wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BIANTARA

Total questions: 10

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

...

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi bianta

d)

mamanis biantara

2.

……...

Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….


ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

mamanis biantara

3.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

4.

Sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang keur biantara/pidato, iwal…...

a)

Sikep tenang jeung wajar ulah di jieun-jieun

b)

Eusi/ materi biantara kudu luyu jeng acara nu keur dilaksanakeun

c)

Tagog/penampilan kudu gaya

d)

Merhatikeun waktu nu disadiakeun ku panata acara

5.

Ditilik tina strukturna biantarana aya bagianna nyaeta ,,,

a)

bubuka, salam pangjurung, eusi

b)

bubuka, eusi jeung panutup

c)

salam pangjurung, eusi anu panjang, salam panganteur

6.

"Dina ieu kasempetang sim kuring bade … tutungkusan kalbu, nu salami ieu dipendem dina ati sanubari."

Kecap keur ngeusian titik-titik di luhur nya éta …

a)

Nepikeun

b)

Ngedalkeun

c)

Nyaritakeun

d)

Ngadugikeun

7.

“Salaku urang Sunda, geus sawadina kudu ngajungjung basa Sunda minagka basa indungna.”

Di handap ieu nu kaasup conto tina ngajungjung lungguh basa Sunda nya éta …

a)

Nyarita di mana waé ku basa Sunda

b)

Macaan buku, majalah, atawa koran basa Sunda

c)

Narjamahkeun buku-buku asing kana basa Sunda

d)

Ngajakan batur nu lain urang Sunda ngomong make basa Sunda

8.

Dumasar téks di luhur aya ungkara "Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Sunda kana Basa jeung Budayana". Kecap kareueus dina basa Indonesia nya éta …

a)

Keharusan

b)

Kebanggaan

c)

Kemampuan

d)

Keterampilan

9.

Lamun ditilik tina eusina eta naskah biantara teh nerangkeun ngeunaan …

a)

Hajat kawinan

b)

Tujuhbelasan

c)

Paturay tineung

d)

Karang taruna

10.

(1) Nangtukeun jejer/topik biantara.
(2) Nyieun rangkay kerangka biantara.
(3) Nyusun naskah biantara dumasar kana rangkay nu geus disusun.
(4) Ngumpulkeun bahan nu diperlukeun luyu jeung topik.
(5) Ngarapihkeun susunan naskah biantara kalawan bener tur merenah.

Léngkah-léngkah nu bener dina nulis naskah biantaranya éta......

a)

(2).(1).(3).(5).(4)

b)

(5).(4).(3).(2).(1)

c)

(1).(4).(2).(3).(5)

d)

(3).(5).(1).(2).(4)