wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS BAHASA SUNDA KELAS 4 SEMESTER 2

Total questions: 35

Worksheet time: 38mins

Name
Class
Date
1.

Pupuh Kinanti


Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Ngalayang kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih


Aya sabara padalisan pupuh di luhur?

a)

4 padalisan

b)

5 padalisan

c)

6 padalisan

d)

7 padalisan

2.

Di handap nu kaasup unsur sastra sunda nyaeta ...

a)

komik

b)

ensiklopedia

c)

puisi

d)

novel

3.

7. Di mana . . . . baju anu mirah téh?

a)

a. Konci

b)

b. Toko

c)

c. Dus

d)

d. Imah

4.

21. Sajak sarua hartina jeung...

a)

a. Drama

b)

b. Puisi

c)

c. Lagu

d)

d. Pantun

5.

25. Maén Pingpong

‘Tok-tak, tok-tak’

Bal laluncatan ka ditu, ka dieu

Ditepak ku Andri

Ditampanan ku abdi

‘Tok-tak, tok-tak’

“Tong balangah!” saur palatih

“Muhun, mangga! Tapi sesah!”

Abdi ngesang, kaos baseuh

‘Gorolong, . . . gorolong, . . . gorolong!’

Bal pingpong ngagorolong

Naon judul sajak di luhur?

a)

a. Bal pingpong

b)

b. Andri maén pingpong

c)

c. Bal ngagorolong

d)

d. Maén pingpong

6.

Ulin ka Gunung

Poe minggu isuk-isuk. Budi jeung Arif geus saged. Timbel jeung kadaharan sejenna

geus diasupkeun kana rangsel, termos wadah cai geus dijagragkeun. Teu lila jol Burhan jeung Maman datang. Duanana oge ngagandong rangsel nu dieusian dahareun. Bring opatan ngalabring. Maranehna rek muru poncot gunung Sangkur. Mimiti mah leumpang teh mapay-mapay jalan aspal sisi lembur. Lebah Batu Kembar, mengkol ka kenca. Baras ka Gunung Jati, nyorang jalan satapak anu mimiti nanjak, di gunung mah masih beresih matak sehat kanu awak.


Saha wae tokoh nu aya dina carpon ?

a)

Budi, Arif, Maman, jeung Burhan

b)

Budi, Arif, Maman, jeung Udin

c)

Budi, Udin, Maman, jeung Arif

d)

Budi, Udin, Maman, jeung Burhan

7.

Di handap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya, nyaeta ....

a)

Saha nu ngarang kumpulan carpon Kanyaah Kolot?

b)

Kaayaan di sakolana teh kumaha ayeuna?

c)

Ari Wandi teh sakola henteu.

d)

Dimana Wandi teh bumina?

8.

"Wanda teh sakolana geus kelas VI". Kalimah pananya anu cocok keur eta jawaban, nyaeta ....

a)

Saha nu geus sakola kelas VI teh?

b)

Dimana Wandi teh sakolana?

c)

Sok kana naon Wandi teh indit sakolana?

d)

Kelas sabaraha Wandi teh sakolana?

9.

...... bade ulangan bahasa sunda teh?

a)

sabahara

b)

kunaon

c)

saha

d)

iraha

10.

Ulah tulis di tembok, kotor!

Kecap rajekan tina tulis nyaeta ....

a)

tulis-tulis

b)

tutulisan

c)

talas-tulia

d)

tulas-tulis

11.

Si andi (balik) waé ka kamar mandi lantaran nyeuri beuteung.

Kecap rajekan dwireka tina kecap balik nyaeta .....

a)

balik-balik

b)

babalik

c)

balik-bolak

d)

bulak-balik

12.

Saha wae nu kaasup pahlawan nasional dina widang atikan?

a)

Sam Ratulangi jeung Ir. H. Juanda

b)

RA Kartini jeung Raden Otto Iskandardinata

c)

Kyai Haji Ahmad Dahlan jeung Pangeran Diponegoro

d)

Raden Dewi Sartika jeung RA Kartini

13.

Jalma bisa disebut pahlawan lamun ….

a)

Diajar sing getol

b)

Boga jasa anu manfaat

c)

Silih tulungan

d)

Beunghar

14.

Salah sahiji kecap barang, nyaeta ....

a)

Diajar

b)

Sapatu

c)

Guru

d)

Indung

15.

12. Keanu dianteurkeun balik ku Dzikry.

Kecap dianteurkeun dina kalimah di luhur, ngagunakeun rarangkén ….

a)

a. di-

b)

b. di-eun

c)

c. di-keun

d)

d. -keun

16.

Asup hartina ....

a)

Masuk

b)

Keluar

c)

Berlari

d)

Melompat

17.

Dahar hartina ....

a)

Minum

b)

Makan

c)

Tidur

d)

Mandi

18.

Dihampura hartina ....

a)

Dihukum

b)

Dimaafkan

c)

Dipukul

d)

Dimusuhi

19.

Pahlawan sunda nu mingpin pesantren Sukamanah Tasikmalaya nyaeta ……

a)

Dewi Sartika

b)

R. A. Somanagara

c)

Ir. H. Juanda

d)

KH. Zaenal Mustafa

20.

Anjing ngudag Dudi mani gancang

Kalimah nu kaasup kecap pagawean nyaeta ……..

a)

Ngudag

b)

Anjing

c)

Gancang

d)

Mani

21.

Ngaran barang nu sok aya di imah nyaeta ………

a)

Tangkal

b)

Televisi

c)

Beca

d)

Bor

22.

Tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan nyaeta …..

a)

Babakan

b)

Sawah

c)

Babantar

d)

Kebon

23.

Pahlawan - tanpa - jasa - tanda - guru - teh.

Susunan kalimah anu bener nyaeta …..

a)

Guru pahlawan tanpa tanda jasa teh

b)

Pahlawan tanpa tanda jasa teh guru

c)

Guru teh pahlawan tanpa tanda jasa

d)

Guru teh pahlawan tanda tanpa jasa

24.

Kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblangna wangun dasarna bari robah sorana nyaeta ………

a)

Kecap rajekan dwireka

b)

Kecap rajekan trireka

c)

Kecap rajekan dwipurwa

d)

Kecap rajekan dwiharti

25.

Nu teu kaasup kalimah istilah Geografi nyaeta ……..

a)

Sumur

b)

Leuwi

c)

Muara

d)

Talaga

26.

Bahasa lemes na tina kecap dahar nyaeta...

a)

A. Emam

b)

B. Nyatu

c)

C. Tuang

d)

D. Dahar

27.

Panulisan aksana gede nu bener nyaeta....

a)

A. Didi nyaba ka Bandung

b)

B. didi nyaba ka Bandung

c)

C. Didi Nyaba ka Bandung

d)

D. DIDI nyaba ka Bandung

28.

Naon harti paguneman dina basa Indonesia?

a)

Percakapan

b)

Permainan

c)

Perbandingan

d)

Persamaan

29.

Pipit : ” punten !”.

Otin : . . .

Pipit : ” Dupi Imas aya kitu ? ”.

Otin : ” Imas teh kaleresan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”.


Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaeta ...

a)

” mangga!”

b)

” monggo! ”

c)

” ya! ”

d)

” yoi!”

30.

Jenengna pahlawan dihandap ieu nyaēta ….

a)

KH Zainal Mustafa

b)

Oto Iskandar Dinata

c)

Ir. Juanda

d)

R.A Kartini

31.

Sono ka nu Jadi Lanceuk

Rini masih kelas 4 SD, boga lanceuk hiji, umurna saluhureun opat taun, wastana Téh Irma Miyanti


8. Saha ngaran lanceuk Rini téh?

a)

a. Téh Ratna

b)

b. Téh Irma

c)

c. Téh Intan

d)

d. Téh Rina

32.

18. Ieu barang biasa sok digunakeun pikeun barang hiburan jeung informasi keur balaréa, wangunnana pasagi. Aya bagéa nu disebutna layar pikeun ninggalikeun gambar. Salian ti éta ogé ngaluarkeun sora. Barang ieu ogé sok disebut pakakas média massa. Pakakas anu di caritakeun diluhur ngaranna. . . .

a)

a. Las

b)

b. Kabel

c)

c. Kalkulator

d)

d. Tipi

33.

Ari teu dipaké mah ... atuh lampu téh!

a)

hurungkeun

b)

pareman

c)

caangan

d)

caangkeun

34.

Kelas kotor kudu ....

a)

disapukeun

b)

disapuan

c)

diasupkeun

d)

sapuna

35.

Siswa : “Wilujeng enjing, pa!”

Guru Silat : “....”


Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta....

a)

Wilujeng enjing

b)

Bade naon jang?

c)

Wilujeng siang

d)

Bade ka saha cep?