wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAT BAHASA SUNDA KELAS 8

Total questions: 40

Worksheet time: 37mins

Name
Class
Date
1.

Salah sahiji ciri kawih nyaeta umumna anonim.

Kecap Anonim dina kalimah diluhur miboga harti…

a)

sarua nu nyiptakeunna

b)

Teu ngandung saha nu nyiptakeunna

c)

Nu nyiptakeunna jelas saha

d)

Aya nu nyiptakeunna

2.

Nada pentatonis nu bener nyaeta....

a)

Da-mi-na-ti

b)

Do-re-mi

c)

Da-mi-na-ti-la

d)

Do-re-mi-fa-so-la-si

3.

rupa-rupa pupuh teh nyaeta aya…

a)
  1. 12

b)
  1. 13

c)
  1. 15

d)

17

4.

Guru wilangan teh nyaeta..

a)

Jumlah engang dina unggal padalisan

b)

Sora tungtung dina unggal padalisan

c)

Kecap dina mimiti padalisan

d)

Wilangan tiap-tiap guguritan

5.

lamun kapamalian di langgar sok ngakibatkeun...

a)

cilaka

b)

maslahat

c)

menang kabagean

d)

menang rejeki

6.

sumebarna kapamalian teh liwat.....

a)

surat

b)

lisan

c)

tivi

d)

radio

7.

Ulah sok cicing dina lawing panto, sok…........

a)

Matak jauh jodo

b)

Matak deket jodo

c)

Matak ngahalangan

d)

Matak pikeheleun

8.

Ungkara kapamalian teh maksudna mah pikeun…

a)

Pangjurung lampah salah

b)

Upaya ngajaga diri

c)

Pangjurung laku hade

d)

Nyingsieunan

9.

Rumus warta nu bener nyaeta..

a)

4W+1H

b)

5W+1H

c)

4H+1W

d)

5H+1W

10.

Kajadian anu di caritakeun dina warta teh biasana mangrupa kajadian..

a)

Fakta

b)

Bohong

c)

Dongeng

d)

Hoax

11.

anu gawena nulis artikel warta nyaeta..

a)

Wartawan

b)

Wartaniaga

c)

Reporter

d)

Editor

12.

dihandap ieu kaasup media elektronik, iwal..

a)

tabloid

b)

  tivi

c)

radio

d)

computer

13.

kaleuwihan media sosial di banding media nu sanes dina nepikeun warta nyaeta…

a)

informasi lewih gancang nepi na ka balarea

b)

eusi warta kudu di pariksa hela ku editor

c)

kudu boga tivi ngarah bisa ningali warta

d)

bewara ngan tiasa di dangukeun hungkul

14.

Panata acara teh nyaeta…

a)

Jalma anu ngatur susunan hiji acara

b)

Jalma anu macakeun biantara

c)

Jalma anu mingpin hiji organisasi

d)

Jalma anu sok ngabador dina panggung

15.

anu diatur ku panata acara teh nyaeta , iwal..

a)

upacara bendera

b)

upacara adat

c)

sawala

d)

kosidahan

16.

Lamun jadi panata acara lentong sora na kudu alus. Nu di maksud lentong sora nyaeta…

a)

Tarik jeung laun sora

b)

Panjang jeung pendek sora

c)

Nada dina sora

d)

Cara nepikeun biantara

17.

dina ieu kasempatan oge seja nyuhunkeun dihapunten ka sadaya nu hadir boh bilih dina panampianana kirang nyugemakeun

Kalimah diluhur bagean tina….

a)

Nepikeun pamaksudan

b)

Bubuka

c)

Ngahaturanan nyarita

d)

Sanduk-sanduk

18.

dihandap ieu mangrupakeun pernyataan ngenaan budaya kiwari, iwal..

a)

arus modernisasi ngagempur budaya nasional urang anu jadi jati diri bangsa

b)

pangabisa ngawasa kasenian tradisional dianggap mere mangpaat

c)

budaya nasional kiwari kasampak pohara kuno

d)

aya generasi ngora anu era diajar budaya

19.

dihandap ieu mangrupakeun etos sarta watak sunda, iwal…

a)

cageur

b)

bageur

c)

   singer

d)

  badeur

20.

Dihandap ieu nu kaasup kampung adat sunda, iwal…

a)

Kampung badui

b)

Kampung naga

c)

Kampung ciptagelar

d)

Kampung dukuh

21.

Anu jadi eusi tina cutatan warta di luhur, nyaéta...

a)

Gubernur Jakarta anu tanggung jawab

b)

Serepan di Jakarta téh goréng

c)

Dua minggu Bogor hujan

d)

Kota Jakarta kabanjiran

22.

Wangun pupuh Durma di luhur teh diwangun ku...

a)

12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i

b)

12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 6i

c)

`10a, 6i, 5a, 7a, 7i, 6a, 7i

d)

10a, 6i, 5a, 7a, 7i, 6a, 6i

23.

Ieu di handap rangkayan susunan acara

 

1. Bubuka

2. Ngaoskeun ayat Suci Al-Qur’an

3. Biantara Pangbagéa ti Pupuhu Déwan Sakola

4. Upacara Adat “Prosesi Penglepasan” Kelas 9

5. Biantara Pangbagéa ti Kepala Sakola

6. Laporan Pupuhu Panitia Paturay Tineung

 

Rangkay susunan acara Paturay Tineung nu merenah nyaéta ...

a)

1 – 2 – 3 – 4 – 5 – 6 

b)

1 – 2 – 6 – 5 – 3 – 4 

c)

1 – 2 – 6 – 3 – 5 – 4

d)

2 – 1 – 6 – 5 – 3 – 4 

24.

Di kampung budaya para siswa ningalian kaayaan lembur, niténan wangunan imah panggung sarta nanyakeun adat kabiasaan urang dinya.

 

Ungkara kalimah di luhur, dina laporan kagiatan kaasup kana bagian...

a)

tujuan

b)

tempat

c)

pamilon

d)

eusi kagiatan

25.

Dihandap ieu nyaeta susunan laporan kagiatan.

1. Tujuan kagiatan

2. Waktu kagiatan

3. Simpulan sareung saran

4. Kagiatan nu di laksanakeun

5. Pamilon

Susunan laporan kagiatan anu bener nyaeta...

a)

1-2-5-4-3

b)

1-2-3-4-5

c)

2-3-4-5-1

d)

2-4-3-5-1

26.

“Bapa ti heula geus papadon ka hidep, yén ngapalkeun mah kawajiban hidep. Hidep ngapalkeun téh ngarah maham kana eusi pangajaran. Jadi alusna mah ngapalkeun téh lain ari aya ulangan hungkul, tapi kudu jadi pagawéan anu rutin. Tah, ngarah siap upama aya ulangan ngadadak siga kieu. Sok ayeuna mah tulis soalna!” soanten Pa Guru aya ku tandes.

 

Eusi cutatan carpon di luhur nyaritakeun ....

a)

Para murid ngapalkeun ngan di waktu rék ulangan wungkul

b)

Pa Guru keur mapatahan muridna nu teu daék ngapalkeun

c)

Para murid teu maham kana eusi pangajaran

d)

Pa Guru ngayakeun ulangan ngadadak

27.

Dina carpon diluhur saha wae palaku nu aya dina carpon…

a)

Rasti, Nia

b)

Rasti, Nia, Ayah

c)

Rasti, Nia, ibu

d)

Rasti

28.

Masyarakat Kampung naga teh masih nyekel adat, salah sahiji contona nyaeta....

a)

Imahna tina awi

b)

Ngagem agama islam

c)

Menang boga tivi

d)

Wewengkonna di tasik

29.

Neng Ani teh jalmina ….. someah jeung bageur ka sasaha.

Kecap nu merenah dina ngalengkapan kalimah diluhur nyaeta…

a)

Ngangsurkeun seneu

b)

Amis budi

c)

Gede hulu

d)

Hulu peutieun

30.

Si sadun jeung si emod pernah menang pancen ti sakola, nyaeta….

a)

Melak tangkal kai

b)

Melak sayuran

c)

Mersihan sakola

d)

Miara lauk

31.

Watek udin dina carita diluhur nyaeta…

a)

Gampang kapangaruhan

b)

Kuat pamadegan

c)

Wanian dina ngomong

d)

Someah kasasaha

32.
  1. langit cedeum pertanda rek hujan”

dumasar kanu kalimah diluhur, ngandung rarangken hareup..


a)
  1. ba-

b)

per-

c)
  1. sang-

d)
  1. ting

33.
  1. kecap nu make awalan ba- nyaeta

a)
  1. barudak

b)
  1. batur

c)

baheula

d)
  1. bajigur

34.

Raja karajaan sunda pajajaran nyaeta…

a)
  1. Prabu siliwangi

b)

Hayam wuruk

c)
  1. Prabu tadjimalela

d)
  1. Gajah mada

35.

“nyaah ka sasama, loba mere pamadegan sarta kaidah moril nu hade atawa materi, henteu koret, henteu emosional, boh hate, panolong sarta ikhlas ngajalankeun sarta ngmalkeun, lain ngan dibaca boh diucapkeun wae.”

Di luhur teh mengrupakeun harti tina watek......

a)

Cageur

b)

Bageur

c)

Bener

d)

Singer

36.

salahsahiji fungsi laporan lalampahan teh nyaeta....

a)

ker pertanggung jawaban

b)

ker ngalamar gawe

c)

ker tugas sakola

d)

ker dibaca ku sorangan

37.

sipat carpon teh nyaeta narasi anu.....

a)

nyata

b)

fiktif

c)

saayana

d)

fakta

38.

ngandung kasimpulan jeung saran mangrupakeun............ dina struktur laporan lalampahan

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

pamilon

39.

dina nulis laporan teh kudu make basa anu.....

a)

sae sareng leres

b)

biasa wae

c)

loma jeung kasar

d)

luhur sareng puitis

40.

dihandap ieu mangrupakeun unsur ekstrinsik carpon, iwal....

a)

nilai-nilai dina carpon

b)

latarbelakang anu nulis

c)

situasi sosial

d)

amanat