wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN SUNDA KELAS 12 Pra PTS

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.
Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna…
a)
wawacan
b)
carita pantun
c)
dongéng
d)
carita wayang
2.

Wayang teh asalna tina kecap ............

a)

sayang

b)

bayang

c)

dalang

d)

sarang

3.

Dihandap ieu jalma nu nepikeun pintonan carita wayang golék nyaéta

a)
b)
c)
d)
4.

Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongeng, iwal...

a)

jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib

b)

sasatoan bisa ngomong

c)

parahu bisa robah jadi gunung

d)

nu beunghar sok nyiksa nu sangsara

5.

Dina hiji carita dongéng réa nu medar kabaheulaan, kabukti yén sakapeung mah sok ditandaan ku kecap baheula. Salasahiji dongéng anu nyaritakeun lalampahan jalma anu dianggap karuhun atawa pahlawan saperti dongéng Kéan Santang, nya éta …

a)

Fabel

b)

Sasakala

c)

Sage

d)

Pamuk

6.

Réa pisan rupa dongéng, boh ditilik tina wangun eusi boh ditilik tina strukturna. Saperti halna dongéng anu nyaritakeun lalampahan sasatoan saperti Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Kuya, Gagak Hayang jadi Merak, jsb disebut …

a)

Farabel

b)

Fabel

c)

Sasakala

d)

Sage

7.

“Keur Kamari si Elsan Kacopetan di Grand”

Kecap Kacopetan nu nganggunakeun Rarangken Ka-an miboga Harti…..

a)

Teu dihaja…

b)

Teu Kahaja kena ku….

c)

Hal anu Patali jeung….

d)

Teu dihaja aya dina kaayaan…

8.

Babon carita wayang nya éta . . . .

a)

Mahabarata

b)

Jabang Tutuka

c)

Pergiwa Pergiwati

d)

Brajamusti

9.

Jelema nu sok nyaritakeun jeung ngigelkeun wayang sok disebut:

a)

Dalang

b)

Sinden

c)

Nayaga

d)

Purwa

10.

Babon (induk/sumber) carita wayang golek asalna ti India tina carita ....

a)

Rama jeung Sinta

b)

Pandawa jeung Kurawa

c)

Mahabarata jeung Ramayana

d)

Pandawa jeung Ramayana

11.

rarangken anu dipakena babarengan geusan ngawangun guna atawa fungsi jeung harti kecap nyaeta rarangken.....

a)

hareup

b)

tengah

c)

tukang

d)

barung

12.

Gambar dihandap ieu anu kaasup kana fabel nyaeta......

a)
b)
c)
d)
e)
13.
Ngaran-ngaran wewengkon, gunung atawa patempatan di urang mah sok dipatalikeun jeung hiji dongéng, upamana dongéng Tangkuban Parahu, dongéng Situ Paténgggang, dongéng Situ Bagendit, dongéng Pandéglang, jeung sajaba ti éta, anu umumna kagolong kana dongéng ....
a)
babad
b)
sasatoan
c)
mitos
d)
parabel
e)
sasakala
14.

Salasahiji ciri-ciri dongeng dihandap ieu, kajaba....

a)

Anonim

b)

Tradisional

c)

Pamohalan

d)

Kapaluruh nu ngarangna

e)

Sumebarna ngaliwatab lisan

15.

Di Garut katelah pisan hiji carita anu dijudulan (1) Sasakala Situ Bagendit. Ceunah mah luyu jeung ngaran tokohna Nyi Endit anu miboga watek medit. Lamun di Sukabumi katelah pisan ku dongéng (2) Nyi Roro Kidul anu dibarengan ku carita (3) Sasakala Palabuanratu. Sabenerna, lian ti éta dongéng masih kénéh réa dongéng ti Sukabumi téh salasahijina aya dongéng (4) Sasakala Situsukaramé ti Parakansalak. Tapi anu kawéntar di tanah Sunda dugi ka ayeuna mah dongéng (5) Si Kabayan, lian ti caritana ramé, ogé mantak pikaseurieun. Anu mantak pikasediheun naha aya dongéngna? Aya! Masih inget dongeng (6) Budak Pahatu? Mani waas nalika lanceuk jeung adi hirup paduduaan dina ringkang kasusah. Beunghar pisan Sunda téh ku carita dongéngna, ti sabangsaning (7) Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet anu silih gitik hayang ngala cabé, aya ogé caritaan bangsa (8) Sireum anu meunang ngalawan Gajah. Ku réana dongéng Sunda anu sumebar mana waé anu kaasup Parabel

a)

1 jeung 3

b)

3 jeung 4

c)

5 jeung 6

d)

7 jeung 8

e)

1 jeung 2

16.

Karangan atawa wacana anu eusina medar/ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung gunana hiji hal dumasar  kana fakta fakta nu kapanggih disebut...

a)

karangan pedaran

b)

karangan narasi

c)

karangan fiksi

d)

karangan deskripsi

e)

karangan argumentasi

17.

Karangan pedaran sok disebut karangan bahasan atawa karangan ...

a)

eksposisi

b)

narasi

c)

deskripsi

d)

argumentasi

e)

persuasi

18.

Karangan pedaran anu geus dimuat dina majalah atawa koran disebut ...

a)

Warta

b)

Artikel

c)

Biantara

d)

Bewara

e)

Iklan

19.

Anu mangrupa kecap sipat nya eta....

a)

kadiukan

b)

kakotoran

c)

kapanasan

d)

kacopetan

20.

Kecap barang nu ngandung harti "tempat anu patali jeung...." nya eta....

a)

kasenian

b)

kacamatan

c)

kakuatan

d)

kaendahan