wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

KUIS MATERI KAWIH

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Istilah Kawih mimiti aya dina naskah Sunda Kuna anu judulna...

a)

Sanghyang Siksa Kandang Karesian

b)

Carita Parahyangan

c)

Bujangga Manik

d)

Sanghyang Darma Siksa

2.

Kecap "Kawih" dina naskah Sunda Kuna Sanghyang Siksa Kandang Karesian (SSKK) kapanggih dina taun....

a)

1516

b)

1517

c)

1518

d)

1519

3.

Anu 'henteu' kaasup kana lagu Sunda nyaéta....

a)

Kakawihan

b)

Kawih

c)

Tembang

d)

Hariring

4.

Salasahiji rupa lalaguan Sunda anu biasana dipaké dina waktu keur ulin atawa lagu dina kaulinan barudak. Wangenan 'pengertian' tina rupa lagu Sunda....

a)

Pupuh

b)

Tembang

c)

Kawih

d)

Kakawihan

5.

Rakitan basa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan (bébas), sarta miboga birama anu ajeg (angger). Wangenan 'pengertian' tina rupa lagu Sunda....

a)

Kakawihan

b)

Kawih

c)

Tembang

d)

Pupuh

6.

Wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaéta aturan pupuh. Aturan pupuh téh aya 17. Wangenan (pengertian) tina rupa lagu Sunda....

a)

Kakawihan

b)

Kawih

c)

Tembang

d)

Pupuh

7.

Mana wangenan 'pengertian' Kawih anu bener....

a)

Nyaéta salasahiji rupa lalaguan Sunda anu biasana dipaké dina waktu keur ulin atawa lagu dina kaulinan barudak.

b)

Nyaéta rakitan basa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan (bébas), sarta miboga birama anu ajeg (angger).

c)

Nyaéta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaéta aturan pupuh.

d)

Nyaéta wangun puisi anu kaiket ku aturan, aturan anu bébas.

8.

Titilaras nyaéta....

a)

Tangga Nada

b)

Irama

c)

Ketukan

d)

Sora

9.

Oray-orayan

Tokécang

Cingcangkeling

Kaasup kana lagu Sunda....

a)

Kakawihan

b)

Kawih

c)

Tembang

d)

Pupuh

10.

Mojang Priangan

Manuk Dadali

Jang

Kaasup kana lagu Sunda....

a)

Kakawihan

b)

Kawih

c)

Tembang

d)

Pupuh

11.

Kawih mangrupa wangun karya sastra ugeran.

Ugeran disebut ogé karya sastra....

a)

Kawih

b)

Pupuh

c)

Prosa

d)

Puisi

12.

Jelema nu sok ngarang rumpaka kawih disebut....

a)

Pangarang

b)

Panyanggi

c)

Penyair

d)

Puisi

13.
  • És Lilin (Mursih)

  • Mojang Priangan (Iyar Winarsih)

  • Bubuy Bulan (Benny Corda)

Kaasup kana jenis kawih....

a)

Kawih Modern

b)

Kawih Anyar

c)

Kawih Viral

d)

Kawih Heubeul

14.
  • Papatong (Bah Dadeng)

  • Teteh (Doel Sumbang)

  • Mawar Bodas (Uko Hendarto)

Kaasup kana jenis kawih....

a)

Kawih Modern

b)

Kawih Anyar

c)

Kawih Viral

d)

Kawih Heubeul

15.

Kawih "Karatagan Pahlawan" Panyanggina nyaéta....

a)

Doel Sumbang

b)

Darso

c)

Mang Koko

d)

Oon B

16.

Unsur pangwangun 'pembentuk' rumpaka kawih nyaéta....

a)

Padalisan, Pada, jeung Jejer

b)

Padalisan, Pada jeung Purwakanti

c)

Padalisan, Pada, jeung Nada

d)

Padalisan, Pada, jeung Amanat

17.

Gagasan poko anu rék ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Disebut....

a)

Jejer atawa Tema

b)

Nada

c)

Rasa

d)

Amanat

18.

Sikep pangarang ka nu maca. Tina sikep, pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ku nu maca. Disebut....

a)

Jejer atawa Tema

b)

Nada

c)

Rasa

d)

Amanat

19.

Bisa ngajiwaan eusi kawih. Bakal kapanggih sabada dibaca rumpaka kawihna. Disebut....

a)

Jejer atawa Tema

b)

Nada

c)

Rasa

d)

Amanat

20.

Mangrupa pesen pangarang keur nu maca atawa keur nu ngdangukeun. Disebut....

a)

Jejer atawa Tema

b)

Nada

c)

Rasa

d)

Amanat