Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Pts Sunda

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

1.       Titénan ieu hal  dihandap !

1.       Aya panyatur

2.       Aya batur nyarita

3.       Aya jejerna

Anu ditataan diluhur téh kaasup kana .......

a)

Téma paguneman

b)

Unsur-unsur paguneman

c)

Rupa-rupa paguneman

d)

Topik paguneman

2.

1.         Titénan ieu hal dihandap !

1.       Kudu apal kana maksud nu dicaritakeun

2.       Kudu sabar dina nyanghareupan nu nyarita

3.       Ngajénan unggal pamadegan nu diasongkeun ku batur

4.       Jujur, soméah, ulah nogéncang ( méré kasempetan nyarita kanu lian)

Anu ditataan diluhur téh kaasup kana .....

a)

Téma Paguneman

b)

Unsur-unsur paguneman

c)

Rupa- rupa paguneman

d)

Aturan-aturan nu kudu diperhatikenun  dina nepikeun paguneman

3.

Dina paguneman, lentong jadi karasa pentingna, malah bagian tina tatakrama ogé. Lamun lentong na lemes atawa alon, karasana sopan. Sabalikna lamun lentongna teureugeus, najan lain ngambek, karasana sok nyentug kana haté.

Dina ungkapan diluhur, lentong miboga harti...

a)

Sora.

b)

Tulisan.

c)

Bahasa.

d)

Kalimat.

4.

Titénan ieu hal dihandap !

1.       Aya pagunemanana

2.       Palakuna leuwih ti saurang

3.       Make kalimah langsung

4.       Dina maca paguneman kudu hade lentongna

5.       Pasemon anu daria

6.       Lapl anu jelas

7.       Volume sora kudu jelas

Anu ditataan diluhur téh kaasup kana .......

a)

Unsur-unsur paguneman 

b)

Ciri-ciri paguneman anu hadé

c)

Rupa- rupa paguneman

d)

Aturan-aturan nu kudu diperhatikenun  dina nepikeun paguneman

5.

Kaulinan barudak bihari, biasana dipaénkeun ku leuwih ti saurang, tur ngandelkeun pakakas nu basajan atawa geus nyampak, gumantung kana wangun kaulinannana. Kaulinan nu ngagunakeun pakakas tina awi nyaéta ....

a)

Congkak

b)

Gatrik

c)

Sonlah

d)

Cingciripit

6.

Sanggeus hidep mikawanoh pintonan “ kaulinan barudak “ hidep tiasa nalungtik sababaraha ciri dina kaulinan barudak . Nu kaasup ciri kaulinan barudak kiwari nyéta ....

a)

Sauyunan

b)

Teu poho waktu

c)

Dunya maya

d)

Sosialisasi fisik

7.

Titénan ieu hal dihandap !

1.       Anu dibarengan ku kakawihan

2.       Anu sipatna olah raga

3.       Anu sipatna seni

4.       Anu sipatna kaulinan biasa  

5.       Palakuna leuwih ti saurang  

Anu ditataan diluhur téh kaasup kana ................

a)

Unsur-unsur Kaulinan

b)

Ciri-ciri Kaulinan barudak  nu  hadé

c)

Rupa- rupa kaulinan barudak lembur

d)

Rupa- rupa kaulinan barudak kota

8.

  Titénan ieu hal dihandap !

1.       Anu dibarengan ku kakawihan

2.       Anu sipatna olah raga

3.       Anu sipatna seni

4.       Anu sipatna kaulinan biasa  

5.       Palakuna leuwih ti saurang  

Anu ditataan diluhur téh kaasup kana ................

a)

  Unsur-unsur Kaulinan

b)

Ciri-ciri Kaulinan barudak  nu  hadé

c)

  Rupa- rupa kaulinan barudak lembur

d)

Rupa- rupa kaulinan barudak kota

9.

1.       Dongèng dumasar kana eusi jeung palakuna kabagi jadi sababaraha jenis, diantara aya Dongèng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma biasa disebutna dongeng parabel. jeung aya Dongèng anu nyaritakeun kajadian atawa jalma anu ngandung unsur sajarah disebutna ......

a)

  Mite

b)

  Sage

c)

legenda

d)

fabel 

10.

Baca sempalan Dongèng ieu dihandap !

Situ Bagendit

Jaman baheula, aya awéwé anu kacida beungharna. Rajakayana bru di juru bro di panto, ngalayah di tengah imah. Hanjakal meditna teu katulungan. Ku urang lembur, éta awéwé téh katelah Nyi Endit, ku medit-meditna.

         Pagawéan Nyi Endit téh sapopoéna ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu cocéng atawa leungit. Rajakayana unggal waktu nambahan jeung beuki ngagunung,  da puguh tara pisan di paké. Ari sababna, sagala lebar, sagala nyaah. Tong boro dipaké tutulung ka batur, dalah dipaké ku dirina sorangan gé kahayangna mah ulah.

        Hiji mangsa, datang aki-aki siga nu langlayeuseun. Eta aki-aki téh pok nyarita ka Nyi Endit, “Nyai, nyuhunkeun sih piwelas. Aki geus sababaraha poé  teu kararaban sangu”. Ngadéngé lumengisna aki-aki, keur Nyi Endit mah lain matak timbul rasa karunya, tapi kalah malik ambék. Aki-aki téh diusir sapajodogan.
         Isukna, éta aki-aki téh geus jol deui, bari ngélingan Nyi Endit sangkan daék tutulung kanu butuh, tatalang ka nu susah. Tapi haté Nyi Endit angger ngabatu. Sakali deui éta aki-aki nu pikarunyaeun téh diusir sapajodogan.

 

1.       Sabada hidep maca sempalan  Dongèng di luhur ,  bisa dicindekkeun ku hidep yen  éta dongèng téh  ka asup dongèng ...

a)

mite

b)

sage

c)

legenda

d)

fabel