Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH Carpon

Total questions: 10

Worksheet time: 3mins

Name
Class
Date
1.

naon anu di sebut carpon téh?

a)

carita pondok

b)

carita nyambung

c)

carita pamohalan

d)

carita panjang

2.

Jumlah kecap dina carpon nyaeta ....

a)

tara leuwih ti 2.000

b)

tara leuwih ti 10.000

c)

tara leuwih ti 5.000

d)

tara leuwih ti 8.000

3.

Jalan carita atawa runtuyan carita nyaéta...

a)

téma

b)

latar

c)

amanat

d)

galur

4.

Dina unsur carpon, jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita disebut...

a)

tema

b)

palaku

c)

latar

d)

alur

5.

Dina unsur carpon aya katerangan tempat, waktu, suasana disebut...

a)

palaku

b)

amanat

c)

watek

d)

latar

6.

Unsur-unsur intrinsik anu ngawangun carpon diantarana nyaéta, iwal.....

a)

Palaku

b)

Téma

c)

Situasi Sosial

d)

Amanat

7.

Titénan ciri-ciri ieu di handap!

1) Caritana kurang kompleks upama dibandingkeun jeung novel

2) Kajadian anu dicaritakeunana biasana ukur hiji kajadian

3) Caritana kompléks jeung tokohna loba

4) Palaku anu aya dina carita pondok teu loba

5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal)


Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer…

a)

1,2,3

b)

2,3,4

c)

1,2,4

d)

3,4,5

8.

Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.


Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...

a)

Lapang

b)

Gudang

c)

Sakola

d)

Alun-alun

9.

Dina unsur carpon aya pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca disebut....

a)

watek

b)

alur

c)

amanat

d)

palaku

10.

Carita pondok biasana museurkeun kajadian dina...kajadian

a)

Hiji

b)

Dua

c)

Tilu

d)

Opat