wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASESMEN DONGENG

Total questions: 10

Worksheet time: 6mins

Name
Class
Date
1.

Kumaha cara sumebarna dongeng dina zaman baheula….

 

a)

Sacara lisan turun tumurun

b)

Ngaliwatan tulisan

c)

Ngaliwatan sakola

d)

Ngaliwatan madrasah

e)

Sacara dirusiahkeun

2.

Istilah nu nuduhkeun yén dongéng téh teu kapaluruh saha nu ngarangna, disebut…..

a)

Anonim

b)

Antonim

c)

Sinonim

d)

Akronim

e)

Homonim

3.

Di handap ieu nu kaasup unsur-unsur dongéng, iwal ti……

a)

Tema

b)

Palaku

c)

Latar

d)

Galur

e)

Eusi Carita

4.

Dongéng téh mindeng disebut carita nu teu kaharti ku akal atawa pamohalan. Ieu dihandap conto hal anu dianggap pamohalan dina dongéng, iwal ti......

a)

Aya sato bisa nyarita

b)

Aya parahu nu robah jadi gunung

c)

  Aya anjing nu robah wujudna jadi manusa

d)

Aya angsa anu endogna emas

e)

Aya jelema anu bisa sakola

5.

Dongeng anu patali jeung mitos nu hirup di lingkungan masarakat, sarta sok aya unsur-unsur mistisna disebut dongéng….

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sage/Babad

d)

Sasakala

e)

Mite

6.

Naon ajén moral nu aya dina dongéng Babad Kéan Santang…….

 

a)

Kudu hormat kanu jadi kolot

b)

Teu meunang ngarasa sombong ku pangabisa sabab diluareun urang masih kénéh loba jelema anu leuwih luhung élmuna

c)

Jadi jelema mah kudu sakti jeung sagala bisa

d)

Kudu diajar agama islam

e)

Kudu ngadu kasaktian sangkan élmu urang leuwih jembar

7.

Dina dongéng Fabel Sakadang Peucang jeung Buaya, pasipatan Si Peucang nu kumaha nu kudu diconto ku urang dina kahirupan sapopoé……

a)

Kudu loba akal ngarah teu didahar ku buaya

b)

Kudu bisa ngabobodo batur ngarah bisa salamet

c)

Kudu bisa lumpat sangkan teu diudag musuh

d)

Kudu jadi jelema pinter sangkan dipuji ku batur

e)

Kudu loba akal jeung teu meunang leutik haté  nalika nyinghareupan hiji masalah

8.

Kumaha pasipatan Nyi Endit dina carita Situ Bagendit……

a)

Bageur

b)

Béréhan

c)

Tukang sodakoh

d)

Amis Budi

e)

Pelit tur kumed

9.

Dina carita Nyai Roro Kidul, kunaon sababna Putri Kandita sareng ibuna indit ka luar karajaan……

 

a)

Diusir ku Raja Mundingwangi

b)

Diusir ku Dewi Mutiara

c)

Sabab rék pindah imah

d)

Sabab rék nguji elmu di laut kidul

e)

Sabab hayang hirup duaan jeung indungna

10.

Dina carita Si Kabayan Ngala Nangka, naon pangna Si Kabayan bet ngalungkeun nangka ka walungan…..

a)

Sabab nangka nu dialana atah

b)

Sabab Si Kabayan beurateun mawana, tuluy eta nangka dititah balik tiheula ngaliwatan jalan walungan

c)

Sabab nangka nu dialana leuwih ti hiji

d)

Sabab Si Kabayan rék mandi di walungan

e)

Sabab poho jalan balik ka imah