Font size
WorksheetsSUMATIF TENGAH SEMESTER BAHASA SUNDA KELAS 7
Total questions: 17
Worksheet time: 48mins
Carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan jeung miboga unsur pamohalan (teu asup akal) teh disebutna …
Carpon
Novel
Sajak
Dongéng
Salasahiji ciri tina dongéng téh nyaéta …
Loba ditulis dina buku jeung majalah
Palakuna lobaan
Témana ngeunaan kahirupan sapopoé
Miboga unsur pamohalan (teu asup akal)
Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut …
Sage
Fabél
Parabél
Sasakala
Dumasar papasinganana, anu disebut dongéng sasakala téh nyaéta …
Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi leuyepaneun
Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan
Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib
Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma anu aya patalina jeung sajarah
Naon sarat anu diajukeun ku Dayang Sumbi nalika diajak nikah ku Sangkuriang?
Dipangnyieunkeun parahu jeung keur lalayaran dina waktu sapeuting
Dipangabendungkeun Sungai Ciliwung jadi Talaga jeung dipangnyieunkeun parahu dina waktu sapeuting
Dipangabendungkeun Sungan Citarum jadi Talaga dina waktu Sapeuting
Dipangabendungkeun Sungai Citarum jadi Talaga jeung dipangnyieunkeun parahu dina waktu sapeuting
Saha jajaka gagah anu katarik ati ku kageulisan Dayang Sumbi téh?
Wayungyang
Sangkuriang
Siluman
Raja Priangan
1. Tengetan dongéng ieu di handap!
Si Kabayan Ngala Nangka
Dina hiji mangsa, Si Kabayan keur leleson barijeung ngalamun di harepeun rorompokanana, saliwat oge mikiran roay, tutut sareng lauk anu diala kamari.
"Kabayan pang ngalakeun nangka. Pilihan anu kolot buahna," parentah mitohana ka Si Kabayan.
Jung we Si Kabayan mangkat ka kebon. Saentos dugi ka kebon, Si Kabayan ningalian tangkal nangka anu buahan. Ajeunna milarian buah nu geus kolot. Teu pati lami Kabayan ningali hiji nangka nu kolot tur ageung. Teras we diala. Ku sabab eta nangka teh ageung, Kabayan teu kuateun ngangkatna.
"Ieu mah hese nyandakna moal kaduga abdi mah," Kabayan nyarios dina hatena.
"Kumaha cara nyandakna ieu teh" saurna deui.
Ku sabab kebon teu pati jauh sareng walungan, eta nangka dipalidkeun ku Si Kabayan.
"Jung balik ti payun, pan geus gede," parentah Kabayan ka nangka. Tuluy we Si Kabayan balik ka imah.
Barang dugi ka imah, Si Kabayan ditaros ku mitohanana.
"Kenging teu nangka teh kabayan?" tanya mertuanya.
"Enya kenging atuh, nya ageung, kolot deui," saur Kabayan.
"Mana nangkana? Geuning anjeun datang lengoh," tumaros mitohana.
"Har naha teu acan dugi kitu? Padahal geus balik ti payun tadi," tembal Kabayan.
"Ari anjeun tong bobodoran, teu aya caritana nangka bisa balik sorangan," mitohana rada bendu.
"Hah, nu bodo mah nangka atuh, geus kolot teu apal jalan balik," saur ceuk kabayan tuluy we bari ngaleos.
"Hah, nu bodo mah nangka atuh, geus kolot teu apal jalan balik," saur ceuk kabayan tuluy we bari ngaleos.
Dongéng di luhur kagolong kana rupa dongéng …, sabab eusina nyaritakeun …
Fabél, sasatoan
Parabél, kalakuan jalma biasa tapi beda ti batur
Mite, kapercayaan di hiji tempat
Babad, sajarah hiji tempat
Kalakuan si Kabayan anu teu lumrah dilakonan ku jalma normal dina dongeng "Si Kabayan Ngala Nangka" nyaéta …
Ngala tutut dijeujeuran ku awi panjang
Miceun buah Nangka nu gede
Malidkeun buah Nangka nu geus kolot ka walungan sangkan nepi ti heula ka imah
Ngala nangka ti walungan
Dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét ngala Cabé téh kaasup kana dongéng …, kusabab nyaritakeun …
Fabél, sasatoan
Parabél, kalakuan jalma biasa
Mite, kapercayaan di hiji tempat
Babad, sajarah hiji tempat
Unsur pamohalan (teu asup akal) nu aya dina dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét ngala Cabé téh nyaéta …
Sato bisa hirup jeung manusa
Sato teu bisa ngomong kawas manusa
Manusa boga pasipatan kawas sato
Sato boga pasipatan jeung bisa nyarita kawas jalma
Naon amanat tina dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét ngala Cabé ?
Kudu ngilu kana sakabeh pamenta babaturan
Kudu bisa ngajaga diri mun keur dileuweung
Ulah daek mun diajak teu bener ku babaturan
Ulah daek ngajaga diri
Dumasar eusina, "Nyi Roro Kidul" kaasupna kana wanda dongéng …
Sagé
Parabél
Sasakala
Mite
Saha sabenerna Nyi Roro Kidul téh ...
Putri Karina
Putri Kadita
Putri Ayu
Putri Mutiara
Naon mitos nu sumebar (tersebar) nalika rek ulin ka Pantai Selatan …
Dilarang make Baju warna Beureum
Dilarang nyelem ka Pantai
Dilarang miceun sampah ka tong Sampah
Dilarang make baju warna Hejo
Ti dinya mah tuluy baé Kian Santang ngiring ka Sayidina Ali sarta asup Islam. Sabada ngagem Islam, anjeunna ngulik rupa-rupa élmu agama di Mekah. Engkéna Kian Santang téh balik deui ka Pajajaran, nyebarkeun agama Islam di lemah caina. Salasaurang nu hayang diislamkeun ku Kian Santang téh ramana nyalira, nyaéta Prabu Siliwangi. Kawantu ramana masih ngagem agama karuhun. Tapi dugi ka pupusna, Kian Santang teu kungsi lansana ngislamkeun Prabu Siliwangi, da ramana cenah tuluy ngahiang Sancang, sarta robah wujudna jadi maung.
Cutatan dongéng di luhur ka golong kana dongéng …
Sasakala
Sage
Mite
Parabél
Caritakeun deui sacara singkat dongéng Sasakala Dongéng Tangkuban Parahu make Basa Sunda!
Sebutkeun 5 papasingan (jenis) dongéng!
