilang panjang, panon poé karasa panas morérét. Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun, peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta. Geus teu werateun jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun. Awakna begang kari kulit jeung tulang. Leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna, ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung Ieu geuning hakaneun aing téh, ceuk ajag. Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik! pokna deui bari angger babaung.


Kaasup kana jenis dongéng naon cutatan di luhur?

a)

babad

b)

sasakala

c)

fabel

d)

parabel

12.

Ieu di handap, ungkara iklan layanan masarakat ieu eusina pangajak, iwal ....

a)

Sing Irit Maké Listrik

b)

Sing Taat Mayar Pajeg

c)

Singkahan Narkoba

d)

Sing Getén Miara Leuweung

13.
Kecap pananya keur naroskeun ngaran tempat nyaeta ….
a)
di mana
b)
saha
c)
kumaha
d)
sabaraha
14.
Aya … murid kelas 6E? Aya 20 urang.
a)
sabaraha
b)
kumaha
c)
di mana
15.

Sasangkala Tangkuban Parahu kasohor nyaritakeun kasaktian .....

a)

Malin Kundang

b)

Jaka Tarub

c)

Sangkuriang

d)

Gatot Kaca

16.

Manehna teh jadi kiper lantaran .....

a)

nyepak pinalti

b)

ngajaga gawang

c)

maju ka hareup

d)

pamaen sayap

17.

“Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!”

a)

ka tukang

b)

ka payun

c)

ka pengker

d)

ka warung

18.

Dinten jumaah kamari Pun Aki…di Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung

a)

Paéh

b)

palastra

c)

maot

d)

pupus

19.

Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna

a)

Carpon

b)

Dongéng

c)

Skétsa

d)

Fiksimini

e)

Biografi

20.

Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng

a)

Parabel

b)

Légénda

c)

Sage

d)

Mite

e)

Babad

21.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta

a)

Sakabéh eusi caritana bohong

b)

Teu jelas anu ngarangna (anonIm)

c)

Sumebarna tatalépa sacara lisan

d)

Ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

Awalna kagolong kana sastra tulisan

22.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita nyaéta

a)

Téma

b)

Palaku

c)

Purwakanti

d)

Galur

e)

Latar

23.

Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé nyaéta

a)

Sangkuriang kahampangan

b)

Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang

c)

Sangkuriang nyieun parahu

d)

Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang

e)

Sangkuriang saenyana anak raja

24.

“Punten Wan, pangyandakkeun buku basa Sunda dina kantong!”

Nilik kana gunana éta kalimah téh kaasup kana kalimah

a)

Paménta

b)

Panitah

c)

Panyarék

d)

Pangjurung

e)

Pangwawadi

25.

Ieu di handap anu teu kaasup kecap-kecap anu ilahar dipaké dina kalimah paréntah,

a)

Mangga

b)

Cing

c)

Punten

d)

Wah

e)

Hayu

26.

Unggal soré Abdul mindeng ngupingkeun dongéng dina radio. Lian ti jadi hiburan, tina dongéng ogé sok meunangkeun hiji pangajaran pikeun Abdul. Unsur pangajaran anu aya dina dongéng disebut

a)

Téma

b)

Watek

c)

Jejer

d)

Amanat

e)

Palaku

27.

(1) Caritana jalma biasa

(2) Tokohna mangrupakeun sasatoan

(3) Salasahiji conto dongéngna Siluman Oray

(4) Eusi caritana ngeunaan kapahlawanan

(5) Dongéng anu kawéntarna Si Kabayan


Dumasar ciri-ciri anu disebutkeun di luhur, anu kaasup jenis dongéng Mite jeung Sagé nyaéta

a)

2 jeung 1

b)

3 jeung 2

c)

3 jeung 4

d)

5 jeung 4

e)

1 jeung 5

28.

Gancang atuh geura mandi, geus beurang


Kaasup kalimah paréntah wanda

a)

Panitah

b)

Pangjurung

c)

Panggeuri

d)

Panyarék

e)

Pangharepan

29.

Cing pangmawakeun gelas di dapur


Kaasup kalimah paréntah wanda

a)

Panitah

b)

Pangjurung

c)

Panggeuri

d)

Panyarék

e)

Pangharepan

30.

Minangka carita, dongeng teh ngandung unsur...

a)

Palaku, galur carita, gaya basa

b)

Palaku, gaya basa, jeung suasana

c)

Palaku, galur carita, jeung latar

d)

Galur carita jeung suasana

e)

Latar carita jeung gaya basa

31.

1. Naon ari iklan teh ...

a)

Omongan anu eusina pangumuman

b)

Caritaan anu ngandung eusi pamohalan

c)

Teks anu eusina midangkeun hiji pasualan kalawan jelas jeung objektip

d)

Bentuk media kanggo promosikeun sagala hal

32.

2. Tujuan iklan aya sabaraha rupa ...

a)

2

b)

3

c)

4

d)

5

33.

3. Dihandap ieu nu teu kaasup kana tujuan iklan nyaeta ...

a)

Komersil

b)

Non Komersil

c)

Bewara

d)

Promosi

34.

5. Upami iklan komersil mah ngandung tujuan kanggo meunangkeun kauntungan ...

a)

Materi

b)

Peserta

c)

Jabatan

d)

Perusahaan

35.

4. Iklan anu henteu ngudag kauntungan materi nyaeta ...

a)

Komersil

b)

Non Komersil

c)

Wawaran

d)

Promosi

36.

10. Lamun urang nongton Youtube di hape sok manggihan iklan, tah eta iklan ka asup mediana ...

a)

Audio

b)

Visual

c)

Audio Visual

d)

Media Cetak

37.

12. Conto iklan di luhur ka asup kana tujuan iklan ...

a)

Komersil

b)

Non Komersil

c)

Bewara

d)

Wawaran

38.

11. Conto iklan di luhur ka asup kana tujuan iklan ...

a)

Komersil

b)

Non Komersil

c)

Bewara

d)

Wawaran

39.

Kecap umum tina manggul, ngajinjing, ngelek nyaeta ….

a)

ngala

b)

mawa

c)

ngali

d)

migawe

40.

Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ngabogaan harti konotatif?

a)

Kembang malati seungitna nyambung ka mana-mana.

b)

Jalma beunghar mah kudu loba sodakoh.

c)

Geus pada apal Linda téh kembang Désa di lemburna.

d)

Lamun beunghar ku raja kaya ulah korét.

41.

Anu disebut purwakanti dina rumpaka pupujian téh nyaéta….

a)

Gagasan poko anu rék ditepikeun ku nu ngarang rumpaka pupujian ka nu maca

b)

Pesen pangarang anu karasa ku nu maca

c)

padeukeut atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah

d)

sikap pangarang ka nu maca

42.

Ngagalindengkeun pupujian téh disebutna….

a)

Nadoman

b)

Déklamasi

c)

Manggung

d)

Monolog

43.

Saha nabi anu mulya tur asalna ti bangsa Arab Qurés téh?

a)

Nabi Muhammad SAW

b)

Nabi Adam AS

c)

Nabi Isa AS

d)

Nabi Sulaéman AS

44.

Sadérék rieut mastaka? Landongan ku Panadol, pasti damang!

Wacana di luhur disebut…..

a)

Wawaran

b)

Warta

c)

Beja

d)

Iklan

45.

Di antara tatakrama nepikeun wawaran secara lisan téh….

a)

Sikep awak kudu sangeunahna

b)

Sora kudu ngoncrang tur écés

c)

Maké baju weuteuh tur mahal

d)

Kudu bari diuk dina korsi