WorksheetsPSTS Basa Sunda Kelas 8
Total questions: 50
Worksheet time: 1hrs 10mins
Kawih téh asalna tina kecap kawi nu hartina...
Syair
Lagu
Rumpaka
Lirik
Birama kawih nyaéta...
Ajeg
Robah
Ajeg jeung robah
Bébas
Rumpaka leuwih raket patalina jeung...
Seni
Sastra
Seni jeung sastra
Lagu
Kawih leuwih raket patalina jeung...
Sastra
Seni jeung sastra
Seni
Lagu
Kawih anu wangun rumpakana mangrupa puisi heubeul atawa sisindiran disebut kawih...
Kawih modéren atawa kawih wanda anyar
Kawih klasik atawa kawih buhun
Kawih pop Sunda
Kawih kiwari
Conto kawih klasik atawa buhun nyaéta...
És lilin
Basa Sunda
Pelesiran
Jabodétabek
Ciri kawih klasik atawa kawih buhun nyaéta...
Dipirig ku waditra tradisional sarta wangun rumpakana puisi heubeul atawa sisindiran
Dipirig ku waditra modéren sarta wangun rumpakana puisi bébas
Dirig ku waditra tradisional sarta wangun rumpakana puisi bébas
Dipirig ku waditra modéren sarta wangun rumpakana puisi heubeul atawa sisindiran
Kawih anu wangun rumpakana puisi bébas disebut kawih...
Kawih modéren atawa kawih wanda anyar
Kawih klasik atawa kawih buhun
Kawih pop Sunda
Kawih kiwari
Conto kawih modéren atawa kawih wanda anyar nyaéta...
Jang
És lilin
Bubuy bulan
Samoja
Ciri kawih modéren atawa kawih wanda anyar nyaéta...
Dipirig ku waditra tradisional sarta wangun rumpakana puisi heubeul atawa sisindiran
Dipirig ku waditra modéren sarta wangun rumpakana puisi bébas
Dirig ku waditra tradisional sarta wangun rumpakana puisi bébas
Dipirig ku waditra modéren sarta wangun rumpakana puisi heubeul atawa sisindiran
Conto kawih nu rumpaka asalna tina sajak nyaéta...
Malati di Gunung Guntur
Mojang Priangan
Peuyeum Bandung
Bubuy Bulan
Di handap ieu struktur nu aya dina kawih, iwal ti...
Penokohan
Téma
Nada
Amanat
Jejer tina kawih Mojang Priangan nyaéta...
Wanoja nu kacida geulisna
Kadaharan
Asmara
Kaéndahan alam
Conto kawih nu jejerna ngeunaan asmara nyaéta...
Kabogoh Jauh
Basa Sunda
Pelesiran
Mojang Priangan
Conto kawih nu jejerna ngeunaan atikan nyaéta...
Kabogoh Jauh
Basa Sunda
Pelesiran
Mojang Priangan
Conto Kawih nu jejerna ngeunaan kaéndahan alam nyaéta...
Kabogoh Jauh
Basa Sunda
Pelesiran
Mojang Priangan
Nada atawa suasana nu kapanggih dina kawih Mojang Priangan nyaéta...
Reueus kana kadaharan
Reueus kana kaéndahan alam
Kataji kana kageulisan Mojang Priangan
Ngébréhkeun eusi hate
Rasa nu kapanggih dina kawih Mojang Priangan nyaéta...
Gumbira
Kuciwa
Ambek
Guligah
Amanat nu kapanggih dina kawih Mojang Priangan nyaéta...
Wanoja Sunda kudu geulis luar jero, lain tina fisik wungkul tapi haténa ogé kudu geulis
Wanoja Sunda cukup ku geulis fisik, geulis hate mah teu kudu dipiboga
Wanoja Sunda teu kudu geulis luar jero, kudu saayana
Wanoja Sunda teu kudu geulis fisik, cukup ku geulis hate
Baca rumpaka ieu kawih!
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan
Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaéta…
e-d-a-s
da-di-ga-di
a-a-a-a
m-s-k-ng
Baca rumpaka ieu kawih!
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
Dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaéta…
e-d-a-s
da-di-ga-di
u-i-u-i
m-s-k-ng
Nu nyiptakeun kawih Bubuy Bulan nyaéta...
Benny Corda
Ibu Mursih
Wahyu Wibisana
Mang Koko
Nu nyiptakeun kawih És Lilin nyaéta...
Benny Corda
Ibu Mursih
Wahyu Wibisana
Mang Koko
Conto kalimah nu ngandung gaya basa dénotatif nyaéta...
Ulah dihereyan neng Siti mah, sabab geus dicangcang ku jang Iwan.
Domba dicangcang dina tangkal nangka
Di kantorna téh manéhna mah diuk dina korsi baseuh
Anakna téh keur meujeuhna kembang buruan
Conto kalimah nu ngandung gaya basa konotatif nyaéta...
Ulah dihereyan neng Siti mah, sabab geus dicangcang ku jang Iwan.
Domba dicangcang dina tangkal nangka
Manéhna keur diuk dina korsi
Anakna keur metik kembang nu aya di buruan
Kecap anu wangun dasarna disebut dua kali atawa leuwih disebut kecap...
Kecap pangantét
Kecap pagawéan
Kecap rajékan
Kecap sipat
Kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna disebut kecap rajékan...
Dwipurwa
Dwimadya
Dwimurni
Dwiréka
Kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali di tengah-tengah wangun dasarna disebut kecap rajékan...
Dwipurwa
Dwimadya
Dwimurni
Dwiréka
Kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari sorana angger disebut kecap rajékan...
Dwipurwa
Dwimadya
Dwimurni
Dwiréka
Kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali wangun dasarna bari sorana robah disebut kecap rajékan...
Dwipurwa
Dwimadya
Dwimurni
Dwiréka
Kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sora disebut kecap rajékan...
Dwipurwa
Dwimadya
Dwimurni
Trilingga
Kecap anu wangunna siga kecap rajékan, tapi upama disalusur ku élmu basa lain kecap rajékan disebutna kecap...
Rajékan titiron
Rajékan palsu
Rajékan asli
Rajékan nipu
Pikeun nganyahokeun kecap rajékan asli jeung anu titiron, carana ditéangan...
Kecapna
Kalimahna
Wangun dasarna
Rajékanna
Kalimah nu ngandung kecap rajékan titiron di handap ieu nyaéta...
Maman ngala papatong keur parab cangkurileng
Wa Haji téh kokolot di lemburna
Éman mah mun leumpang téh sok babadug
Ujang mah heureuyna sok bari teuteunggeul
Kalimah nu ngandung kecap rajékan titiron di handap ieu nyaéta...
Ema ngawadahan deungeun sangu kana téténong
Wa Haji téh kokolot di lemburna
Éman mah mun leumpang téh sok babadug
Ujang mah heureuyna sok bari teuteunggeul
Warta téh nyaéta katerangan atawa béja anu ditepikeun ka...
Pribadi
Balaréa
Kelompok
Kulawarga
Éta katerangan atawa béja bisa disebut warta upama...
Ditulis ku wartawan
Dimuat di média massa
Dikirimkeun ka média massa
Dibaca ku balaréa
Dina seuhseuhanana mah warta téh dijieun dina wangun...
Tinulis
Lisan
Kajadian
Carita
Kajadian nu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian...
Anu dianggap penting pikeun balaréa
Anu dianggap penting pikeun pamimpin
Anu dianggap penting pikeun urang
Anu dianggap penting pikeun kulawarga urang
Dina warta aya unsur-unsur anu disebut...
W+H
5W+1H
5H+1W
5W+5H
Upama urang hayang nyaho poko-poko warta, baca baé...
bagian puhu wartana
bagian kateranganana
bagian eusi wartana
judulna
Eusi warta téh kudu nétral, maksudna...
Teu menang mihak ka pamingpin
Teu menang mihak ka salasahiji pihak
Teu menang mihak ka balaréa
Teu menang mihak ka nu boga médiana
Conto media citak nyaéta...
Koran jeung Majalah
Internét jeung télévisi
Koran jeung internét
Télévisi jeung majalah
Conto media éléktronik nyaéta...
Koran jeung Majalah
Internét jeung télévisi
Koran jeung internét
Télévisi jeung majalah
Warta teu meunang nuduh salah ka hiji jalma, lamun...
Geus kabuktian kasalahanana sacara hukum
Tacan kabuktian kasalahanana sacara hukum
Tacan kabuktian kasalahanana ceuk balaréa
Tacan kabuktian kasalahanana ceuk balaréa
Pék baca sempalan warta ieu di handap pikeun ngajawab patalékan no 46-48!
…Mobil pikeup anu ditumpakan ku karyawan pabrik aci tabrakan jeung beus hébring di Baleendah, kamari soré (12/2). Akibatna lima karyawan pabrik aci tatu parna sarta kudu dibawa ka Rumah Sakit Al-Ikhsan, Kabupaten Bandung.
Mobil pikeup anu ngangkut karyawan pabrik aci téh nyiap treuk, teu kanyahoan ti hareupeunana datang mobil beus hébring. “Jedag wé diadu, sorana gé meni tarik” ceuk Émen anu harita aya di sisi jalan tempat kajadian.
Unsur what tina warta di luhur nyaéta…
tabrakan mobil pikeup jeung beus
karyawan pabrik aci
Balééndah
Ping 12 Désémber

Unsur where tina warta di luhur nyaéta…

Unsur who tina warta di luhur nyaéta…
tabrakan mobil pikeup jeung beus
karyawan pabrik aci
Balééndah
Ping 12 Désémber
Tanda (/) nalika urang maca téks warta hartina…
koma
gurat condong hiji
titik
gurat condong dua
Tanda (//) nalika urang maca téks warta hartina…
koma
gurat condong hiji
titik
gurat condong dua