wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAS Basa Sunda

Total questions: 35

Worksheet time: 1hrs 12mins

Name
Class
Date
1.

Di handap ieu mana nu kaasup biantara teu resmi?

a)

Biantara ngaresmikeun sakola anyar

b)

Biantara syukuran boga imah anyar

c)

Biantara dina rapat DPR

d)

Biantara kepala sekolah jeung orang tua siswa

2.
  1. 1. sanduk-sanduk

  1. 2. ngucapkeun salam bubuka

  1. 3. nepikeun kacindekan

  2. 4. catur hormat

  3. 5. nepikeun jejer

  4. 6. salam panutup

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaeta ...

a)

1-3-5

b)

3-5-6

c)

1-3-6

d)

3-1-2

3.

Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …

a)

Dongeng

b)

Pupuh

c)

Carita wayang

d)

Biantara

4.

Dina nyusun teks biantara eusina kudu mundel, naon hartina kecap mundel teh...

a)

loba mangfaat jeung loba pulungeunana

b)

strukturna kudu bener

c)

dumasar kana struktur biantara

d)

merhatikeun kaedah-kaedah biantara

5.

Metodeu/teknik dina nepikeun biantara ku cara nuliskeun poin poin nu dianggap penting nyaeta..

a)

ngapalkeun biantara

b)

ekstemporan

c)

maca naskah biantara

d)

persuasif

6.

Pak president biantara na sok nyandak wae naskah. Hal eta dilantarankeun biantarana paranjang. disebut naon metode anu digunakeun ku presiden teh....

a)

Impromtu

b)

Memoriter

c)

Manuskrip

d)

Ekstemporan

7.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan....

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

eusi bianta

c)

panutup biantara

d)

mamanis biantara

8.

Salam bubuka Conto : Assalamualaikum Wr.Wb Sampurasun, kaasup kana

a)

Tujuan Biantara

b)

Struktur Biantara

c)

Guna Biantara

d)

Tehnik Biantara

9.

Kampung Adat Ciptagelar sok disebut oge kampung Gede Kasepuhan Ciptagelar. Masarakat anu dumuk di kampung Ciptagelar disebutna masarakat kasepuhan. Istilah kasepuhan hartina tempat dumuk para sesepuh atawa adat kabiasaan sepuh atawa kolot. Kasepuhan oge nuduhkeun sistim kapamingpinan di masarakat anu dumasar kana adat kabiasaan sepuh atawa kolot...

Masarakat anu dumuk di kampung Ciptagelar disebutna ...

a)

masarakat kasepuhan

b)

sistim kapamingpinan

c)

kasepuhan Ciptagelar

d)

Kampung gede kasepuhan

10.

Hirup beresih teh diutamakeun pisan di Kampung Dukuh mah. Ieu tèh tanda wates-wates jeung pantangan anu teu sagawayah jalma bisa asup. Ngan ukur anu beresih hatena tur suci nu menang asup teh katempat-tempat nu tangtu di Kampung Dukuh. Lamun warga kampung daratang ka kuburan Syeh  Abdul Jalil,lain keur menta Abdul Jalil,lain keur menta nu tos tilar dunya. Ati barokahna mah tos dipasihkeun kuSyeh Abdul Jalil dina wangun kahadean nyaah ka warga, basajan jeung takwa.

a)

beresih hate

b)

hirup beresih

c)

beresih awak

d)

jarah ka makam

11.

Kampung Pulo nyaèta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab èta kampung tèh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang. Masarakat kampung Pulo tèh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.

Kampung Pulo ayana di daerah ….

a)

Bandung

b)

Garut

c)

Tasik Malaya

d)

Subang

12.

Ana kitumah teu adil dunya tèh! Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat!, tukang tipu, copèt, di tampa kumasarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mika ceuceub baè, mika ijid padahal sarua baè, pagawèan hina maling nipu,jeung ngungkluk  tèh!,sarua hinana!

( di cutat tina novèl kembang-kembangan petingan karangan Holisoh ME).

Téma anu merenah pikeun sempalan novel di luhur téh nya éta…

a)

sosial

b)

lalampahan

c)

rumah tangga

d)

budaya

13.

Muga baé tiwas-sucina Prabu Linggabuana heunteu jadi mamala Kecap mamala ngandung harti…

a)

bahaya

b)

apes

c)

ruksak

d)

sial

14.

unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu, iwal....

a)

tèma

b)

nada

c)

galur

d)

amanat

15.

Nu lain ciri tina novel nya éta

a)

caritana panjang

b)

teu aya pangarangna

c)

luyu jeung kahirupan sapopoé

d)

palaku rada loba

16.

Baruang Ka Nu Ngarora diterbitkeun taun ...

a)

1914

b)

1945

c)

1924

d)

1918

17.

Jalma anu ngalalakon dina carita, sok disebut....

a)

jejer

b)

palaku

c)

latar

d)

tèma

18.

Galur tèh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Galur aya tilu nyaèta mèrèlè, mundur jeung bobok tengah. Galur bobok tengah sarua hartinna jeung....

a)

campuran

b)

mundur

c)

maju

d)

mèrèlè

19.

Prasasti nu Ngancik dina Ati

(Popon Saadah)

Basa kuring keur ngaderes "Burni jeung Manusa" di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.

"Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.

"Yup!”

"Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!"

"Pamasihan."

"Parnasihan saha?"

Teu dijawab.

"Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?"

Manéhna ku kuring ukur dirérét.

"Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!"

Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.

"Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun." Manéhna mencrong kénéh.

"Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug rnasihan," kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.

Dina sempalan tèk di luhur palakuna saha waè...

a)

Prasasti, Kuring

b)

Prasasti, Kuring (Rin), Fauzan

c)

Prasasti, Fauzan, Rinega, Margareta

d)

Prasasti, Kuring

20.

Mana nu teu kaasup kana unsur-unsur dina novel?

a)

galur

b)

palaku

c)

scene

d)

latar

21.

Galur dibagi jadi 3, iwal....

a)

maju

b)

campuran

c)

mundur

d)

mandeg

22.

Nu teu kaasup kana unsur latar nyaeta....

a)

sipat

b)

tempat

c)

suasana

d)

waktu

23.

Biasana jejer/tèma dina novel Sunda dicokot tina....

a)

Kahirupan di alam ahèrat

b)

Kahirupan sapopoè

c)

Kahirupan sasatoan

d)

Kahirupan samèmèh aya di alam dunya

24.

Paré nu dibawa ti huma dina upacara Sérén Taun téh tuluy di bawa ka leuit. Nu dimaksud leuit nyaéta ....

a)

tempat diukna pupuhu adat

b)

gudang paranti nyimpen paré

c)

gudang paranti nampung barang babawaan

d)

paranti digelarna acara kasenian

25.

Bahasa sundanya perut...

a)

beuteung

b)

beuheung

c)

panon

d)

irung

26.

Karya sastra caritaan nu caritana leuwih kompleks, palakuna ogé rada loba, jeung wangunna buku nya éta ...

a)

cerpen

b)

dongeng

c)

guguritaan

d)

novel

27.

Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...

a)

prosa

b)

drama

c)

puisi

d)

anyar

28.

Pikeun nanyakeun kaayaan ilaharna digunakeun kecap pananya…

a)

naon

b)

mana

c)

kumaha

d)

sabaraha

29.

Di Sunda teh aya istilah-istilah arsitektur, nyaeta ngaran-ngarah bentuk imah. Di handap ieu mangrupakeun istilah arsitektur Sunda,iwal, ti....

a)

badak heuay

b)

kuda heuay

c)

julang ngapak

d)

julang

30.

Kampung anu masih kènèh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ...

a)

buhun

b)

babakan

c)

adat

d)

dusun

31.

Eta gambar disebut suhunan imah ... .

a)

capit gunting

b)

badak heuay

c)

parahu kumureb

d)

tagog anjing

32.

Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra minangka hasil pangalamanan disebut karangan ....Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngebrehkeun kagiatan indra minangka hasil pangalamanan disebut karangan ....

a)

Persuasi

b)

Argumentasi

c)

Eksposisi

d)

Deskripsi

33.

Biantara anu eusina teh ngeunaan maksud atawa informasi anu rek ditepikeun

a)

salam bubuka

b)

eusi

c)

salam panutup

d)

bubuka

34.

Eusi biantara téh kudu diluyukeun jeung sababarah hal, iwal...

a)

kaluwarga anu biantaraan

b)

jalma anu hadir dina acara

c)

alungguhan anu biantara

d)

anu ngahadiran acarana

35.

Paré nu dibawa ti huma dina upacara Sérén Taun téh tuluy di bawa ka leuit. Nu dimaksud leuit nyaéta ....

a)

tempat diukna pupuhu adat

b)

gudang paranti nyimpen pare

c)

gudang paranti nampung barang bawaan

d)

paranti digelarna acara kesenian