wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS B.Sunda Kelas 3

Total questions: 20

Worksheet time: 39mins

Name
Class
Date
1.

Di handap ieu nu mangrupa kalimah ajakan nyaeta.....

a)

Saha nu nyandak topi teh?

b)

Pangnyokotkeun sapatu dina erak!

c)

Bu Mira guru basa Sunda.

d)

Hayu, urang sholat di Masjid!

2.

Pupuh pucung nyaeta pupuh anu ngagambarkeun rasa...

a)

Ambek

b)

Bungah

c)

Kasedih

d)

Sumanget

3.

Kecap gering sarua hartina jeung....

a)

Teu damang

b)

Imbit

c)

Mastaka

d)

Ngagelendeng

4.

Kalimah nu make tanda baca titik jeung aksara gede nu bener nyaeta.....

a)

Budiman imahna di cihampelas.

b)

Ahmad angkat sakola sareng Yuli

c)

Bandung kota Kembang.

d)

Mang Asep angkat ka Cianjur.

5.

Kalimah panyaram aya dina kalimah.....

a)

Tong miceun runtah di mana wae!

b)

Abdi moal sakola margi udur.

c)

Bu Leli ngawulang Basa Sunda ti taun dua rebu.

d)

Rek jam sabaraha indit ka sakola teh?

6.

Kalimah ieu di handap nu kaasup kalimah parentah nyaeta......

a)

Hayu urang ngamumule budaya Sunda!

b)

Icih keur sasapu di buruan.

c)

Regepkeun pepeling kolot teh!

d)

Naha geuning barudak teh can baralik wayah kieu?

7.

Kalimah parentah nu saluyu jeung guneman di luhur nyaeta........

a)

pangmeulikeun pulpen ka koperasi.

b)

pangmawakeun buku di perpustakaan.

c)

pangnyandakeun kantong bapa di kelas.

d)

pangmasihkeun buku ka Yuli.

8.

.............Pa Yudi angkat ka Jakartana?

Kecap pananya nu cocok jeung kalimah di luhur nyaeta.....

a)

Di mana

b)

Ka mana

c)

Iraha

d)

Naon

9.

.....................nu teu sakola poe ieu?

Kecap pananya nu cocok jeung kalimah di luhur nyaeta.......

a)

Saha

b)

Iraha

c)

Naon

d)

Di mana

10.

....................hargana beas teh?

Kecap pananya nu cocok jeung kalimah di luhur nyaeta...........

a)

Saha

b)

Iraha

c)

Di mana

d)

Sabaraha

11.

Andi : "Mel,.............................?

Amel : "Abdi mah resep bayem, wortel, jeung jagong."

Kalimah pananya nu cocok jeung guneman di luhur nyaeta.......

a)

inuman naon nu dipikaresep ku Amel?

b)

sayuran naon nu dipikaresep ku Amel?

c)

olahraga naon nu dipikaresep ku Amel?

d)

kaulinan naon nu dipikaresep ku Amel?

12.

Bapa nuju ................. sareng soto. Abdi nuju ........................ sareng angeun sop.

Kecap nu saluyu keur kalimah di luhur nyaeta.......

a)

neda / emam

b)

dahar / tuang

c)

tuang / neda

d)

dahar / tuang

13.

Dupi jenengan ibu guru teh ...............?

a)

Iraha

b)

Saha

c)

Di mana

d)

Sabaraha

14.

Cilok teh .................... tina aci.

Kecap nu saluyu jeung kalimah di luhur nyaeta...........

a)

digawe

b)

dijieun

c)

diaduk

d)

dikumbah

15.

Kecap nu kaasup rajekan dwimurni di handap ieu nyaeta......

a)

sawah-sawah

b)

momotoran

c)

sababaraha

d)

bolak-balik

16.

Satria mah katelah budak pinter di sakola na.

Kecap sabalikna tina kalimah di luhur nyaeta.........

a)

motekar

b)

calakan

c)

motah

d)

bodo

17.

Ari hudang ulang beurang teuing.

Kecap sabalikna tina kecap beurang nyaeta.......

a)

peuting

b)

halodo

c)

hujan

d)

saeutik

18.

Kalimah ieu di handap nu kaasup kalimah parentah nyaeta...........

a)

Sabaraha sekor Persija lawan Persib teh?

b)

Hidep regepkeun ieu pepeling ti kolot!

c)

Ulah nangtung di hareupeun panto.

d)

Kamari Alvaro balik ti Nagrek.

19.

Ari jeung dulur mah kudu ...................

Kecap nu luyu jeung kalimah di luhur nyaeta...

a)

silihpelong

b)

silihudag

c)

silihreret

d)

silihbere

20.

Taman Cibodas nyaeta salah sahiji tempat wisata nu aya di..........

a)

Kabupaten Cianjur

b)

Kabupaten Sumedang

c)

Kabupaten Cimahi

d)

Kabupaten Bogor