wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kelas X Biantara

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Pernyataan anu nuduhkeun wangenan biantara nyaeta …

a)

Nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji informasi anu penting, sipatna monologis, direspon ku unggeuk/gideug, keprok, jeung pasemon.

b)

Maca hareupeun balarea pikeun meunangkeun hiji informasi anu penting, direspon ku unggeuk/gideug, keprok, jeung pasemon.

c)

Nyarita hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji informasi anu penting, sipatna dialog, direspon ku omongan silih tembal antara anu nyarita jeung anu ngaregepkeun

d)

Nyarita hareupeun kelas pikeun nepikeun hiji informasi anu kurang penting, direspon ku babaturan sakelas jrung guru

2.

Ditilik tina jenisna biantara teh kabagi jadi dua, nyaeta …

a)

Biantara formal jeung resmi

b)

Biantara non formal jeung teu resmi

c)

Biantara resmi jeung teu resmi

d)

Biantara di ruangan jeung di luar ruangan

3.

Conto acara anu kaasup kana biantara resmi nyaeta …

a)

Biantara dina arisan, sidang, upacara, jeung acara ulang taun

b)

Biantara dina rapat, sidang, upacara, jeung acara resmi sejenna

c)

Biantara dina rapat, sidang, ulang taun, jeung acara resmi sejenna

d)

Biantara dina rapat, sidang, upacara, jeung riungan lembur

4.

Struktur biantara teh kabagi jadi sabaraha bagian jeung naon wae …?

a)

Kabagi jadi 3 nyaeta bubuka, eusi, jeung panutup

b)

Kabagi jadi 4 nyaeta bubuka, eusi, du’a jeung panutup

c)

Kabagi jadi 4 nyaeta salam bubuka, bubuka, eusi, jeung panutup

d)

Kabagi jadi 5 nyaeta salam bubuka, bubuka, eusi, panutup, jeung salam panutup

5.

Bubuka dina biantara teh ngawengku opat bagian nyaeta …

a)

Salam bubuka, mukadimah, salam panghormat, jeung sanduk-sanduk

b)

Salam bubuka, mukadimah, salam panghormat, jeung kacindekkan

c)

Salam bubuka, mukadimah, tujuan, jeung ngahaturkeun nuhun

d)

Salam bubuka, mukadimah, salam panghormat, jeung ngahaturkeun nuhun

6.

“Hapunten bilih aya bahasa anu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah anu teu raos kakupingna. Pondok nyogok panjang nyugak, neda tawakupna ti luhur sausap rambut, ti handap sahibas dampal, hampunten anu kasuhun, hampura anu diteda” eta kalimah kaasup kana bagian biantara …

a)

Nepikeun eusi

b)

Du’a panutup

c)

Nyindekkeun

d)

Sanduk-sanduk

7.

“Langkung ti payun, puji sareng sukur ka sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Ku rahmat sareng hidayahna, urang sadaya tiasa riung mumpulung dina ieu acara” eta kalimah kaasup kana bagian biantara …

a)

Du’a bubuka

b)

Mukarimah

c)

Mukadimah

d)

Salam bubuka

8.

Tema biantara teh kudu luyu jeung situasi sarta kondisi anu kiwari keur rame dipadungdengkeun. Dina padika nyusun teks biantara eta teh kaasup kana …

a)

Basana hade

b)

Eusina mundel

c)

Rangkana weweg

d)

Jejerna aktual

9.

Nepikeun biantara ku cara ditalar sakumaha eusi teks anu geus disusun samemehna, nyaeta motode …

a)

Ekstemporan

b)

Tekstual

c)

Impromptu

d)

Memoriter

10.

Hiji mangsa di baledesa, Ibu Kades dititah nepikeun pamapag. Anjeunna teu tatahar heula ti saanggalna, ku sabab kitu Ibu Kades langsung weh biantara tanpa nyiapkeun nanaon. Motode anu dipake ku Bu Kades nyaeta …

a)

Impromtu

b)

Memoriter

c)

Tekstual

d)

Ekstemporan