NEW
Font size
WorksheetsKelas XII Drama
Total questions: 15
Worksheet time: 15mins
Istilah drama asalna ti basa Yunani nyaeta …
Dramoi, hartina maenkeun peran
Dramoi, hartina niru-niru
Dramoi, hartina ngajalankeun carita
Dramoi, hartina pagelaran
Teater asalna ti basa Yunani nyaeta ….
Teatron, hartina tempat maraton anu pernahna di alun-alun
Teatron, hartina tempat akting anu pernahna di alun-alun
Teatron, hartina tempat upacara pemujaan anu pernahna di alun-alun
Teatron, hartina maenkeun peran di panggung
Pernyataan ngeunaan drama anu bener nyaeta …
Naskah drama kaasup kana karya seni, sedengkeun pagelaran drama kaasup kana karya sastra
Naskah drama jeung pagelaran drama sarua duanana teh mangrupa karya sastra
Naskah drama jeung pagelaran drama sarua duanana teh mangrupa karya seni
Naskah drama kaasup kana karya sastra, sedengkeun pagelaran drama kaasup kana karya seni
Dina awal wacana, biasana mah ditataan heula palaku, watekna, umurna, jeung ditetelakeun oge di mana latarna, kumaha kayaan di panggung, ilustrasi musik, jeung sajabana. Ieu bagean teh minangka pituduh keur ….
Anu lalajo drama
Pamiarsa
Logistik
Sutradara
Upama ditilik tina sifatna, ciri-ciri naskah drama nyaeta …
Komedi, tragedi, jeung melodrama
Komedi, tragedi, jeung simbolis
Klasik, modern, jeung komedi
Realis, tragedi, jeung melodrama
Drama anu miboga tujuan sangkan anu lalajo seuseurian nyaeta …..
Melodrama
Simbolis
Komedi
Tragedi
Upama ditilik tina aliranna drama teh ngawengku …
Klasik, realis, melodrama, jeung absurd
Komedi, realis, simbolis, jeung absurd
Klasik, realis, simbolis, jeung komedi
Klasik, realis, simbolis, jeung absurd
Hiji mangsa di kelas keur merankeun drama si Kabayan Ngala Nangka. Dina eta drama kacaritakeun kagiatan Si Kabayan jeung Nyi Iteung anu mindeng katinggali dina kahirupan sapopoe. Eta drama teh kaasup kana aliran …
Surealis
Absurd
Realis
Simbolis
Upama ditilik tina wangun dialogna, drama teh ngawengku 2 jenis nyaeta …
Wangun lancaran jeung wangun ugeran
Wangun dialog jeung wangun lancaran
Wangun bait jeung wangun ugeran
Wangun lagu jeung wangun ugeran
Anu kaasup kana drama tradisional nyaeta …
Monolog, gending karesmen, topeng banjet, jeung lenong
Longser, ubrug, sendratari, jeung gending karesmen
Sendratari, gending karesmen, jeung purnadrama
Longser, ubrug, topeng banjet, jeung lenong
Pernyataan anu bener ngeunaan drama tradisional nyaeta …
Drama tradisional nyaeta pintonan drama anu henteu ngagunakeun naskah, estuning ngandelkeun kakuatan lisan, improvisasi, jeung kaparigelan pamaenna, ari sutradara mah ukur nepikeun gurat badag carita.
Drama tradisional nyaeta pintonan drama anu ngagunakeun naskah, pamaen kudu latihan heula jeung kaparigelan pamaenna dina ngapalkeyn naskah, ari sutradara mah ukur nepikeun gurat badag carita.
Drama tradisional nyaeta drama anu ngagunakeun naskah minangk dasar utama pintonan, sutradara miboga kalingguhan penting pikeun ngatur alurna.
Drma tradisional nyaeta drama anu teu ngagunakeun naskah, dipintonkeun di panggung bari make lampu husus (lighting).
Di tatar sunda aya drama bobodoran anu disebut longser, eta teh asalna ti wewengkon Jawa Barat nyaeta …
Sukabumi
Priangan
Ciayumajakuning
Batawi
Darma Lenong teh asalna ti kota anu deukeut jeung Jakarta nyaeta …
Depok
Karawang
Bekasi
Tangerang
Contoh judul gending karesmen anu geus dipintonkeun nyaeta …
Kabayan Ngalalana
Sangkuriang Kabeurangan
Lutung Kasarung
Malinkundang
Aspek penting dina drama nyaeta getikulasi. Getikulasi teh hartina …
Penggalan kecap dina unggal kalimah
Penggakan kalimah dina unggal paragraf
Tanda baca dina teks drama
Ngaran tokoh dina teks drama
