wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

STS BASA SUNDA SEMESTER GANJIL KELAS 6

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Kawajiban urang ka sato nu aya disabudeureun nyaeta ....

a)

maraban sato

b)

dicebor unggal poe

c)

diteundeun di kandang

d)

dijual ka jalma nu teu resep sasatoan

2.

silih tulungan, silih hargaan, jeung silih hormat mangrupa kawajiban urang ka ....

a)

sato

b)

manusa

c)

pepelakan

d)

tutuwuhan

3.

Basa kamari kuring indit ka cagar alam nu aya di Pangandaran. basa nepi diditu, aya monyet anu kateunggar ku mobil bak. berebet, pa Umar lumpat langsung nulungan eta monyet, tuluy diubaran, oge dibawa ka tempat anu leuwih aman. Dumasar carita di luhur, pa Umar nembongkeun kawajiban ka eta sato, nyaeta ....

a)

di bere nginum

b)

di rawat unggal poe

c)

miara sato langka

d)

ngalindungi nalika aya dina bahaya.

4.

Unggal isuk-isuk samemeh indit ka sakola, Anita sok nyebor pepelakan nu aya di imahna. paripolah nu dilakukeun Anita mangrupa kawajiban nu dilakukeun ka ....

a)

sato

b)

manusa

c)

tutuwuhan

d)

mahluk hidup

5.

"Yadi pohara getenna ngurus Heulang nu keur tatu teh"

a)

latar tempat

b)

latar pelaku

c)

watek pelaku

d)

alur carita

6.

palaku nu aya dina carita pondok "Jangjang Heulang" nyaeta ....

a)

Yadi jeung Dadi

b)

latar waktu

c)

watek palaku

d)

alur carita

7.

"Waktu nganjang ka barayana nu lemburna di suku gunung, Yadi jeung bapana ngadon jalan-jalan ka leuweung, anu sok dipake tempat moro manuk ku jalma-jalma nu baroga pangresep bebedil". Dumasar penggalan paragraf di luhur, nu ka asup kana latar tempat nyaeta ....

a)

lembur jeung bebedil

b)

lembur jeung gunung

c)

lembur di suku gunung jeung leuweung

d)

lembur, gunung, bebedil, jeung leweung.

8.

Kecap sangaran disebut oge ....

a)

antonim

b)

homonim

c)

homofon

d)

sinonim

9.

Nu kaasup kana kecap nu miboga harti nu sarua nyaeta ....

a)

gede x leutik

b)

hideung x bodas

c)

meunang x kenging

d)

ayeuna x engke

10.

"Bulan hareup meuli sapedahna, nungguan bapa gajihan". kecap gajih dina kalimah di luhur ngandung harti ....

a)

panghasilan

b)

kadaharan

c)

karesep

d)

daging

11.

Fungsi tutuwuhan nyaeta mere sumber kahirupan, ngahasilkeun oksigen, jeung ....

a)

sumber kadaharan

b)

sumber kahirupan

c)

sumber cadangan

d)

sumber kaendahan

12.

kawajiban urang kasasama mahluk ciptaan Allah nyaeta ....

a)

silah asah jeung silih asih

b)

silih ngaruksak

c)

ngantepkeun

d)

ngamanfaatkeun

13.

Umpana nempo sato nu keur kalaparan urang kudu ....

a)

maraban

b)

ngantep

c)

ngusir

d)

lumpat

14.

Ciriciri carita pondik nyaeta palakuna ....

a)

lobaan

b)

saeutik

c)

sorangan

d)

rombongan

15.

kecap anu panulisan jeung pangucapana sarua, tapi boga harti nu beda disebut ....

a)

kecap sangaran

b)

kecap panyeluk

c)

kecap homograf

d)

sinonim

16.

Badak ka asup sato anu ....

a)

dilindungi

b)

diburu

c)

gede

d)

leutik

17.

Gambar di gigir ieu nyaeta ....

a)

badak

b)

gajah

c)

komodo

d)

kuda nil

18.

Kecap pajeng miboga dua harti nyaeta ....

a)

payu jeung payung

b)

payu jeung laku

c)

payung jeung paku

d)

laku jeung paku

19.

Di handap ieu nu kaasup kana unsur carpon nyaeta ....

a)

tema

b)

latar

c)

amanat

d)

pangarang

20.

Jumlah kecap anu digunakeun dina carita pndok biasana ... kecap.

a)

5.000 - 7.000

b)

7.000 - 8.000

c)

5.000 - 8.000

d)

5.000 - 10. 000

21.

Di handap ieu rupa-rupa pupuh iwal ....

a)

balakbak

b)

asmarandana

c)

durma

d)

pupujian

22.

Rakita puisi tradisional sunda, anu kauger ku rupa-rupa patokan boh wangunna boh eusina disebut ....

a)

sajak

b)

pupuh

c)

novel

d)

carpon

23.

Sabilulungan ka asup kana ....

a)

kawih

b)

pupuh

c)

jangjawokan

d)

pupujian

24.

Wirangrong ka asup kana ....

a)

pupuh

b)

kawih

c)

pupujian

d)

jangjawokan

25.

Kudu satia bumela ka nagara

Lemah endah jeung tingtrim

Rea udayana

Hiji dina bebebda

Mere asih jeung pangarti

Jadi baraya

Indonesia sajati

pupuh diluhur disebut ...

a)

pupuh durma

b)

pupuh sinom

c)

pupuh kinanti

d)

pupuh asmarandana

26.

Kudu satia bumela ka nagara

guru lagu dina padalisan di luhur nyaeta nyaeta ....

a)

11 a

b)

12a

c)

13 a

d)

14 a

27.

Sabilulungan dasar gotong royong

Sabiluungan sipat silih rojong

Sabilulungan genteng ulah potong

......

a)

Sabilulungan persatuan tembong

b)

Sabilulungan kasatuan tembong

c)

Sabilulungan kukuh persatuan

d)

Sabilulungan hirup sauyunan

28.

Watek pupuhna pikserieun, banyol, atawa lulcon di sebut pupuh ....

a)

Balakbak

b)

Durma

c)

Sinom

d)

Asmarandana

29.

Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Kuriling kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Pupuh diluhur disebut ....

a)

Pupuh Maskumambang

b)

pupuh Kinanti

c)

pupuh sinom

d)

pupuh dangdanggula

30.

Jelema anu asal sarundayan, saturunan, sok disebut oge pangampih/ dulur disebut ....

a)

baraya

b)

kaluarga

c)

musuh

d)

tatangga