WorksheetsKuis Carpon
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
Galur anu caritana téh dimimitian ku bagian pamungkas. Bagian saterusna mangrupa runtuyan kajadian anu nerangkeun atawa jadi pamuka pungkasan carita anu geus diheulakeun téa, ieu galur bisa aya dina sagemblengna carita, bisa ogé dina salah sahiji bagian carita, mangrupa galur ….
Marélé
Bobok tengah
Mundur
Maju
Campuran
Baca sing gemet sempalan carpon ieu di handap!
“Lah atuh ka kebon binatang mah bisa engké deui deket ieuh,” ceuk dunungan. “Jeung deuih, meungpeung aya waktu wé bapana. Minggu hareup mah apan rapat rutin ka Jakarta, Minggu hareupna deui, atuh barudakna ogé geus baralik, geus arasup deui ka sakolana. Kumaha, Din?”
Lamun geus kitu, taya pilihan deui pikeun kuring, iwal ti nyebut “mangga”. Sabab anu ngaranna paménta dunungan, pikeun jalma modél kuring mah, ajénna sarua jeung paréntah.
Tina sempalan carpon di luhur katitén yén watek palaku Udin nyaéta ….
Nurut ka nu jadi dunungan
Sok maksakeun kahayang
Ngarasa leuwih ti batur
Merekedeweng
Teu amanah
Baca sing gemet sempalan carpon ieu di handap!
Mung tanaga teu aya pisan. Nembé sakecruk dua kecruk tos capé. Namung Aki Uki gaduh tékad gilig pisan. Kedah bérés bada lohor. Badé mintonkeun ka Dén Haji, yén dirina, Si Tarjuki, nu keur ngorana bisa maratkeun macul sakotak dina sabedug téh, ayeuna bedas kénéh. Atuh kacapé téh teu diraos. Bes linggis, kecruk pacul. Sodok singkup. Silih genti. Cikaringetna luut-léét maseuhan sakujur salirana lir nu dibanjur baé. Untung ngabantun bekel. Unggal lirén, unggal belewek opieun, sareng regot cai. Nanging tanaga asa teu nambihan.
Tina sempalan carpon di luhur katembong yén watek palaku Aki Uki nyaéta ….
Teu boga tanaga
Gawéna suhud
Adigung
Sarakah
Beuki barang dahar
Baca sempalan carpon di handap kalawan gemet!
Hésé cenah jalma biasa mah rék nepi ka tingkatan husu modél kitu téh. Tapi kuring sok panasaran, tetelepék. Kumaha solat anu husu téh.
“Nya sabisa-bisa kudu museurkeun sakabéh pikiran kana naon nu keur dibaca. Nu matak alusna mah urang ngarti kana naon anu di baca, lain ukur apal ngucapkeun basa Arabna wungkul, sangkan bisa husu,” saur Ustad Imong deui.
Dumasar kana sempalan carpon di luhur, amanat éta sempalan carpon nyaéta ….
Kudu hadé dina pagawéan
Getol ngaji ka Ustad Imong
Réa sodaqoh ka sasama
kudu bisa husu dina solat
kudu apal tingkatan husu jalma
Réngsé ti pasir tempatna liar sasatoan, tétéla najak ogé, terus mudun katempat méta gajah. Incu-incu dunungan ngadon ngusapan maung. Ti dinya, lalajo orang utan, lalajo atraksi heulang jeung singa laut. Lamun seug manéh milu Ujang!
Anu dicaritakeun dina sempalan carpon di luhur nyaéta ….
Watek palaku
Galur carita
Amanat carita
Téma carita
Latar carita
“Nya sahusu-husuna jelema biasa baé. Rumasa Amang mah lain pangkay kyai atawa ulama. Ukur tukang ngawurukan ngaji di tajug leutik pédah batur euweuh nu sanggupeun,” cenah handap asor.
Kecap handap asor dina kalimah hartina ….
Adigung
Éraeun
Teu bisa
Dumareuda
Henteu agul
“Dupi Amang (kuring jeung santri nu séjénna sok nyebut Amang ka Ustad Imong téh) tos tiasa solat husu?” kuring sok tuluy célémbéng.
Kecap célémbéng dina kalimah hartina ….
Teu bisa ditanya
Loba ngomong
Éraan
Teu daék nanya
Hayang nanya
Minangka karya sastra, carpon jeung dongéng miboga sasaruaan nyaéta sarua mangrupa karangan fiksi anu sifatna naratif. Sanajan kitu carpon jeung dongéng boga bébédaan dina wangun eusina nyaéta ….
Carpon mah caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé
Dongéng mah caritana kaharti ku akal
Carpon boga loba kajadian utama
Dongéng mangrupa carita nu nyata
Carpon basana ngagambarkeun kalawan jéntré
Untung wé wawuh ka Si Angga, nu sok ngajual komputer rakitan. Pék badami rerencepan, sangkan dibéré nganjuk heula. Dibéré témpo tilu poé jang ngalunasanana, bari jeung teu kudu maké pamanjer. Komputer rék dianteurkeun isukna ka tempat indekos Novi. Plong deui.
Angga teh salaku palaku anu dibutuhkeun pikeun ngalancarkeun jalan carita, anu sok disebut ….
Palaku utama
Palaku kadua
Palaku panambah
Palaku antagonis
Palaku protagonis
Baca sempalan carpon di handap kalawan gemet!
Taneuh nu dikeduk beuki luhur, lombang beuki jero. Tanaga kedah tambih ageung supados taneuh nu dikaluhurkeun teu urug deui ka handap. Ku dikeureuyeuh mah, panyaeuran dina lombang téh kakeduk sadayana.
Orokaya tanaga teu nyésa pisan. Aki Uki ngaraos lungsé, dugi ka teu tiasa hanjat gé. Nya reureuh bari ngumpulkeun deui tanaga. Ngalungsar dina lombang. Nyarandé kana taneuh beulah kalér. Ni’mat padamelan tiasa réngsé. Di luhur angin ngahiliwir, ngoyagkeun dangdaunan. Incuing angger disada. Asa dipépéndé, reup wéh Aki Uki kulem kapulesan.
Dumasar kana sempalan carpon di luhur, téma éta carpon nyaéta ….
Héséna ngagali kuburan
Kudu boga tanaga gedé
Aki-aki geus euweuh tanaga
Digawé nu suhud
Sanggeus gawé sok carapé
