NEW
Font size
WorksheetsBahasa Sunda Kelas VIII
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Anu nyanggi kawih Cinta Nusa nya éta ....
Nano Suwarno
Mang Nono
Mang Koko
H. Nano S
Dina pada kadua aya ungkara “Subur tutuwuhan, beunghar pepelakan”. Tutuwuhan ngandung harti ....
Jaradi
Pepelakan
Awak
Jiwa raga
Kawih Cinta Nusa téh méré amanat ka urang kudu ....
ngantep kana alam
apilain kana miara alam
getén miara alam
sadaékna dina miara alam
Nu ngabédakeun kawih jeung tembang téh nya éta dianggit ....
maké patokan pupuh
teu maké patokan pupuh
maké patokan sisindiran
maké patokan pupujian
Sabangsa lalaguan nu sok dipaké dina kaulinan barudak nya éta ....
kakawihan
kakawén
kawih
guguritan
Jalma nu sok ngawihkeun kawih disebut ....
Juru pantun
Juru tembáng
Juru mamaos
Juru kawih
Rumpaka kawih Ka Lemah Cai Kuring Janji eusina nétélakeun ....
Janji hiji jalma píkeun babakti ka lemah caina.
Pangharepan jalma keur lemah caina
Kahayang hiji jalma ka lemah caina
Pangabutuh hiji jalma ka lemah caina
Rasa nu kagambar dina kawih Cinta Nusa téh nya éta ....
gumbira
sedih
nalangsa
kingkin
“Ka Lemah Cai Kuring Janji”
Nu kaasup kecap pancén dina éta ungkara nya éta ....
ka
lemah cai
kuring
jangji
Kecap pangantét téh nya éta kecap pancén nu cicing di ... kecap barang.
tukangeun
hareupeun
tengah
hareupeun jeung tukangeun
Kecap pancén nu pancénna nyambungkeun bagian-bagian katatabasan disebut ....
pangantét
panyambung
panambah
panyeluk
Kecap-kecap lamun, basa, sangkan, jeung yén kaasup kana kecap panyambung ....
satata
sadarajat
teu satata
papasangan
“Boh ka adina boh ka lanceukna abdi mah sami-sami teu kenal.”
Kecap panyambung nu dipaké dina éta kalimah nya éta kecap panyambung ....
satata
sadarajat
teu satata
papasangan
Kalimah di handap nu ngandung kecap pangantét nya éta ....
Kuring mah indit ka Bandung téh bada Subuh.
Nu ka Bandung mah Persib téh unggul waé.
Kuring jeung manéhna lalajo film Warkop.
Bérés olahraga mah sok kaluar kesang.
Rumpaka di Cinta Nusa jejerna nyaeta...
Alam Indonesia nu teu pikabetaheun
Indonesia nu tumuwuh
Alam Indonesia nu subur makmur
Indonesia nu loba kakurangan
Warta téh nya éta béja atawa katerangan nu ditepikeun ku urang ka ....
baraya
sasama
balaréa
batur sakantor
Eusi warta mah kudu nétral, maksudna ....
meunang mihak ka salah sahiji pihak
kudu nyebarkeun gosip
teu meunang mihak ka salah sahiji pihak
kudu bias
Kajadian-kajadian nu bisa dijieun warta téh nya éta kajadian ....
nu penting pikeun balaréa
nu teu penting
nu lucu jeung pikaresepeun
nu karandapan pribadi
Dina nyieun warta kudu nyumponan prinsip ....
4W + 1H
5W + 1H
6W + 2H
5W wungkul
Warta téh dina seuseueurna mah mangrupa béja sacara ....
tulisan
surat
lisan
tanda
“Sim kuring seja ngadugikeun wawaran anu penting pikeun urang sadayana.”
Kecap wawaran dina kalimah di luhur hartina sarua jeung ....
omongan
informasi
caritaan
naséhat
Upama urang rék nepikeun wawaran atawa méré informasi ka nu séjén, kudu ....
langsung ka nu dimaksud
ngaliwatan jalma séjén
henteu langsung
maké surat wungkul
“Kuring mah ka manéhna téh kacida bogohna.”
Kecap pancén nu nyampak dina éta ungkara nya éta kecap ....
pangantét jeung panyambung
panyambung jeung panambah
panambah jeung panganteur
panambah wungkul
Ieu di handap aya kalimah nu di jerona ngandung kecap panambah pangantét, nya éta ....
Kuring mah lapar kénéh bieu téh.
Manéhna datang ti isuk.
Aranjeunna nuju diajar.
Anjeun kudu hudang isuk-isuk.
Kecap panambah nu pungsina nuduhkeun prosés lumangsungna kajadian disebut ....
aspék
modalitas
pangantét
panyambung
Unsur Who dina warta nuduhkeun kana ....
saha anu kalibet dina kajadian
iraha kajadianana
di mana kajadianana
kunaon kajadianana
Unsur When dina warta nuduhkeun kana ....
tempat kajadian
waktu kajadian
sabab kajadian
jalanna kajadian
Unsur Where nuduhkeun kana ....
tempat kajadian
jalma nu ngalakukeun
waktu kajadian
hasil kajadian
Unsur Why dina warta maksudna ....
kunaon kajadian éta bisa lumangsung
saha anu ngalakukeun
kumaha lumangsungna
di mana kajadianana
Unsur How dina warta téh nya éta ....
kumaha jalanna kajadian
kapan ka jadianana
saha anu nyaksian
naon hasilna
