NEW
Font size
WorksheetsUlangan Formatif B.Sunda XII Materi Drama
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Karya sastra dina wangun paguneman diantara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna dibutuhkan pikeun kaperluan pintonan disebut ……
Teater
Pilem
Drama
Gending karesmen
Sinetron
Di Desa Bojong,ribut yen aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunana, Hansip beak carita miskin pangakalan bisa newak garong.
Cutatan diluhur dina naskah drama kaasup kana bagean …..
Pertelaan palaku
Adegan
Prolog
Epilog
Babak
Pintonan teater anu paguneman atawa mintonkeunana ku sorangan (saurang palaku) disebutna …
Dialog
Monolog
Epilog
Prolog
Sosiolog
Tokoh dina drama boh nu protagonist boh antagonis, atawa tokoh pangrojong disebutna …..
Babak
Tema
Palaku
Amanat
Latar
Dina drama mah biasana mah sok dibagi jadi sababaraha ……
Adegan
Epilog
Latar
Babak
Prolog
Bagian tina babak anu ditangtukeun ku datangna atawa inditna palaku dina hiji drama disebut ……
Adegan
Epilog
Latar
Babak
Dialog
Waktu jeung tempat kajadiannana eta drama disebut ….
Latar
Tema
Kakayaan
Adegan
Prolog
Nu ngajiwaan lalakon atawa carita dina hiji drama disebut …..
Latar
Tema
Pertelaan palaku
Adegan
Palaku
Di handap ieu anu teu kaasup kana unsur-unsur naskah drama nyaeta……
Petelaan palaku
Wirahma
Candraan
Prolog jeung epilog
Babak jeung adegan
Sanip : "Buru lalaunan – lalaunan!!!"
Ajen : "Buru bantuan! Lain lalaunan –lalaunan!"
Sanip : "Sip atuh, urang gancangan asupkeun kana karungna!"
Ajen : "Bawa tuh katel jeung sosodok!"
Cutatan carita diluhur dina naskah drama kaasup kana bagean ……
Babak
Epilog
Adegan
Prolog
Dialog
Kecap drama asalna tina basa Yunani,….. nu hartina niru atawa niron.
Kecap nu cocog pikeun ngusian pedaran diluhur nyaeta ……
Dramia
Dramoi
Theatre
Dorama
Teatron
Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh …..
Antagonis
Pangrojong
Tritagonis
Protagonist
Pangrojong
Sanip : "Buru lalaunan – lalaunan!!!"
Ajen : "Buru bantuan! Lain lalaunan –lalaunan!"
Sanip : "Sip atuh, urang gancangan asupkeun kana karungna!"
Ajen : "Bawa tuh katel jeung sosodok!"
Dua garong kalabur, di imah Pa RT pada ngadagoan garong nepi ka isuk-isuk, tapi teu datang deui. Maranehna sadar yen garong the geus nipu sarerea. Ku sabab tunduh keneh, nepi ka bisa katipo ku garong.
Kalimah ahir,anu dicutat miring, dina cutatan naskah drama diluhur kaasup kana bagean……
Pertelaan palaku
Prolog
Babak
Epilog
Adegan
Dumasar kana strukturna, naskah drama diwangun ku sababaraha unsur, diantarana epilog, nu pihartieunana nyaeta …..
Gambaran palaku sacara wincik
Kalimah langsung para palaku nu silih tempas
Watek palaku atawa panokohan
Manggalasastra anu dieusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang
Panutup drama anu dieusi ku kacindeukan lalakon jeung nasehat pangarang.
Mana runtuyan struktur manggungkeun drama anu meureunah?
Nyadiakeun naskah drama, nangtukeun sutradara, nangtukeun actor jeung aktris, latihan, manggung
Nangtukeun actor jeung aktris, nyusun naskah, nangtukeun sutradara, latihan, manggung
Nyusun naskah, latihan, nangtukeun sutradara jeung actor/aktris,latihan
Nangtukeun sutradara,nangtukeun actor jeung aktris, nulis naskah, latihan, manggung
Manggung, nangtukeun sutradara, nangtukeun actor jeung aktris, latihan, nyusun naskah
Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting dina carita biasa disebut …..
Epilog
Dialog
Monolog
Prolog
Candraan
Jalma anu sok ngatur sarta nangtukeun sagala urusan dina hiji pintonan drama disebut …..
Panata gending
Sutradara
Skenario
Pamaen
Pimpro
Di hiji jalan, pabeubeurang. Sawatara barudak make saragam SMA keur bukbek bari silih teunggeul, bari marawa rupaning pakarang. Tawuran. Sora mobil. Sora nu patinggorowok. Meunang sawatara lila silih serang. Keur kitu kadenge sora sirine mobil pulisi. Nu tawuran kalabur.
Di handap ieu latar kaayaan atawa latar suasana anu bisa kagambar dumasar kana prolog drama diluhur nyaeta …..
Simpe, tiiseun, pikabetaheun
Huru-hara, kaweur, pahibut
Gandeng, sieun, reuwas
Riweuh, gimir, hemeng
Rame, gandeng, riweuh
Juragan Kapala : "Poma ulah ka dipopohokeun. Ngarah urang salawasna inget, mun kamerdikaan Indonesia the lading tina pajoangan anu pinuh ku pangorbanan. Ku ayana kitu, sanggeus kiwari merdeka, ulh nepika dimomorekeun. Nu ngawasa kudu nyaah ka rahayat. Pon kitu deui rahayat kudu tetep runtut raut sauyunan. Bhineka Tunggal Ika."
Warga : "Siap Juragan !"
Unsur carita anu dominan dina dialog di luhur, nyaeta ……
Tema
Palaku
Amanat
Latar
Puseur sawangan
(Pulisi 1 terus nyamperkeun barudak. Ditanya hiji-hiji. Dimimitian ti nu pangkencana.)
Pulisi 1 : “Silaing saha ngaran?”
Ohim : “Oh ….”
Pulisi 1 : “Enya, ngaran silaing saha?”
Ohim : “Oh,…”
Pulisi 1 : “Beu, nyiar-nyiar piambekeun ieu mah. Kadenge henteu
bieu dewek nanya?”
Ohim : “Kakuping, Pa Pulisi”
Pulisi 1 : “Naha atuh teu ngajawab”
Ohim : “Oh,….”
Pa Pulisi : (keuheul) “Astagfirulloh! Sugan teu hideng budak teh!”
Tina dialog drama diluhur bisa katingali watek palaku nu ngaranna Ohim the nyaeta …..
Pinter
Cicingeun
Kuuleun
Polos
Baong
