wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

biantara, mamanis basa, teks ceramah kls 9

Total questions: 30

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Nyarita dihareupeun balaréa dina raraga nepikeun informasi atawa hal – hal nu kaitung penting dipikanyaho ku batur nyaéta ….     

a)

deklamasi

b)

biantara

c)

dramatisasi

d)

wawaran

2.

jalma anu ahli dina nepikeun biantara disebutna ....

a)

kreator

b)

deklamator

c)

orator

d)

koruptor

3.

di handap ieu orator nu geus ka koncara nyaéta ....

a)

Jusuf Kalla

b)

Akbar Tanjung

c)

Ir Soekarno

d)

Adam Malik

4.

Bagian biantara anu eusina nepikeun salam tur muji sukur ka Gusti nyaéta ….

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

salam bubuka

5.

Pamungkas biantara anu eusina minangka kacindekan jeung salam - salam nyaéta ….

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

salam bubuka

6.

Bagian biantara anu eusina ngeunaan maksud atawa informasi anu rek ditepikeun nyaéta ….

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

salam bubuka

7.

Téhnik biantara anu naskah na ditataharkeun tur dibaca disebut oge biantara resmi nyaéta tehnik ...

a)

impromtu

b)

naskah

c)

ngapalkeun

d)

ekstemporan

8.

Téhnik biantara anu ditalar bari heunteu nyiapkeun naskah heula, lantaran dadakan di titah biantaran tehnik....

a)

impromtu

b)

naskah

c)

ngapalkeun

d)

ekstemporan

9.

Téhnik biantara nyatetkeun heula naskahna, tuluy diapalkeun.

nyaéta tehnik....

a)

impromtu

b)

naskah

c)

ngapalkeun

d)

ekstemporan

10.

Ténik biantara anu nempo catetan ringkes biantara nu esusina hal - hal penting wungkul

nyaéta tehnik....

a)

impromtu

b)

naskah

c)

ngapalkeun

d)

ekstemporan

11.

Hal – hal penting dina biantara nyaeta … Kudu luyu jeung eusi biantara nu ditepikeun.

a)

sora

b)

gestur

c)

pasemon

d)

parigel

12.

Hal – hal penting dina biantara kudu nyaeta eusi Biantara kudu ... , ulah panjang teuing, ari eusina teu puguh.

a)

mundel

b)

pondok

c)

panjang

d)

gogorowokan

13.

Hal – hal penting dina biantara kudu nyaeta ... muka Biantara.

a)

goreng

b)

cicing

c)

parigel

d)

ambek

14.

Hal – hal penting dina biantara kudu ... nepikeun eusi Biantara

a)

jelas

b)

gogorowokan

c)

lalaunan

d)

teu jelas

15.

Rupina cekap sakieu baé pamapag ti sim kuring, hapunten bilih aya basa nu kirang merenah kadanguna.

kalimah di luhur kaasup bagian biantara ….

a)

salam bubuka

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

16.

Langkung ti payun mangga urang sasarengan ngedalkeun puji sukur ka Allah Swt. réhna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat kalayan séhat wal’afiat. Solawat sinareng salam, mugi ngocor salalamina ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.

kalimah di luhur kaasup bagian biantara ….

a)

salam bubuka

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

17.
  1. Salam Sejahtera

Sampurasun!

kalimah di luhur kaasup bagian biantara ….

a)

salam bubuka

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

18.
  1. Hatur nuhun

Hurip sunda

kalimah di luhur kaasup bagian biantara ….

a)

salam bubuka

b)

bubuka

c)

eusi

d)

salam panutup

19.

Kekecapan, gundukan kecap, atawa kalimah anu gunana pikeun jadi pamantes atawa panambah sari kana omongan anu di gunakeun waktu komunikasi nyaeta ….

a)

mamanis basa

b)

tatakrama basa

c)

undak - usuk basa

d)

rupa - rupa basa

20.

Padeukeutna sora kecap boh di awal, boh ditengah, boh di tungtung kalimah nyaeta ….

a)

purwakanti

b)

sisindiran

c)

babasan

d)

paribasa

21.

Ungkara basa anu has tur matok jeung teu bisa dihartikeun langsung nurutkeun harti tata basa nyaeta ….

a)

purwakanti

b)

sisindiran

c)

babasan

d)

paribasa

22.

rakitan basa anu diwangun ku opat jajar nyaeta ….

a)

purwakanti

b)

sisindiran

c)

babasan

d)

paribasa

23.

mamanis basa anu disusun dina wangun kalimah anu ngandung harti siloka babandingan hirup nyaeta ….

a)

purwakanti

b)

sisindiran

c)

babasan

d)

paribasa

24.

rakitan basa anu disusun sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb karasa ka nu maca atawa anu ngaregepkeun nyaeta ….

a)

gaya basa

b)

sisindiran

c)

babasan

d)

paribasa

25.

tujuanna pikeun nepikeun warta atawa informasi penting ka pamiarsa. gunana pikeun mangaruhan pikiran jeung paripolah pamiarsa nyaeta ceramah ....

a)

informatif

b)

persuasif

c)

rekreatif

d)

induktif

26.

tujuanna pikeun medar informasi penting ka pamiarsa. gunana mangrupa guar pangajak ka pamiarsa nyaeta ceramah ....

a)

informatif

b)

persuasif

c)

rekreatif

d)

induktif

27.

tujuanna pikeun ngahibur pamiarsa. gunana sangkan pamiarsa ngarasa kahibur

nyaeta ceramah ....

a)

informatif

b)

persuasif

c)

rekreatif

d)

induktif

28.

teks nu boga sipat informatif, edukatif, jeung persuasif nyaeta ....

a)

ceramah

b)

biantara

c)

pantun

d)

puisi

29.

teks nu boga sipat instruktif, deformatif, jeung deskriptif nyaeta ....

a)

ceramah

b)

biantara

c)

pantun

d)

puisi

30.

cerama kaasup kana biantara lantaran ....

a)

sarua

b)

beda

c)

jauh

d)

deukeut