wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Quiz Carpon Sunda

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaéta...

a)

Palaku caritana kaitung réa

b)

Wangun karanganana pondok

c)

sifat caritana naratif jeung fiktif

d)

biasana nyaritakeun hiji kajadian

2.

Buku kumpulan carpon dina Sastra Sunda leuwih ti heula batan buku kumpulan carpon dina sastra Indonésia. Buku kumpulan carpon nu munggaran dina sastra Sunda, nyaéta...

a)

Carita biasa karya RAF

b)

Dogdog Pangréwong karya G.Sastradireja

c)

Ceurik Santri karya Usép Romli H. M

d)

Hujan Munggaran karya Ayatrohaédi

3.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novél, nyaéta...

a)

Tokohna loba

b)

latarna laluasa

c)

galurna panjang

d)

karangan nonfiksi

4.

Karangan rékaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompléks) disebut ...

a)

dongéng

b)

carpon

c)

hikayat

d)

novél

5.

"Ma Acah katarajang kasakit panas" kaasup kana wanda kalimah...

a)

Kalimah aktif

b)

kalimah pasif

c)

kalimah langsung

d)

kalimah teu langsung

6.

Bédana dongéng jeung carpon, nyaéta dina dongéng mah aya...

a)

tokoh

b)

amanat

c)

galur

d)

unsur pamohalan

7.

Wangun prosa anu pondok pisan disebutna...

a)

novél

b)

carpon

c)

fiksimini

d)

dongéng

8.

Tapi Apa kalah nyeusulan. Saurna, Apa mah kuat kénéh. Barina ogé budak anu mana anu henteu apal pisan kana urusan tanaman hias. Sabada kuring, Téh Sri, sareng Kang Jaka, ngobrol ka psikolog, ngarti ogé kana kahayang Apa. "malah saéna kitu. upami lirén kana kagiatanna, karunya teuing, tiasa ngalaman kabingungan oriéntasi," saur Bu Rani, psikolog sobatna Téh Sri. Dumasar sempalan teks di luhur, anu lain palaku dina éta carita, nyaéta...

a)

Apa

b)

Kuring

c)

Kang Jaka

d)

Manéhna

9.

Carpon atawa carita pondok, istilah lainna nyaéta...

a)

long story

b)

short story

c)

story

d)

fairy story

10.

"Tuh, ku déwék geus dipangnyieunkeun lelempangan téh, tilu. Ruyungna ogé mani geus hérang. pék geura ajaran ku ilaing!" bari nuduhkeun lelempangan anu disarandékeun dina séség dapur. budak téh katénjo bari jigrah, hég dialak-ilik. dumasar téks di luhur, Si Demung ku bapa kukutna dipangnyieunkeun...

a)

Langlayangan

b)

Lelempangan

c)

Panggal

d)

Sumpit