wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL SISINDIRAN BAHASA SUNDA KELAS 8

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Salah sahiji hasil karya sastra sunda dina wangun puisi (ugeran), asalna tina kecap sindir anu hartina omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun nya éta ...

a)

Pupujian

b)

Kawih jeung Tembang

c)

Sisindiran

d)

Carita Pangalaman

2.

Dina sastra indonesia mah sisindiran teh disebutna ...

a)

Pantun

b)

Cerita Pantun

c)

Puisi

d)

Cerita Pendek

3.

Rupa-rupa sisindiran ditilik tina wangunna nya éta, iwal ...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Sésébréd

d)

Wawangsalan

4.

Anu kaasup kana wangun sisindiran dumasar kana wangunna nya éta ...

a)

Rarakitan

b)

Piwuruk

c)

Silih Asih

d)

Sésébréd

5.

Rupa-rupa sisindiran dumasar kana eusina nya éta, iwal ...

a)

Piwuruk

b)

Sésébréd

c)

Silih Asih

d)

Paparikan

6.

Ka mana jalan ka Yogya

Ka ditu ka Pangrumasan

Ka mana jalan ka Surga

Ka ditu ka pangaosan

a)

Paparikan Piwuruk

b)

Rarakitan Piwuruk

c)

Paparikan Silih Asih

d)

Rarakitan Silih Asih

7.

Kecap mimiti dina padalisan téh sarua mimitina, siga puhu awi dina rakit nya éta ...

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Piwuruk

8.

Kecap panungtung dina unggal padalisanana téh teu sarua, tapi ukur mirip atawa padeukeut sorana wungkul. Deukeut téh sarua hartina jeung parek atawa parik. Hartina disebut ...

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Sésébréd

9.

Katumbiri di Cigeulis

Ti Citeureup ka Ciamis

Kaciri seuri nu geulis

Mun diteuteup beuki manis

a)

Rarakitan

b)

Wawangsalan

c)

Piwuruk

d)

Paparikan

10.

Katumbiri di Cigeulis

Ti Citeureup ka Ciamis

Kaciri seuri nu geulis

Mun diteuteup beuki manis

a)

Paparikan Silih Asih

b)

Rarakitan Silih Asih

c)

Paparikan Sésébréd

d)

Rarakitan Sésébréd