WorksheetsBahasa Sunda X
Total questions: 15
Worksheet time: 3mins
basa Loma dina undak usuk sunda biasa disebut ?
basa lemes
basa sahari-hari
basa kasar
basa campuran
Bapa nuju kulem di kamar, kalimah ieu kaasup kana undak usuk sunda ?
basa lemes keur batur
basa lemes keur sorangan
basa loma
basa kasar
basa kasarna tuang pikeun sasatoan nyaeta ?
jajablok
lelebok
madang
nyatu
lamun urang narjamahkeun kalayan ngagunakeun tarjamahan tiap kecap disebutna....
tarjamahan interlinear
tarjamahan formal
tarjamahan saduran
tarjamahan campuran
siswa kelas X keur latihan narjamahkeun hiji paragraf kalayan narjamahkeun bebas anu mentingkeun amanat jeung ngagunakeun basa sorangan, tarjamahan ieu kaasup kana....
tarjamahan interlinear
tarjamahan formal
tarjamahan saduran
tarjamahan campuran
Gunana pikeun ngarahkeun naon-naon anu rek didiskusikeun, ieu kaasup kana struktur ngawawancara anu disebut...
eusi wawancara
bubuka wawancara
panutup wawancara
kasimpulan wawancara
Mang Unang keur dahar di warung jeung babaturana, conto kalimah ieu kaasup kana undak usuk basa?
basa lemes ka batur
basa lemes ka sorangan
basa loma
basa kasar
Basa kasar biasana dipake dina kaayaan ?
jalma nu teu boga pendidikan jeung keur ambek
keur poho
keur ngalindur
keur dipaksa jeung rarungsing
tujuan urang nyarita kalayan make undak usuk sunda nyaeta ?
supaya lancar ngomong sunda
supaya leuwih alus basa sunda na
supaya merenah jeung ngeunah kadengena
supaya disebut jalma anu sopan
Conto tarjamahan formal " hatena aya dina tempat anu bener" harti tina kalimah ieu nyaeta?
hatena tenang
hatena sedih
hatena seneng
hatena galau
Codet ari sia gawena molorna wae, kalimah ieu lamun di rubah kana basa lemes keur batur nyaeta?
Codet ari maneh damelna hees wae
Codet ari anjeun damelna kulem wae
Codet ari anjeun damelna mondok wae
Codet ari maneh gawena kulem wae
salah sahiji manfaat nyaho kana undak usuk sunda nyaeta ?
Bisa hati-hati dina ngomong sunda
Bisa lancar basa sunda
bisa mahir ngomong lemes
bisa jadi tenar
kagiatan wawancara diantarana nyaeta tatahar, hartina?
panutup wawancara
eusi wawancara
persiapan wawancara
kasimpulan
Saya sedang minum kopi bersama teman saya di cafe Boboho. tarjamah sunda anu bener tina kalimah ieu nyaeta?
kuring nuju tuang kopi sareng babaturan kuring di cafe Boboho
kuring nuju nginum kopi sareng babaturan kuring di cafe Boboho
Anjeun nuju nginum kopi sareng babaturan kuring di cafe Boboho
Manehna nuju nginum kopi sareng babaturan kuring di cafe boboho
dina ngalaksanakeun wawancara kudu dikawitan/dimimitian ku ?
basa nu mernah
tulisan nu alus
eusi wawancara nu jelas
pakean anu mahal
