Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN 1

Total questions: 25

Worksheet time: 2mins

Name
Class
Date
1.

wanda basa karangan anu rakitanana cara basa sapopoe, tanpa ngolah wirahma atawa ngatur intonasi anu matok disebut ....

a)

prosa

b)

fiksi

c)

carpon

d)

novel

2.

numutkeun Iskandarwassid, 2017: 172, yen karangan prosa dina wangun karya sastra disebutna ....

a)

prosa

b)

prosa fiksi

c)

fiksi

d)

carita

3.

Prosa fiksi Sunda ngabogaan sababaraha wanda, di antarana wae, carita pondok, novel jeung dongeng.


a)

carita wayang, sisindiran, jeung sajak

b)

biantara, drama jeung

carpon

c)

novel, dongeng jeung

carpon,

d)

sajak, novel jeung carpon

4.

karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok disebut

a)

sajak

b)

novel

c)

dongeng

d)

carpon

5.

prosa rekaan (fiksi) panjang dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (komplek).

disebut

a)

prosa fiksi

b)

dongeng

c)

carpon

d)

novel

6.

mana anu lain kaasup kana ciri carpon ...

a)

Dicirian ku jumlah kecapna ukur 5.000-7.000

b)

karakter

wangun karanganana pondok

c)

tokohna loba

d)

eusina kaharti ku akal atawa realistis

7.

Buku kumpulan carpon munggaran nu judulna ...

a)

Dogdog Pangrewong

b)

Carita Biasa

c)

Jajaten Ninggang Papasten

d)

Hujan Munggaran

8.

Novel pangheulana nu medal dina sastra Sunda judulna ...

a)

Baruang ka nu Ngarora

b)

Pangeran Kornel

c)

Agan Permas

d)

Asmara Ngambah Sagara

9.

unsur instrinsik naon dina prosa fiksi anu nyoko kana waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita.

a)

tokoh

b)

latar

c)

galur

d)

amanat

10.

unsur prosa fiksi naon anu nyoko kana cara atawa sawangan nu dipake ku pangarang minangka sarana pikeun midangkeun tokoh, tindakan, latar jeung peristiwa nu ngawangun carita dina carpon.

a)

galur

b)

latar

c)

Puseur sawangan

d)

tema

11.

Teks anu judulna "Sobat Apa" teh kaasup prosa fiksi wangun ...


a)

carita wayang

b)

carita pondok

c)

drama

d)

sajak

12.

dina carita pondok "Sobat Apa", lamun ditilik tina puseur sawangan kaasup kana puseur sawangan ...

a)


jalma kahiji

b)

jalma kadua

c)

jalma katilu

d)

campuran

13.

jejer atawa tema tina carpon "Sobat Apa" nyaeta ...


a)

sosial

b)

kaasih

c)

kagaamaan

d)

kulawarga

14.

saha tokoh utama na dina carita pondok eta teh ...

a)

Kang Jaka

b)

Kuring

c)

Emah

d)

Apa

15.

nu dimaksud ku Apa, dina 'Sobat Apa' teh saha ...

a)

malaékat

b)

babaturan Apa

c)

sobat dalitna

d)

dulur Apa

16.

Ku naon Apa make diisolasi di Wisma Atlet?


a)

Apa keuna ku musibah

b)

Apa keuna Malaria

c)

Apa keuna ku DBD

d)

Apa keuna ku Covid-19

17.

Apa teh keuna ku Covid-19 sabada mulang ti ...

a)

Kanada

b)

Thailand

c)

Bangkok

d)

Lembang

18.

Ari Apa teh gaduh usaha naon?

a)

psikolog

b)

Pertamina

c)

tanaman hias

d)

bisnis e-commerce

19.

Apa teh geus ngobrol jeung sobat Apa, oge sareng Emah. Apa teh rek nyesakeun ...

a)

kebon kopi di Lembang

b)

imah jeung kebon tukang

c)

kebon ganas di Subang

d)

Perumahan Cihidung

20.

tabuh sabaraha Apa mulih ka jati mulang ka asal ?

a)

jam salapan pas

b)

jam dalapan sapuluh menit

c)

jam salapan sapuluh menit

d)

jam sapuluh salapan menit

21.

pakakas masak pikeun ngabersihan béas dina kahirupan urang Sunda anu dijieunna tina awi nu dianyam disebut ...

a)

boboko

b)

aseupan

c)

nyiru

d)

ayakan

22.

wadah paranti nyeupan sangu atawa kadaharan séjén disebutna ...

a)

boboko

b)

aseupan

c)

nyiru

d)

ayakan

23.

parabot anu bisa dipaké ngayak disebut

a)

nyiru

b)

ayakan

c)

boboko

d)

aseupan

24.

parabot dapur pikeun ngéjo atawa naheur cai disebutna ...

a)

katel

b)

panci

c)

boboko

d)

seeng

25.

salah sahiji parabot nu wangunna buleud dijieun tina anyaman awi beunang meulahan ipis kalawan dianyam rapet sangkan maloncor lamun dipaké napi béas, paré, milihan kacang, jeung sajabana disebutna ...

a)

aseupan

b)

ayakan

c)

nyiru

d)

boboko