wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Pangaweruh ngeunaan Dongeng

Total questions: 10

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Dongéng téh salah sahiji golongan carita rékaan dina wangun prosa (lancaran) anu ukuranana pondok jeung ngandung unsur pamohalan (teu asup akal).

a)

Bener

b)

Salah

2.

Ciri dongéng anu ngabédakeun jeung karya sastra séjénna di antarana nyaéta caritana pondok tur basajan, eusina nepikeun papatah (piwuruk), runtuyan caritana ngandung unsur pamohalan, teu kapaluruh anu ngarangna, jeung nyebarna kalawan lisan.

a)

Salah

b)

Bener

3.

Sacara umum dumasar kana e​​usina, dongéng téh dipasing-pasing jadi sababaraha golongan:

nyaritakeun sato:​ (a)  

nyaritakeun kahirupan jalma biasa ​ (b)   ​ ​

carita nu aya unsur sajarahna​ (c)  

​carita ngeunaan jurig jeung siluman (d)  

​ carita asal usul tempat atawa barang ​ (e)  

Choose from the below words
fiksi
cerita rakyat
Fabel
Farabel
sage/babad
Mite
sasakala/legenda
4.

sasatoan jeung tutuwuhan bisa nyarita kawas jalma, parahu robah jadi gunung, cimata robah jadi situ, jalma robah jadi maung. Eta kajadian anu aya dina dongeng disebutna ....

a)

unsur realis/nyata

b)
unsur logika
c)

unsur pamohalan

d)
unsur ilmiah
5.

Pek jodokeun!

a)

Dongéng anu nyaritakeun jalma dina masarakatna

1.

Farabel

b)

Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan

2.

Fabel

c)

Dongéng anu nyaritakeun mahluk-mahluk ciptaan, bangsaning jurig jeung siluman

3.

Mite

d)

Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan

4.

Sasakala

e)

Dongéng anu ngandung unsur sajarah

5.

babad/sage

6.

Réa pisan rupa dongéng, boh ditilik tina wangun eusi boh ditilik tina strukturna. Saperti halna dongéng anu nyaritakeun lalampahan sasatoan saperti Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Kuya, Gagak Hayang jadi Merak, jsb disebut …

a)

Farabel

b)

Fabel

c)

Sasakala

d)

Sage/babad

e)

Pamuk

7.

Dongeng anu ngandung unsur sajarah disebut....

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Legenda

d)

Sage/Babad

e)

Mite

8.

Baca dongéng ieu di handap pikeun ngajawab patalekan!

......

Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok némbongkeun kamonésanana, paalus-alus mébérkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang. Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah aya leuwihna, lantaran manéhna hayang némbongkeun kabungahna pédah geus jadi merak bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid pédah buluna teu éndah. Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.

Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika disérangkeun ku kokolot merak di dinya. Kokolot merak nyampeurkeun si Candrika, terus nyarta. Pokna “Ké heula, Lur, ari andika téh merak timana? Siga lain bangsa urang”

Si Candrika kacida reuwansna “Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Candrika gugup....


Dongéng di luhur kaasup kana jenis dongéng....

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Legenda

d)

Sage/babad

e)

Mite

9.

Baca dongéng ieu di handap pikeun ngajawab patalekan!

.....

Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok némbongkeun kamonésanana, paalus-alus mébérkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang. Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah aya leuwihna, lantaran manéhna hayang némbongkeun kabungahna pédah geus jadi merak bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid pédah buluna teu éndah. Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.

Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika disérangkeun ku kokolot merak di dinya. Kokolot merak nyampeurkeun si Candrika, terus nyarta. Pokna “Ké heula, Lur, ari andika téh merak timana? Siga lain bangsa urang”

Si Candrika kacida reuwansna “Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Candrika gugup. ...........


Ditilik tina eusi dongéng di luhur, si Candrika téh nyaéta....

a)

merak

b)

gagak

c)

kokolot merak

d)

kokolot gagak

e)

jelema biasa

10.

Baca dongéng ieu di handap!

............

Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok némbongkeun kamonésanana, paalus-alus mébérkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang. Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah aya leuwihna, lantaran manéhna hayang némbongkeun kabungahna pédah geus jadi merak bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid pédah buluna teu éndah. Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.

Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika disérangkeun ku kokolot merak di dinya. Kokolot merak nyampeurkeun si Candrika, terus nyarta. Pokna “Ké heula, Lur, ari andika téh merak timana? Siga lain bangsa urang”

Si Candrika kacida reuwansna “Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Candrika gugup. .....


Kecap “ngirut” baris kadua, paragraf kahiji, saharti jeung kecap....

a)

Méré béja

b)

Mengkerut

c)

Nyirian

d)

Némbongkeun

e)

Narik ati