NEW
Font size
WorksheetsBahasan Tradisi Sunda Quis
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Kampung anu dijadikeun lokasi syuting film Makmum 2 nyaeta kampung ...
Kampung Kuta
Kampung Ciptagelar
Kampung Baduy
Kampung Naga
Kampung Dukuh
Urang Baduy Luar disebut oge urang ...
Panamping
Tangtu
Kanekes
Luar Baduy
Pendamping
Ieu di handap nu teu kaasup kana larangan di Kampung Kuta nyaeta ...
Ngawangun imah teu meunang make tembok
Bentuk imah kudu leter L atau leter U
Ngawangun imah teu meunang nukangan imah nu kain
Mun ka leuweung tutupan teu meunang make dadampar suku
Teu meunag nanggap wayang
Kapercayaan nu diagem ku urang Baduy nyaeta…
Hindu
Budha
Sunda wiwitan
Animisme
Islam
Hasil panen anu teu meunang dijual di Baduy dalam nyaeta …
Kadu
Cau
Jagong
Pare
Gula
Kampung adat nu kadaharan pokona sampeu nyaeta kampung …
Baduy
Cireundeu
Naga
Urug
Kuta
Ieu di handap mangrupa paragrap nu kaasup kana bagian rumusan masalah atawa masalah nu dipedar nyaeta …
Pacaduan téh rupa-rupa hal anu dilarang atawa teu meunang dilakonan. Lamun éta
pacaduan dirempak, akibatna sok jadi mamala. Lain baé ka diri jalma anu ngarempakna, tapi
ogé sok jadi mamala ka balaréa.
Sakumaha ilaharna masarakat adat séjénna, urang Kampung Dukuh ogé boga
pacaduan anu nepi ka kiwari tetep dijaga bari pengkuh. Pacaduan Kampung Dukuh téh aya
sababaraha rupa, di antarana pacaduan imah, pacaduan jiarah, jeung pacaduan leuweung.
Pacaduan imah nyaéta pacaduan atawa larangan nu aya patalina jeung wangunan
imah. Dina kapercayaan masarakat Kampung Dukuh, wangunan imah téh teu meunang
méwah.
Nu kadua pacaduan jiarah kubur. Ku lantaran loba nu sok ngadon jiarah ka makam
karomah, kuncén boga kawajiban pikeun ngaping jeung ngabingbing, di antarana ku cara
nepikeun pangjurung laku nu patali jeung tatacara jiarah.
Nu katilu pacaduan leuweung. Di kaléreun Kampung Dukuh, aya leuweung
tutupan. Nya di dinya ayana makam karomah téh, nyaéta makam Séh Abdul Jalil jeung
makam-makam karuhun séjénna.
Titenan sempalan teks di handap!
Waktu sareupna téh sarua jeung waktu magrib, nyaéta pindahna waktu beurang ka waktu
peuting. Cuaca dina wanci magrib kurang alus keur kaséhatan. Malah cenah mah laliarna
mahluk halus atawa demit téh dina wanci sareupna. Teluh ogé dibarawana téh ku bangsa
dedemit, kaasup bangsa jin.
Numutkeun pedaran di luhur, panyaraman nu ngagambarkeun teks di luhur teh nyaeta …
Ulah sok sare sareupna, matak keuna ku teluh
Ulah sok diangir sore-sore, matak maot di pangumbaraan
Ulah sok ka cai magrib, matak katerap panyakit
Ulah sasapu ti peuting, bisi nyapukeun rijki
Ulah heheotan ti peuting, matak aya nu nyamperkeun urang keuweung
Mémang ngadahar sangu lain pantrangan, tapi wuwuh geus jadi kabiasaan kana sampeu, cenah, kiwari masarakatna loba nu jarijipen, malah loba nu nyareri beuteung lamun geus ngadahar sangu téh.
Kecap jarijipeun ngandung harti nu sarua jeung kecap …
Geuleuh
Bersih
Nyeri beuteung
Rujit
Anti
Titenan sempalan teks pedaran di handap!
(1) Sabéngbatan mah Cireundeu téh prah baé kawas kam- pung séjénna. (2) Lebah kamekaranna gé sarua. Imah témbok ngajarengléng, atuh télévisi, radio, hapé, jeung barang éléktronik séjén gé geus lain barang anéh. (3) Dina widang atikan gé kaitung maju, wuwuh réa nu sakola ka paguron luhur. (4) Cindekna, tingkat ékonomina geus lumayan maju. (5) Ngan nu matak narik, lian ti masarakatna masih kénéh nyekel pageuh tatali tradisi, kadaharan pokona gé lain béas, tapi sampeu (manihot esculenta crautz).
Nu jadi poko bahasan tina sempalan teks di luhur teh ditunjukeun dina nomer …
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
