WorksheetsKuis Biantara
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Nyarita di hareupeun balaréa bisa disebut ogé….
Ngawih
Ngarang
Biantara
Nembang
“…..Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sopanon carang sapakan, hapunten anu diteda. Wassalamul ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh”. bagéan biantara anu aya di luhur mangrupa bagéan…
Bubuka
Eusi
Panutup
Kasimpulan
1. “Sadaya puji sareng sukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu Murbéng Alam, Anu Maha Welas tur Maha Asih, henteu aya kasih ka sugri anu kumelip di ieu bumi. Rohmat sinareng salam mugia didugikeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad Saw., ka parasohabatna, kulawargana, sareng ka jalmi-jalmi anu tumut ka mantenna….”bagéan biantara anu diluhur kaasup kana bagéan…
Bubuka
Eusi
Panutup
Kasimpulan
Perhatikeun eusi biantara di handap!
“…….Asa kamari keneh abdi lebet ka sakola ieu. Ayeuna tos kedah paturay tineung deui. Simkuring sareng rerencangan bade neraskeun sakola ka nu langkung luhur, ngahontal cita-cita.
Simkuring oge bade nyuhunkeun haputen kana sagala kalepatan abdi sareng rerencangan. Mugi-mugi, Ibu sareng Bapa Guru tiasa ngahapunten kalepatan abdi sareng rerencangan …”
Dumasar kana eusi téks biantara diluhur katitén yén ieu biantara téh cocog pikeun acara…
Sunatan
Salametan nu lahiran
Kawinan
Paturay Tineung
Hiji tehnik makena basa atawa seni ngareka boh sacara lisan boh tulisan anu didadasaran ku pangaweruh anu hade dina milih jeung ngagunakeun kecap-kecap kalawan efektif tur merenah di hareupeun balarea teh mangrupa wangenan tina….
Biantara
Sawala
Seminar
Drama
Metode biantara anu anu ditepikeun sacara spontan disebut metode…
Impromptu
Ekstemporan
Téhnik Maca
Téhnik Nalar
"Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun."
Harti mamanis basa an nyampak dina kalimah di luhur nyaéta ....
Ngilu ilubiung milu nyarita
Manggih kabungah anu kacida, sabab meunang milik anu teu disangka-sangka
Menta dihampura bisi aya nu teu merenah kadéngéna
Ulah aya kagoréngan ka nu nyarita.
Ieu di handap mangrupa unsur nu ngawangun biantara, iwal…
Bubuka
Panutup
Kasimpulan
Eusi
Salah sahiji manfaat tina biantara téh nya éta pikeun nembongkeun pangabisa jeung ngabentuk persepsi batur ka urang sangkan méré kesan anu hadé. Lamun dina istilah Gen Z-na mah sok di sebut…
Brand Ambasador
Sosial Branding
Marketing
Personal Branding
Nalika rék di tés biantara Jennie ngapalkeun heula di imahna sangkan teu kudu nempo kana téksna. Teknik biantara nu dilarapkeun ku Jennie nya éta téknik…
Téknik Impromptu
Téknik Nalar
Téknik Script
Téknik Naskah
Nalika di tés biantara ku guru bahasa Sundana, Rina poho teu ngapalkeun heula ti anggalna. Sabab kitu, dani di tés biantarana sabari nempo kana téks. Téknik biantara nu dilarapkeun ku Dani téh nya éta…
Téknik Impromptu
Téknik Nalar
Téknik Naskah
Teknik Telepromter
Sulis mangrupa siswa anu eraan. Ngan sabada jadi Ketua Osis sabab diperedih kudu méré biantara sambutan dina unggal kagiatan. Nu nyababkeun Sulis geus teu éraan deui. Mangpaat tina diajar biantara nu karasa ku Sulis téh nya éta…
Personal branding
Ngaronjatna kamampuh biantara
Leuwih percaya diri
Beuki éraan
Dina bubuka biantara biasana sok diwangun ku…
Salam, hal nu rek ditepikeun, sanduk-sanduk
Ngucapkeun Syukur, pamit
Nepikeun pamaksudan sanduk-sanduk, salam
Salam, sanduk-sanduk, ngucapkeun Syukur
Nalika aya kagiatan di sakola, jalma nu pang mimitina dipihormat/disebutkeun téh nya éta..
Kepala sekolah
Guru
Babaturan
Kabogoh
Kagiatan khotbah unggal poé jum'at kaasup kana biantara. Tujuan tina éta biantara téh nya éta pikeun…
Edukatif
Persuasive
Entertain
Informatif
Bapak kepala sekolah nepikeun informasi kagiatan ANBK dina taun ajar 2024/2025 nalika keur amanat dina upacara poé senen. Tujuan biantara bapak kepala téh nya éta..
Edukatif
Persuasive
Entertain
Informatif
Salah sahiji calon anggota dewan, datang ka Desa Sandingtaman pikeun néangan dukungan. Anjeunna nyarita dihareupeun balaréa ngajak sakumna warga désa Sandingtaman pikeun bajoang babarengan ngabangun désa ku cara milih calonna. Tujuan tina éta biantara téh nya éta
Edukatif
Persuasive
Entertain
Informatif
Ieu dihandap mangrupa conto biantara, iwal…
Khotbah
Sambutan
Laporan Panata Calagara
Mandu acara
Ieu dihandap mangrupa padika biantara pikeun midangkeun biantara nu hadé, iwal..
Lentong
Wirahma
Pasemon
Wiwaha
Momon di titah ku guruna pikeun méré sambutan dina kagiatan Maulid Nabi salaku ketua panitia. Hanjakal dina prak-prakan nyarita Momon téh macana gancang teuing. Padika biantara naon nu kudu diperhatikeun ku Egi sangkan teu gancang teuing macana…
Lentong
Pasemon
Pasang peta
Wirahma
Ékspresi dina biantara sok disebut ogé…
Lentong
Pasemon
Pasang peta
Wirahma
Lagam dina nyarita sok disebut ogé….
Lentong
Pasemon
Pasang peta
Wirahma
Gerakan leungeun nalika nyarita sok disebut oge…
Lentong
Pasemon
Pasang peta
Wirahma
Hal naon nu kudu diperhatikeun nalika nyieun teks biantara, iwal…
Saha waé nu dating
Waktu acarana
Jenis kagiatanna
Konsumsina
Salah sahiji tokoh pahlawan anu kamahyur miboga kamampuh nyarita anu hadé tur persuasif nepi ka bisa nyieun kasima nu ngaregepkeunna. Anjeunna sok disebut "Singa Podium" nya éta…
Megawati
Moh. Hatta
Sayuti Malik
Soekarno
