Font size
WorksheetsUlangan Harian 1 Biantara (XI IPS 1)
Total questions: 25
Worksheet time: 21mins
Para Hadirin anu ku simkuring dipihormat, dina kasempatan ieu simkuring bade ngadugikeun hiji biantara nu judulna “pentingna ngamumulé budaya basa Sunda di kalangan remaja atawa budak ngora di Jawa Barat”. Eta conto kalimah disebut ...
sanduk-sanduk
Du'a
Nepikeun jejer
Catur nuhun
Cunduk waktu anu rahayu, ninggang mangsa anu sampurna, nitih wanci anu mustari. Ieu mamanis basa payus upama dilarapkeun dina ... biantara.
Bubuka
Eusi
Panutup
Kacindekan
1) ngucapkeun salam bubuka
2) nepikeun jejer
3) nepikeun kacindekan
4) sanduk-sanduk
5) catur hormat
6) salam panutup
Sawatara hal anu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta ...
1-2-3
2-5-6
1-2-5
2-4-5
1) sanduk-sanduk
2) ngucapkeun salam bubuka
3) nepikeun kacindekan
4) catur hormat
5) nepikeun jejer
6) salam panutup
Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaeta ...
1-3-5
3-5-6
1-3-6
3-4-6
Sajeroning biantara téh urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup, jelas, sarta henteu loba ngarandeg, disebut ogé ...
Ngandung wirahma
Alus basana
Munel eusina
Tatag nyaritana
Eusi biantara téh kudu diluyukeun jeung sababarah hal, iwal ….
Kulawarga anu biantaran
Anu ngahadiran acarana
Kalungguhan anu biantara
Kapentingan acarana
Biantara ngagunakeun naskah atawa maca naskah. Ku lantaran dijieun heula naskahna, tangtu waé pikeun ngurangan kasalahan. Biantara ieu leuwih ngéntép seureuh tur jéntré eusina. Ngan sakapeung mah sok bosen, lantaran nu biantara sok bari maca naska. Ieu teknik disebut ...
Memoriter
Ekstemporan
Manuskrip
Impromtu
Teknik biantara anu carana nyiapkeun gurat badag picaritaeun disebut teknik ...
Manuskrip
Memoriter
Ekstemporan
Impromtu
1) nangtukeun tujuan
2) nyieun rangkay karangan
3) latihan
4) nepikeun jejer
5) sayaga mental
Leuwih hade tatahar biantara teh sistematis saperti ...
5-1-2-4-3
5-2-1-4-3
5-1-4-2-3
5-4-1-2-3
Biantara nu ditepikeun teh eusina loba pulungeun atawa loba mangpaatna. Nepikeun biantara saperti kitu teh disebuatna ....
Tatag nyaritana
Aktual temana
Munel eusina
Ngandung wirahma
Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw. Paragrap di luhur ka asup kana..…
Panutup biantara
Eusi biantara
Bubuka biantara
Bubuka jeung panutup biantara
Bubuka jeung eusi biantara
"Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana. Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah." Paragraf di luhur ka asup kana biantara?
Panutup
Salam panutup
Eusi
Bubuka
Dina nyusun biantara, supaya anu ngadangukeun gampang ngartos ngeunaan eusina, lengkah naon anu djieun dina nyusun biantara teh ?
nyieun topik pembahasan nu sagala aya
ngabahas naon wae
ngabahas topik poko jeung teu panjang teuing
loba heureuy
Babasan tina babari dititah nyaeta....
beurat birit
hampang birit
panjang leungeun
gede hulu
Ungkara basa anu kejecapanna geus matok miboga harti injeuman disebut...
A. Pakeman basa
B. Bahasan
C. Sisindiran
D. Guguritan
Conto babasan nya eta...
A. Cul dogdog tinggal igel
B. Amis budi
C. Satria kinayungan
D. Ngasurkeun seuneu
Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan, kalakuan, jeing pasipatan jelema disebut...
A. Babasan
B. Rakitan lantip
C. Paribasa
D. Cacandran
Conto paribasa nya eta...
A. Hulu peutieun
B. Bandung heurin ku tangtung
C. Sekar panggung
D. Lauk buruk milu mijah
Pa Dadan: Saha nu teu sakola dinten ieu?
Galang : Badru Pa.
Pa Dadan: Ku naon anjeunna teu sakola?
Galang: Saurna mah ........... Pa.
Teu damang
Gering
Udur
Sakit
“Wangsul ti Bandung abdi téh Kang Badru.”
Kecap wangsul sarua hartina jeung …
balik
indit
datang
sumping
Kuring kakara balik ti sakola
Dirobah jadi ragam basa hormat
Abdi nembe mulih ti sakola
Abdi kakara mulih ti sakola
Abdi nembé wangsul ti sakola.
Abdi nembé mulang ti sakola
Baca téks paguneman di handap!
Putri : “Basa Sunda téh hésé, nya?”
Dani : “Ceuk saha hésé?”
Roni : “Loba anu nyarita kitu téh. Malah loba anu boga pamadegan lamun nyarita ku basa Sunda téh sok sieun salah. Anu matak cenah, angger waé nyaritana ngagunakeun basa Indonesia.”
Aska : “Ari ceuk Aska mah, asa teu hésé, biasa waé. Geuningan ayeuna gé urang nyarita téh apan ku basa Sunda. Tah, tadi ogé apan nyawalakeun pangajaran basa Sunda ngagunakeun basa Sunda.”
Putri : “Babari sotéh ceuk Aska jeung Dani. Ceuk Putri mah angger waé hésé. Tadi gé basa sawala nyaritana loba direumbeuy ku basa Indonésia. Acan bener undak-usuk basana.”
Aska : “Ayeuna mah undak-usuk basa téh disebutna tatakramaa basa Sunda. Aska kungsi maca dina internét, kecap lemes keur ka sorangan jeung ka batur, henteu loba. Kurang leuwih ngan 40 kecap. Teu loba sakitu mah. Lamun ku urang diapalkeun sapoé sakecap, sabulan gé geus apal, moal pahili ngalarapkeunana.”
Putri :………………………
Eusi tina paguneman di luhur nya éta….
a. Putri nu ngarasa hésé nyarita ku basa Sunda
b. Nyarita dina basa Sunda nu maké tatakrama basa sabenerna teu hésé lantaran kecap lemes keur ka sorangan tur keur ka batur téh sabenerna mah teu loba
c. Urang nyarita kudu maké tatakrama basa Sunda.
d. Undak-usuk basa kiwarri diganti ku tatakrama basa.
"Simkuring........... di dieu teu aya sanes kanggo ngadugikeun aspirasi masarakat Desa Kadungora".
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nu luyu jeung undak usuk basa nyaeta...
Sasauran
Cumarita
Nyarios
Sasanggem
Nyaturkeun
"Aduh hilap abdi teu....... hp bade ulangan teh. "
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nu luyu jeung undak usuk basana nyaeta...
Nyandak
Mawa
Ngabantun
Nyimpen
Neundeun
