NEW
Font size
WorksheetsEvaluasi Dongeng Pertemuan 1
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma biasa dina masarakatna saperti conto dongéng "Si Kabayan moro uncal" jeung "Si Kabayan ngala nangka" kaasup kana jenis dongéng....
Fabél
Parabél
Sasakala
Sagé
Mite
Dongéng anu nyaritakeun asal usul hiji tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan saperti conto dongéng "Mula Nagara Baduy" jeung "Asal-muasalna Oa jeung Aul" kaasup kana jenis dongéng....
Fabél
Parabél
Sasakala
Sagé
Mite
Dongéng anu nyaritakeun jalma dina masarakatna jeung dina sajarahna saperti dina conto dongéng "Prabu Siliwangi" jeung "Kéan Santang" kaasup kana jenis dongéng....
Fabél
Parabél
Sasakala
Sagé
Mite
Dongéng "Kuya jeung Monyet", "Peucang Keuna ku Leugeut", jeung "Kidang jeung Ajag" kaasup kana jenis dongéng Fabél lantaran miboga ciri....
Teu kanyahoan nu ngarangna
Sumebar sacara lisan
Palakuna sasatoan
Caritana nyata
Loba versi
Dina dongéng téh sok tara kapanggih saha nu ngarangna atawa sok disebut....
Homonim
Hiponim
Antonim
Sinonim
Anonim
Ieu di handap anu teu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta....
Sumebarna sacara lisan
Teu kanyahoan saha nu ngarangna
Eusi caritana mangrupa rékaan malah réa anu pamohalan
Ngagunakeun basa lancaran
Ukuranna ilaharna panjang pisan
Dongéng anu nyaritakeun lalakon hiji Kiyai ti nagara Campa anu balayar nyebarkeun agama ka pulau Jawa. Di éta tempat téh masarakatna can wanoh jeung agama Islam. Lantaran sok kadéngé sora keur ngaji, tuluy loba jalma nu panasaran ahirna hayang diajar agama Islam. Lila kalilaan, éta Kiyai téh jadi loba santrina nepi ka ngadegkeun hiji Pasantrén nu terkenal di wilayah Karawang, malah nepi ayeuna gé sok loba nu ziarah ka makamna.
Téks di luhur kaasup kana bagian eusi dongéng....
Si Kabayan Ngala Nangka
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet
Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
Syeh Quro
Prabu Siliwangi
Dongéng nu nyaritakeun lalampahan hiji aki-aki tukang néangan rebon tuluy dijieun tarasi nu kawéntar rasana ngeunah. Eta si Aki téh mindeng pindah tempat, mapay basisir néangan nu loba rebonna. Bari néangan rebon, si Aki tuluy nyieun saung jeung nyieun sumur. Lantaran di éta tempat téh rebonna saeutik, tuluy si Aki ngumbara deui.
Téks di luhur mangrupa bagian tina eusi dongéng anu judulna....
Budugbasu jeung Jakatua
Syéh Quro
Si Kabayan moro uncal
Cipucuk caina asin
Melak cau
Dongéng nu nyaritakeun adi lanceuk nu resep ka hiji awéwé nu geulis.
Lantaran lanceukna mah éraan jadi nitah ka adina pikeun nepikeun niatna ka Bapana. Ku adina téh kalah digogoréng si lanceuk téh, da pédah teu ihlas mojang geulis nu dipikaresep téh rék kawin jeung lanceukna. Ahirna bapana ambek, tuluy supata (nyumpahkeun) anakna nu goréng haté éta sangkan budug.
Téks di luhur mangrupa bagian tina eusi dongéng anu judulna....
Budugbasu jeung Jakatua
Syéh Quro
Budugbasu jeung Jokotingkir
Si Kabayan
Bondol Haji
Dongéng nu nyaritakeun kahirupan hiji lalaki anu tingkahna teu ilahar siga batur. Eta lalaki téh dititah moro ka leuweung bareng jeung masarakat séjénna. Batur mah mani sareged maké calana sontog jeung mawa alat sakeur moro, éta pamuda mah ukur mawa péso raut jeung maké sarung.
Téks di luhur mangrupa cutatan eusi dongéng anu judulna....
Si Rémbo moro ka leuweung
Si Kabayan ngala nangka
Si Kabayan moro uncal
Radén Kian Santang
Syéh Quro jeung Prabu Siliwangi
