Font size
S
M
L
XL
WorksheetsSoal Latihan ASTS kelas 4
Total questions: 38
Worksheet time: 26mins
Name
Class
Date
1.
Kaulinan anu mimiti rèk diulinkeun tèh nyaèta ...
a)
paparahuan
b)
langlayangan
c)
sondah
d)
oray-orayan
2.
Anu teu acan apal kawih kaulinan oray-orayan tèh nyaèta ...
a)
Umar
b)
Usman
c)
Ali
d)
Usman jeung Ali
3.
Salain rèk maènkeun kaulinan anu kahiji, barudak ogè rèk maènkeun kaulinan ....
a)
boy-boyan
b)
sondah
c)
ucing sumput
d)
jajampanaan
4.
Di handap ieu kaulinan anu maénkeunna ngagunakeun kawih nyaéta ...
a)
Sondah
b)
boy-boyan
c)
ucing puntang
d)
ucing sumput
5.
Kaulinan téh rupa-rupa, ari kaulinan anu loba dimaénkeun ku barudak lalaki nyaéta...
a)
langlayangan
b)
bobonékaan
c)
anjang-anjangan
d)
béklen
6.
Gambar di luhur téh némbongkeun kaulinan ...
a)
Sondah
b)
boy-boyan
c)
galah asin
d)
jajampanaan
7.
Di handap ieu ciri anu luyu (sesuai) jeung kaulinan galah asin nyaéta ...
a)
kaulinan husus barudak istri
b)
ngagunakeun kawih
c)
ngagunakeun alat
d)
ngalatih kakuatan jeung kalincahan fisik
8.
"Jajampanaan téh kaulinan anu niru-niru jalma anu keur ngagotong jalma atawa barang". Jumlah minimal jalma anu maénkeun kaulinan jajampanaan téh nyaéta ...
a)
Saurang
b)
dua urang
c)
tilu urang
d)
opat urang
9.
Di handap ieu ciri anu bener tina kaulinan boy-boyan nyaéta ...
a)
kaulinan anu bisa dimaénkeun sacara virtual
b)
kaulinan anu ngagunakeun alat
c)
kaulinan husus anu dimaénkeun ku barudak istri
d)
dimaénkeunna ngagunakeun kawih
10.
Kalimah dèskripsi tèh nyaèta kalimah anu eusina ngajelaskeun ngeunaan ... hiji barang atawa hiji hal. Kecap anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaèta ...
a)
cara-cara
b)
ciri-ciri
c)
carita
d)
pendapat
11.
Dina basa Sunda dèskripsi tèh sok dijieun kaulinan, nyaèta tatarucingan. Tatarucingan tèh sok disebut ogè ...
a)
tebak-tebakan
b)
engklèk-èngklèkan
c)
catur
d)
gangsing
12.
Jawab tatarucingan di handap ieu! Sato anu bisa ngapung, sok melèkan ti peuting tapi sarè ti beurang, karesepna kana bungbuahan tèh nyaèta ...
a)
manuk japati
b)
manuk bueuk (burung hantu)
c)
manuk heulang
d)
lalay (kelelawar)
13.
Jawab tatarucingan di handap ieu! Barang anu boga suku 4, aya panyarandèan, jeung bisa dipakè calik tèh nyaèta ...
a)
Mèja
b)
Korsi
c)
Buku
d)
lamari
14.
Sinonim tèh bisa disebut ogè ...
a)
kecap saharti
b)
sasaruaan kecap
c)
kecap anu boga harti anu loba
d)
kecap anu teu boga harti
15.
Di handap ieu sinonim tina kecap dahar nyaèta ...
a)
Eueut
b)
Ngopi
c)
ngemil
d)
tuang
16.
Kamari Ridwan teu lebet sakola, kumargi teu damang. Uih tèh sinonim tina kecap ...
a)
balik
b)
angkat
c)
mulang
d)
mios
17.
Sinonim tina kecap burit tèh nyaèta ...
a)
sonten
b)
isuk
c)
peuting
d)
beurang
18.
Asal kecap tina dipaksakeun tèh nyaèta paksa, ari asal kecap tina diobrolkeun mah nyaèta ...
a)
diobrol
b)
obrolkeun
c)
obrol
d)
dikeunobrol
19.
Kurupuk tèh dipoèkeun ku mang Didin. Kecap dipoèkeun tèh asa kecapna tina kecap ...
a)
Dipoè
b)
Poèkeun
c)
Poèk
d)
poè
20.
Kecap apal anu ditambahan ku rarangkèn di-keun tèh jadi kecap ...
a)
dikeunapal
b)
keunapaldi
c)
diapalkeun
d)
apaldikeun
21.
Kecap dilaporkeun tèh diwangun (dibentuk) tina ...
a)
kecap lapor ditambahan rarangkèn di-keun`
b)
kecap di-keun ditambah rarangkèn lapor
c)
kecap lapor anu dicampur ku kecap di-keun
d)
kecap lapor anu ditambahan ku rarangken ka-keun
22.
Kalimah pangajak tèh dina basa Indonesia mah disebut ...
a)
kalimat tanya
b)
kalimat perintah
c)
kalimat larangan
d)
kalimat ajakan
23.
Tanda baca anu jadi ciri kalimah pangajak tèh nyaèta ...
a)
tanda pananya
b)
tanda panyeluk
c)
tanda titik
d)
tanda koma
24.
Di handap ieu anu kaasup kana kalimah pangajak nyaèta ...
a)
hirup tèh ulah lalwora, supaya teu cilaka!
b)
tong miceun runtah padu baè, piceun runtah kana wadahna!
c)
sabaraha taun umur Al Azhar tèh?
d)
hayu urang diajar sing soson-soson, supaya jadi jalma pinter!`
25.
"Pangna disebut ucing puntang téh lantaran maénkeunna, sababaraha urang aya nu muntang kana wangun/benda anu nangtung. Terus anu ucingna usaha pikeun ngarebut wangun/benda anu nangtung éta". Anu kaasup 2 jenis wangun/benda anu bisa digunakeun dina kaulinan ucing puntang nyaéta ...
a)
tali
b)
tongkat
c)
tembok
d)
sendal
26.
Di handap ieu anu kaasup 2 ciri tina kaulinan ucing puntang nyaéta ...
a)
kaulinan anu ngagunakeun kawih
b)
kaulinan husus barudak istri
c)
kaulinan husus barudak lalaki
d)
kaulinan anu ngagunakeun alat`
27.
Kaulian Sunda kaasup kaulinan tradisional anu merhatikeun lingkungan. Diantarana sababarah kaulinan anu ngagunakeun kawih, ngandung ngaran sasatoan. Di handap ieu 2 kaulinan anu ngandung ngaran sasatoan dina kawihna nyaéta ...
a)
endog-endogan
b)
hompimpah
c)
cing ciripit
d)
oray-orayan
28.
Di handap ieu 2 deskripsi tina sato sireum nyata ...
a)
sato galak
b)
sato anu hirupna rajin gawè babarengan`
c)
sato leutik
d)
sato anu boga liang anu gede
29.
Kaulinan Sunda téh kaasup kaulinan anu loba pisan manfaatna. Di handap ieu anu kaasup 2 manfaat tina kaulinan oray-orayan nyaéta ...
a)
ngalatih kalincahan fisik
b)
ngalatih supaya bisa Kerjasama
c)
ngalatih kapinteran
d)
ngalatih katalitian
30.
Kaulinan Sunda anu dimaènkeun ku barudak lalaki jeung dimaènkeunna ku lobaan tèh dèskripsi tina kaulinan ... (pilih 2 kaulinan)
a)
boy-boyan
b)
ngadu kalèci
c)
anjang-anjangan
d)
bèbèntèngan`
31.
Alat anu teu meunang diomè ku budak padu baè, anu sok dipakè ku mamah di dapur. Ciri-ciri di luhur tèh mangrupa dèskripsi tina... (pilih 2 alat)
a)
Gelas
b)
Kulkas
c)
Peso
d)
korèk api`
32.
Sinonim tina kecap sarè tèh nyaèta ...
a)
Kulem
b)
Bobo
c)
Tuang
d)
gugah
33.
Di handap ieu 2 kalimat anu ngagunakeun sinonim tina kecap alus nyaèta ...
a)
Kwanza budak kasèp
b)
tulisan Kinan hadè pisan
c)
Peunteun barudak kelas 4 sae
d)
Kanaya budak pinter
34.
Kamari aya PR basa Sunda, dinten ayeuna buku basa Sunda tèh ... ka bapa guru. Kecap anu luyu (pas) pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaèta ...
a)
dialungkeun
b)
dipasihkeun
c)
dipuragkeun
d)
dikumpulkeun
35.
2 kalimah anu bener anu ngagunakeun kecap diajarkeun nyaèta ...
a)
barudak diajarkeun basa Sunda ku pa Imam
b)
mènbal diajarkeun barudak ku pa guru
c)
Rasulullah diajarkeun qur'an ku malaikat Jibril
d)
baju tèh diajarkeun ku Faeyza
36.
Di handap ieu 2 ciri kalimah pangajak nyaèta ...
a)
Ulah
b)
ceuk saha
c)
hayu
d)
beu
37.
Di hanap ieu 2 kalimah anu kaasup kana kalimah pangajak nyaèta ...
a)
tong niron ari keur ulangan tèh bisi meunang dosa!
b)
keur urang mah ibadah tèh lain ngan solat hungkul, diajar ogè ibadah. Kukituna hayu urang sing giat diajar!`
c)
jadi jalmi soleh tèh seur untungna. Seueur nu mikaresep jeung dipikaresep oge ku Allah, tah kumaha nya carana urang tiasa janten jalmi anu soleh?
d)
supaya urang sèhat, urang olahraga jeung tuang katuangan anu sèhat yu!`
38.
"Singsaha jalmi anu Iman ka Allah jeung poè ahir, mangka ucapkeun ucapan anu saè lamun teu mampu mangka cicing" (HR. Bukhari). Kalimah pangajak anu luyu (sesuai) jeung hadits Rasulullah di luhur nyaèta ...
a)
hayu urang berjamaah di masjid, sabab ganjaranna 27 darajat!
b)
hayu urang diajar basa Sunda anu saè, supados tiasa nyaur anu saè!`
c)
urang wudu sacekapna pados hèmat cai yu!
d)
hayu urang ngahindakeun diri tina ucapan anu teu hadè, pados salamet di dunya jeung aherat!`
Reset
