WorksheetsPTS Basa Sunda Kelas 12
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Kampung adat anu kadaharan utamana sampeu nya eta ...
Kampung Naga
Kampung Baduy
Kampung Cireundeu
Kampung Pulo
Kampung Kuta
Di handap ieu kampung adat Sunda nu aya di Tasikmalaya nya eta ...
Kampung Naga
Kampung Baduy
Kampung Pulo
Kampung Adat Cireundeu
Kampung Kuta
Di handap ieu kalimah nu nuduhkeun undak usuk (tatakrama) basa nu bener nya eta ...
Pun biang nuju mios ka Bandung ti dinten Senen.
Tuang rama bade angkat kamana, wireh tadi enjing-enjing tos dijajapkeun?
Abdi nuju kulem basa pun bapa mulih ti dayeuh teh.
Abdi mah kelas XII pami pun rai mah nembe kelas VI
Pun Adi teh nembe pisan angkat ka sakola da ngantosan heula pun biang wangsul ti pasar.
Aya ungkara nu netelakeun yen urang Sunda téh sok dipatalikeun jeung tilu ciri, nyaéta: ngagem agama Islam, nyarita ku basa Sunda jeung dina sariring dumadina teu weléh maké adat-istiadat Sunda. Ngama’naan ngeunaan saha ari urang Sunda nu saéstu, numutkeun Hidayat Suryalaga di antarana kudu nyoko kana 4 kriteria, nya eta Sunda subyektif, Sunda objektif, Sunda genetik, jeung Sunda sosio-kultural. Maksud tina Sunda Sosio Kultural nya eta ...
hiji jalma sacara katurunan ti kolotna ngabogaan sarsilah urang Sunda pituin.
lamun indung bapana atawa salah saurang diantarana nu lain urang Sunda pituin, tapi najan kitu dina kahirupan sapopoéna, boh sikep, paripolahna, adat-istiadat, nyarita, boh dina kahirupan berkesenianana némbongkeun konsép hirup nu nyunda, éta ogé kaasup urang Sunda
hiiji jalma dianggap tur diaku ku jalma séjén salaku urang Sunda, lantaran geus némbongkeun jeung ngalaksanakeun sikep jeung prilaku nu nyunda.
hiji jalma dumasar tinimbangan subyektifitasna rumasa jeung ngaku dirina urang Sunda, nya inyana disebut urang Sunda.
Gambar di luhur mangrupa salah sahiji tradisi dina daur hirup manusa nu ngaranna ...
Ngeuyeuk seureuh
Siraman
Tingkeban
Huap lingkup
Sungkem
Tradisi mangrupa hasil cipta sarta karya manusia tina objek material, kayakinan, imajinasi, kajadian, atau lembaga nu diwariskeun ti hiji generasi ka generasi. di handap ieu mangrupa ciri-ciri tradisi, iwal ....
Cara ngawariskeun jeung sumebarna biasana tatalépa sacara lisan.
Mibanda sifat tradisional
Tradisi mah sipatna anonim
Tradisi téh milik bangsa priyayi
Mibanda fungsi atawa kagunaan salaku alat pendidikan, pelipur lara atawa pangbeberah, protes sosial, jeung proyeksi kahayang anu kapendem
Teks bahasan atawa nu dipikawanoh karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana. Di handap ieu nu teu kaasup ciri-ciri teks bahasan nya eta ...
Ngajelaskeun sagala informasi jeung pangaweruh
Ngagunakeun gaya informasi persuasif atawa mangaruhan
Ditepikeun sacara lugas jeung bahasa anu baku
Nyodorkeun fakta anu digunakeun salaku alat kontritasi jeung alat kontribusi.
Maksa kana pamadegan nu disodorkeun ku penulis
Dina teks Tatakrama urang Sunda nu dipedar minggu kamari, kunaon cenah urang teh kudu boga tatakrama?
Lantaran tatakrama téh mangrupa aturan kana ngahormat nu lian atawa aturan dina sopan santun nu digunakeun ku warga atawa masarakat, keur silih ajenan jeung nu liana.
Lantaran tatakrama teh penting pisan
Lantaran tatakrama teh aturan dina hirup kumbuh urang sapopoe.
Lantaran tina tatakrama urang bisa apal tingkat ngahormatna hiji jalma.
Lantaran tatakrama mangrupa aturan dina hirup di masarakat
Babasan hampang birit dilarapkeun ka ...
jelema anu daékan dititah
jalma anu hésé dititah
jalma anu boga awak begang
jalma anu sok tutah-titah
" Si Udin mah jelemana gedé hulu, abong-abong budak pajabat."
Babasan gedé hulu di luhur ngandung harti ...
(a)
Babasan anu dipaké keur jelema anu teu boga kaéra nya éta...
Awak sampayan
Béngkok tikoro
Kandel kulit beungeut
Sisit kadal
Babasan anu ngandung harti alus budi parangina atawa soméah (ramah) nyaéta...
(a)
Idiom dina Basa Sunda disebut ogé...
Pakeman Basa
Caturangga
Paribasa
Babasan
Anu disebut opini nya éta...
Hasil Survéy
Kamandang Pribadi
Hasil Panalungtikan
Hasil Panalingaan
Carita anu sok dilalakonkeun dina pageularan wayang disebutna …
Wawacan.
Hikayat
Carita Pantun
Dongéng
Carita wayang
Dihandap ieu anu heunteu ka asup kana adat kebiasaan anu husus,nyaéta…..
Sérén taun
Nyangka
Suroan
Ruat bumi
Bahasan
Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajentrekeun hiji…
Asalna,tempatna,dipintonkeuna
Ucapana,katana,rangkaiannana
Kaweuruhna,kaayaannana
Objek,prosesna,tujuanana jeung gunana
Sadayana salah
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat,disebutna...…
Folktor
Budaya
Tradisi
étika
Tatakrama
Naon asal mula tradisi ngadulag di Jawa Barat?
Pikeun NgaPikeun ngamériahkeun poe raya Idul Adha
Pikeun ngamériahkeun peuting-peuting Ramadhan
Pikeun ngarayakeun milangkala désa
Pikeun miéling Poé Kamerdékaan
Seni maca wawacan disebut …
Gaok
Longsér
Mamaos
Ngabeluk
Purnadrama
Wawacan anu eusina réa medarkeun étika kaum priyayi nyaéta…
Wawacan Lutung Kasarung
Wawacan Panji Wulung
Wawacan Purnama Alam
Wawacan Mahabrata
Wawacan Sajarah Ambiya
Sora (vokal) tungtung unggal padalisan dina pupuh disebut...
Guru gatra
Guru lagu
Guru nada
Guru angka
Guru wilangan
Jumlah engang unggal padalisan dina pupuh disebut...
Guru gatra
Guru lagu
Guru wirahma
Guru angka
Guru wilangan
Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
Nu Murah ka mahluk kabéh
jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
nya éta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
Guru lagu dina sempalan wawacan di luhur nya éta...
i-a-é-a-a-u-a
i-a-e-a-a-u-a
i-a-e-e-a-u-a
i-a-a-a-a-u-a
i-a-é-a-e-u-a
Anu henteu kaasup kana pupuh sekar Ageung nya éta...
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Durma
Dangdanggula
Panutup dina wawacan disebut...
Magatru
Pupuh
Rajah
Alofon
Kolofon
Bubuka dina wawacan disebut...
Alofon
Kolofon
Magatru
Rajah
Pupuh
Salah sahiji conto carita wawacan nya éta...
Sangkuriang
Mahabharata
Panji Wulung
Asmarandana
Satria Ngalalana
Wawacan mangrupa carita dina bentuk...
Kawih
Prosa
Pupuh
Dongéng
Kakawihan
Anu henteu kaasup kana struktur resensi nyaeta....
ringkesan carita
tilikan eusi
identitas karya
galur
panutup
