wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Soal ujian bahasa sunda kelas 8

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Tokoh anu ngalakonan dina carpon disebutna...




a)

A. Palaku

b)

B. Latar

c)

C. Lalakon

d)

D. Galur

2.

Anu disebut latar dina carpon teh...

a)

A. Gagasan nu ditepikeun ku pangarang

b)


B. Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

c)

C. Jalan carita atawa runtuyan kajadian dina carita

d)

D. Perkara nu bisa di pahami eusi caritana

3.

Pancén panata acara téh di antarana .....

a)

A. Maoskeun ayat suci Alqur'an sareng saritilawahna

b)

B. Nepikeun laporan ngawakilan panata calagara

c)

C. Ngatur jalanna acara ti mimiti nepi ka réngsé

d)

D. Nangtukeun saha waé nu kudu ngeusi acara

4.

Panata acara sok disebut ogé .....

a)

A. Narasumber

b)

B. Moderator

c)

C. Penyiar

d)

D. Protokol

5.

Runtuyan acara dibuka ku .....

a)

A. Biantara

b)

B. Salam bubuka

c)

C. Hiburan

d)

D. Salam panutup

6.

Bédana carpon jeung dongéng nya éta .....

a)

A. Carpon mah caritana leuwih panjang ti dongéng

b)

B. Carpon mah eusina henteu ngandung unsur pamohalan kawas dongéng

c)

C. Carpon mah caritana leuwih pondok ti dongéng

d)

D. Carpon mah nyaritakeun manusa, dongéng mah nyaritakeun sasatoan

7.

Ieu dihandap nu teu kaasup (yang tidak termasuk) kana acara resmi diatur ku pangjejer acara, nyaeta .....

a)

A. Upacara adat di nu hajat

b)

B. Ulang Tahun

c)

C. Upacara bandera

d)

D. Upacara adat di nu hajat

8.

Dina prakna, panata acara sorana kudu .....

a)

A. Laun jeung béntés

b)

B. Tarik jeung béntés

c)

C. Bedas jeung béntés

d)

D. Ngagorowok jeung béntés

9.

Ieu dihandap ditataan runtuyan nu sok aya dina acara resmi, iwal (kecuali) .....

a)

A. Niup lilin jeung motong kueh

b)

B. Acara poko

c)

C. Bubuka

d)

D. Pangbagea/ sambutan

10.

Dongeng anu nyaritakeun asal usul kajadian suatu tempat, benda, binatang, atawa tutumbuhan. Dina bahasa Sunda nyaeta...

a)

A. Dongeng fabel

b)

C. Dongeng Mite

c)

B. Dongeng Sasakala

d)

D. Dongeng Parabel

11.

Carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan teh disebutna...

a)

A. Dongeng

b)

C. Novel

c)

B. Sajak

d)

D. Carpon

12.

Salah sahiji ciri tina karangan dongeng teh nyaeta....

a)

A. Palakuna Jin jeung siluman

b)

B. Sumebarna sacara lisan

c)

C. Loba dtulis dina buku jeung majalah

d)

D. Loba dtulis dina buku jeung majalah

13.

Sipat tokoh Nyi Endit dalam dongeng sasakala "Situ Bagendit"

a)

A. welas asih (pengasih)

b)

B. Berehan (pemurah)

c)

C. Pedit (kikir)

d)

D. Ngedul (malas)

14.

Dongeng nu eusina nyaritakeun sasatoan ( hewan ) kalawan paripolahna saperti manusa disebut...

a)

A. Sage

b)

B. Parabel

c)

C. Fabel

d)
15.

Nu disebut dongeng legenda nyaeta...

a)

A. Dongeng nu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa asal muasal hiji tempat, hal, barang sasatoan jeung tutuwuhan

b)

B. Dongeng nu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa nu sikapna mahiwal ( beda dari yang lain)

c)

C. Dongeng nu erat patalina jeung kapercayaan masarakat

d)

D. Dongeng nu eusina nyaritakeun hiji kajadian , jalma nu aya patalina jeung sajarah

16.

Dina dongeng Sangkuriang jadi naon parahu nu ditajong (ditendang ) ku Sangkuriang nepi ka nangkub teh?

a)
b)

B. Gunung Bukit Tunggul

c)

C. Gunung Galunggung

d)

D. Gunung burangrang

17.

"trang treng trong” kaasup kana kecap rajekan …

a)

A. Dwimurni

b)

B. Dwireka

c)

C. Trilingga

d)

D. Dwimadya

18.

Wawanian si wawan ka urang.

kalimah di luhur kaasup kana kecap rajekan …

a)

A. Dwimurni

b)

B. Dwipurwa

c)

C. Dwireka

d)

D. Dwimadya

19.

“Persib Maung Bandung kamari jadi juara dina piala presiden.” Eta kalimah téh ngandung gaya basa….

a)

a. Mijalma

b)

b. Euphimismeu

c)

c. Litotés

d)

d. Metafora

20.

“Mani asa mobok manggih gorowong, keur mah hayang milu ari pék aya nu ngajak”. Paribasa mobok manggih gorowong dina kalimah di luhur ngandung harti….


a)

a. Boga kahayang tapi kahontal

b)

b. Boga maksud tapi teu panggih pijalaneunana

c)

c. Jalma nu teu boga kahayang

d)

d. Boga maksud terus panggih pijalaneunana

21.

Paribasa nu eusina ngébréhkeun pangalaman nu geus kapilampah nyaéta…




a)

a. Pangjurung laku hadé

b)

b. Panyaram lampah salah

c)

c. Wawaran luang

d)

d. Panyaram luang

22.

Asép mah ti leuleutik rajin ngaji. Dina kecap éta aya kecap rajékan…

a)

A.Dwipurwa

b)

B.Dwimurni

c)

C.Dwiréka

d)

D.Trilingga

23.

Conto kecap rajékan dwimadya aya dina kalimah…

a)

A.Aya sabaraha urang siswa anu teu boga HP?

b)

B.Sabaraha siswa nu ngangluh teu boga kuota?

c)

C.Sabaraha urang siswa ngangluh hésé sinyal di lemburna?

d)

D. Baraha siswa anu teu bisa ngaaksés internét?

24.

Anu mangrupa kecap pagawean, iwal ...

a)

a. kadiukan

b)

b. kalepasan

c)

c. kacumponan

d)

d. kabangsatan

25.

Siswa anu di tes maca gancang aya tilu puluh tilu urang. Kalimah di luhur kaasup kana kalimah.....




a)

A. Sifat

b)

B. Bilangan

c)

C. Bilangan tahapan

d)

D. Kaayaan

26.

Ceu Mariam mah Amis budi. Amis budi hartina......




a)

A. Hade ahlakna

b)

B. Hade rarayna

c)

C. Hade awakna

d)

D. Hade turunanana

27.

Pakakas husus nu digunakeun mangkas tatangkalan, nyaeta…

a)

A. Gunting taman

b)

B. Singkup

c)

C. Kored

d)

D. Embrat

28.

Anu kaasup kana kecap rajekan dwimadya nya eta …

a)

A. Pupusti

b)

B. Bulak-balik

c)

C. Jalma-jalma

d)

D. Sababaraha

29.

Kabeneran kamari teh kuring papanggih jeung yanti.

Kecap kabeneran mangrupa ...

a)

a. Kecap sipat anu ngandung harti "teu dihaja ..."

b)

b. Kecap pagawean anu ngandung harti "teu dihaja ..."

c)

c. Kecap barang anu ngandung harti "anu patali jeung ..."

d)

d. Kecap pagawean anu ngandung harti "anu sipatna ..."

30.

Kabeureuyan mah tara ku cucuk munding.

Kecap kabeureuyan mangrupa ...

a)

a. Kecap barang

b)

b. Kecap pagawean

c)

c. Kecap panganteb

d)

d. Kecap sipat 

31.

Wangun atawa bentuk tulisan bahasan / pedaran dina wacana bahasan nyaeta, iwal .....

a)

A. Argumentasi

b)

C. Persuasi

c)

b. Narasi

d)

B. Deskripsi

32.

Bahasan tradisi sunda medarkeun unak-anik tradisi dihiji masyarakat nu biasana kayaning ku kagiatan dihandap ieu, iwal .....

a)

A. Karusuhan

b)

B. Kagiatan adat istiadat

c)

C. Ritual budaya

d)

D. Pakasaban

33.

“Hariring nu Kungsi Nyanding” Nyanding hartina .....

a)

A. Hareupeun

b)

B. Tukangeun

c)

C. Gigireun

d)

E. Luhureun

34.

Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut ......

a)

A. Ritual

b)

B. Tradisi

c)

C. Adat

d)

D. Kasenian

35.

Karangan atawa wacana anu eusina ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanna jeung gunana nyaeta...

a)

A. Karangan narasi

b)

B. Karangan eksposisi

c)

C. Karangan imajinasi

d)

D. Karangan pedaran

36.

Dina istilah-istilah sunda atawa pancakaki nu ngandung harti indungna indung atawa bapak nyaeta ...

a)

A. Nini

b)

B. Aki

c)

D. Uwa

d)

E. Bao

37.

Kagiatan medar hiji pasualan, dumasar kana fakta fakta nu kapanggih, boh tina panalungtikan atawa tina pangalaman sorangan disebut .....

a)

A. Pedaran

b)

B. Wawasan

c)

C. Ringkasan

d)

D. Ulasan

38.

Wacana nu eusina ngajentrekeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat nyaeta .....

a)

A. Eksposisi

b)

B. Deskripsi

c)

C. Narasi

d)

D. Argumentasi

39.

Adina salaki atawa pamajikan dina istilah basa sunda biasana disebutku .....





a)

A. Besan

b)

B. Adi beteung

c)

C. Mitoha

d)

D. Indung

40.

Di handap ieu nu teu kaasup kana kulawarga Semar dina carita wayang sunda, nyaeta....

a)

A. Cepot

b)

B. Dewala

c)

C. Gareng

d)

D. Togog