NEW
Font size
WorksheetsTes Formatif 2
Total questions: 10
Worksheet time: 34mins
Tokoh wayang nu boga pakarang konta nyaéta ......
Arjuna
Yudistira
Bima
Gatotkaca
Dipati Karna
Salah sahiji bédana carita wayang di India jeung di Tatar Sunda nyaéta ......
Drupadi di India poliandri, di Sunda teu boga salaki
Dorna di India sipatna sarakah, di Sunda wijaksana
di India aya tokoh Cépot, di Sunda teu aya Cépot
Gatotkaca di India lain tokoh penting, di Sunda mangrupa tokoh penting
Srikandi di India awéwé, di Sunda lalaki
Mahabarata dikarang ku .......
Walmiki
Wiyasa
Salman
Arundhati
Kiran
Salah sahiji dulur Yudistira nu tiwas lantaran karacunan cai talaga bisa dihirupkeun deui ku déwa. Yudistira milih Nakula nu kudu dihirupkeun deui kalawan alesan, “lamun Arjuna anu hirup deui, atuh para putra ibu Kunti harirup kabéh, éta henteu adil. Tapi lamun Nakula nu hirup deui, ibu Kunti jeung ibu Madrim pada kapapaténan (maoteun) ku anakna hiji séwang.”
Dumasar kana sempalan carita wayang di luhur, bisa katitén yén Yudistira miboga sipat nu ……
Pilih kasih
Adil
Licik
Pinter
iri dengki
Ku sabab kadesek, Karna kapaksa ngaluarkeun konta. Tumbak Konta ngabelesat ka luhur, ngudag Gatotkaca nu keur kakalayangan di awang-awang. Teu kungsi lila kadéngé sora nu ngararasakeun kanyeri. Titis tulis Hyang Widi, Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang konta.
Kajadian nu pamohalan dina sempalan carita wayang di luhur nyaéta ……
Tumbak konta ngabelesat ka luhur
Gatotkaca keur kakalayangan di awang-awang
kadéngé sora nu ngararasakeun kanyeri
Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang konta
Karna ngaluarkeun konta
Pandawa jeung Kurawa téh perang parebut kakawasaan di Tegal Kurusétra, padahal mah maranéhna téh sadulur nyaéta turunan ........
Rama
Rahwana
Barata
Pandu
Destarasta
Nu mangrupa lalakon carita wayang Ramayana nyaéta ......
Gatotkaca perlaya
Dorna gugur
Anoman duta
Pandawa diperdaya
Jajatén Arjuna
Tokoh punakawan euweuh dina carita wayang ti India. Tokoh punakawan teh mangrupa rékaan bangsa urang, hususna di Tatar Sunda. Nu lain tokoh punakawan nyaéta ......
Cépot
Garéng
Dawala
Anoman
Semar
Tumbak Konta ngabelesat ka luhur, ngudag Gatotkaca nu keur kakalayangan di awang-awang. Teu kungsi lila kadéngé sora nu ngararasakeun kanyeri. Titis tulis Hyang Widi, Gatotkaca perlaya dadana katiir pakarang konta.
Peperangan antara Gatotkaca jeung Karna ngabalukarkeun rupa-rupa kaayaan (suasana), iwal ......
hariwang (khawatir)
sedih
Pikaséwoteun
reuwas/soak
pikaseurieun
Carita Wayang Mahabarata jeung Ramayana asalna ti .......
India
Indonésia
Arab
Malaysia
Cina
