WorksheetsCARPON SUNDA
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Singgetan tina naon istilah 'carpon' dina basa Sunda?
Carita panjang
Carita Pondok
Carita Populer
Carita Penting
Carita Bohong
Istilah 'carpon' disebut oge short story nu asalna tina basa?
Inggris
Walanda
Indonesia
Arab
Jawa
Disebut carita pondok lantaran kawatesanan dina jumlah kekecapanana, biasana diwangun?
100-300 kecap
300-400 kecap
500-1000 kecap
5000-10000 Kecap
Leuwih ti 10000 kecap
Sabaraha lila waktu anu diperlukeun pikeun maca carpon?
Kurang ti 15 menit
Leuwih ti 20 menit
Leuwih ti 30 menit
Leuwih ti 40 menit
Leuwih ti sa-jam
Naon bédana carpon jeung dongeng?
Duanana kaasup carita fiksi
Duanana kaasup caritana nyata
Carpon teu disebutkeun pangarangna sedengkeun dongeng disebutkeun
Palak dina carpon rea sedengkeun dongeng saeutik
Carpon mah siga enya kajadian sedengkeun dongeng mah pamohalam
Kumaha biasana kajadian dina carpon?
Réa kajadian di sababaraha tempat
Biasana tunggal, dina hiji waktu jeung tempat
Teu aya kajadian nu penting
Kajadianana salawasna rumit
Carita kajadianana panjang
Kumaha biasana palaku dina carpon?
Biasana henteu réa palakuna
Rea pisan palakuna
Henteu aya palakuna
Leuwih ti 10 palakuna
Leuwih ti 20 palakuna
Kumaha konflik dina carpon?
Salawasna rumit jeung ngarancabang
Teu aya konflik
Konflikna teu kaharti
Teu katingali konflikna
Basajan
Carpon kaasup kana wangun sastra naon?
Puisi
Drama
Kawih
Prosa
Dongeng
Naon waé unsur-unsur dina carpon?
Nada, rima, jeung irama
Téma, palaku, latar, puseur sawangan, galur, jeung amanat
Dialog jeung monolog
Babak jeung adegan
Palaku jeung galur
Carpon teh mangrupa karya sastra sampeuran, lantaran asalna lain ti Sunda asli. Ti mana pangaruh ayana carpon dina sastra Sunda?
Asia
Afrika
Eropa
Australia
Amerika
Nagara mana nu méré pangaruh kana carpon Sunda?
Indonesia
Jepang
Arab
Inggris
Walanda
Iraha kira-kira munculna carpon dina sastra Sunda?
Abad ka-17
Abad ka-18
Abad ka-19
Abad ka-20
Abad ka-21
Buku kumpulan carpon anu dibukukeun medal taun?
1930
1932
1934
1936
1938
Istilah Carita Pondok mimiti dipake rubrik dina kalawarta, nya eta dina Koran Sinar Pasoendan, salian ti eta oge aya dina Koran Sipatahoenan kalawan ngaran rubrikna nya eta?
Hibat
Santri Gagal
Tjarios Pondok
Luhureun Jukut
Tjarita Pondok
Sedengkeun Istilah Carita Pondok mimiti dipake rubrik dina Koran Sinar Pasoendan taun?
1930
1932
19934
1936
1938
Naon judul buku kumpulan carpon munggaran nu medal?
Dod-dog Pangrewong
Papacangan
Carita Biasa
Hujan Munggaran
Gondewa
Ieu di handap lain nu kaasup kana majalah dina sumebarna Carpon Sunda, nya eta?
Halimun Peuting
Warga
Sunda
Candra
Sari
Saha Pangarang anu nulis carpon Papacangan?
RAF
Ayat Rohaedi
Caraka
Rusman Sutiasumarga
Yus Rusyana
Saha nu nulis carpon anu judulna Di Luhureun Jukut Reumis?
RAF
Ayat Rohaedi
Caraka
Rusman Sutiasumarga
Yus Rusyana
