NEW
Font size
WorksheetsPTS BASA SUNDA KELAS XI
Total questions: 15
Worksheet time: 20mins
Karya rekaan/fiksi dina wangun prosa tur biasana ukuranna panjang, nyaéta …
Biografi
Wawacan
Novel
Pantun
Carpon
1) Umumna panjang, heuteu pondok kawas carpon
2) Galur caritana atawa plot ngarancabang (loba)
3) Midangkeun rupa-rupa tokoh (palaku), kajadian, sarta laluasa medar karakter tokohna.
4) Nyaritakeun kahirupan sapopoé
5) Caritana teu leuwih ti lima kaca
Tina pedaran di luhur, nu teu ka kaasup ciri-ciri novel nyaéta . . .
1
2, 3
4
3, 4
5
Hiji mangsa si dirun ngarasa dosa jeung hanjakal kanu jadi kolot lantaran manéhna sok ngabohongan waé kanu jadi kolot, pas manéhna kanyahoan judi ku kolotna sabab arloji anu paméré bapana di jual jeung duitna di paké judi, tah ku bapana ka nyahoan yén si dirun beuki judi, tidinya sidirun dicarékan bébéakan, terus manéhna janji ka kolotna yén manéhna moal bangor bangor deui. Ti harita si dirun jadi budak bageur tur soléh nu nurut ka kolot jeung jadi budak pinter.
Amanat nu hayang ditepikeun tina éta tingkesan téks novel, nyaéta …
Kudu dicarékan heula, karék tobat
Judi bisa jadi cukang hirup bener
Tong ngajual jam kolot lamun rék judi
Hirup kudu bageur, sholeh nurut ka kolot
Dirun éraeun ku bapana, kusabab kapanggih judi
….
Ku sabab dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka mama yai, kiai anu daekeun nulungan, Si Lamsijan manéhna lain ku lantaran bogoh ku kageulisan si Amoy hungkul tapi hayang Si Amoy téh asup muslimah. Tapi Si Lamsijan kalah kawin ka Si Cepleu éta lantaran salah sasaran nu sarua goréng patutna. Indungna Si Lamsijan haténa kabeuli lantaran Si Cepleu rajin mantuan gawé sapopoé.
….
Tokoh utama anu kapanggih di luhur, nyaéta…
Dukun
Lamsijan
Amoy
Si Ceupleu
Mama Yai
Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Jalan carita sacara umum (bubuka, mimiti masalah, masalah muncer, ngarengsekeun masalah, pungkasan carita) disebut …
Alur
Latar
Palaku
Amanat
Jejer
Aom Usman anu eunggeus megatkeun Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, tuluy Nyi Rapiah di wayuh, Aom Usman kawin deui jeung nu sadarajat jeung manéhna nyaéta Agan Suriningrat, lantaran kolot Aom Usman teu satuju lamun Aom Usman teu kawin jeung anu sadarajat. Ari si Ujang Kusen prustasi lantaran ninggali Nyi Rapiah dikawin ku Aom Usman, Ujang Kusen tidinya sok gunta-ganti pamajikan, lantaran ngarasa eweuh nu leuwih ti Nyi Rapiah, Ujang Kusen sok judi, mabok, pokonamah beda jeung Ujang Kusen basa jadi salaki Nyi Rapiah, ahirna Ujang Kusen dibuang ka Surabaya kusabab dituding maling duit, duit éta téh dipaké jang judi deui.
Tingkesan téks di luhur kaasup kana karya prosa rekaan. Novel nu munggaran medal di tatar Sunda, nyaéta …
Srangéngé Surup Manten
Baruang ka nu Ngarora
Mantri Jero
Béntang Lapang
Arca
Ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita (palaku utama, palaku kadua, palaku tambahan), disebut …
Palaku
Jejer
Latar
Amanat
Katerangan
Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya dina novel, disebut …
Amanat
Alur
Jejer
Latar
Tokoh
…
Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potrét Aom Usman tina pésak baju; sor disodorkeun ka Nyi Rapiah, bari luak lieuk ka tukang bisi aya nu ngawaskeun. Ku Nyi Rapiah ditampanan bari imut, tuluy diilikan, didangdak-déngdék. Ngomong jero atina , “Emh, sok komo teuing buktina, potrétna sakieu kasépna, surup jadi putra ménak. Nya ieu lalaki nu matak ngagélokeun awéwé téh.”
….
Judul tingkesan novel di luhur, nyaéta …
Potrét
Manéhna
Patepung di Bandung
Pipisahan
Pangantén
(1) Mugiri
(2) Agan Permas
(3) Juragan Batik
(4) Laleur Bodas
(5) Carios Eulis Ecih
Nu ka asup novel karangan Joehana, nyaeta (iwal ti) ..
1, 4
2, 5
3, 4
1, 5
2, 4
Carita atawa lalakon anu ditulis dina wangun pupuh, kauger ku guru wilangan, guru lagu, jeung jumlah padalisan dina sapadana, disebut …
Novel
Wawacan
Pantun
Biantara
Paguneman
Wawacan mimiti dipikawanoh dina sastra Sunda dina abad ka …
16
17
18
19
20
(1) Lalakon-lalakon tina sastra Jawa teh langsung disalin, heunteu disundakeun, mangrupa naskah
(2) Tembong usaha narjamahkeun (nyadur) kana basa Sunda, sangkan eusina kaharti ku balarea.
(3) Nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula dina wangun wawacan, saperti dina dongeng, hikayat, babad.
(4) Sabada aya tehnologi mesin citak, wawacan nu tadina mangrupa naskah mimiti diterbitkeun mangrupa buku, diwuwuhan ku ciptaan-ciptaan alanyar, sarta wanda anyar
Urutan lengkah kamekarang wawacan dina sastra Sunda, nyaéta …
1, 4, 2, 3
1, 3, 2, 4
1, 2, 3, 4
2, 1, 4, 3
2, 3, 1, 3
Naskah Wawacan umumna ditulis ngagunakeun aksara …
Kaganga
Palawa
Hanacaraka
Arab Pegon
Hindu-Budha
Wawacan gédé pangaruhna kana sastra Sunda, lalakon anu ditulis ngagunakeun wangun pupuh tur kauger ku guru wilangan jeung guru lagu ieu sok dipintonan dina hajat, syukuran orok, jsb. Seni cara maca wawacan anu teu ngagunakeun waditra, nyaéta …
Gembyung
Terbang
Pantun
Beluk
Mamaos
