wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN BASUN FASE E GANJIL

Total questions: 40

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.
Keur nomor 1-7 Dongéng Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna téh. Hirup sapopoéna ngan dibaturan ku sakadang éntog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka éta sakadang éntog teh, bubuhan manéhna mah teu boga dulur-baraya, malih garwa mah. Hiji poé manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawéna mah kapaké pisan ku Juragan Lurah téh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawé nanaon ogé. Ari éntogna dikencarkeun di buruan gubuk téh, tara aya hariwangan. Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manéhna ngadeuheus ka Pangéran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon ogé bisa.. “ . Mang Julin téh dahar ngan jeung uyah. Sanggeus wareg mah manéhna tuluy ngampihan éntog di juru imah. Isuk-isuk kénéh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manéhna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manéhna teu nyangka yén cahya nu kacida serabna téh tina kandang éntog, singhoréng téh éntogna éndongan, endogna endog emas. Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog téh. Manéhna kacida bungahna, éta endog emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna. Poe kadua, kitu deui, éntogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poé, sakadang éntog téh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin téh jadi beunghar. Manéhna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak éntog, jeung harta lianna nu mucekil. Éntog téh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin. Hiji poé, Mang Julin ngarasa capé mun kudu unggal poé ngadatangan kandang éntog pikeun mawa endog emas pira hiji téh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeléh éntog ngarah emasna kabéh kaluar, jadi manéhna teu kudu mawaan unggal poé ka kandang éntog. Ari geus dibeléh éntog téh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan éntog téh paéh. Mang Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manéhna jadi miskin deui sabab unggal poé hartana béak dipaké kabutuhan sapopoéna. https://katadata.co.id/lifestyle/varia/645b4d487fcae/ Penulis: Tifani 1. Ngaran patani nu kacida malarat dina dongéng di luhur nyaéta...
a)
a. Mang Asép
b)
b. Mang Juned
c)
c. Mang Julin
d)
d. Mang Irin
e)
e. Mang Ideng
2.
2. Sapopoéna Mang Julin hirupna dibaturana ku sakadang…
a)
a. Munding
b)
b. Éntog
c)
c. Hayam
d)
d. Pamajikanan
e)
e. Lanceukna
3.
3. Dongéng entog emas kaasup dongéng …
a)
a. Legenda
b)
b. Fabel
c)
c. Mistis
d)
d. Parabel
e)
e. Sajarah
4.
4. Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna, manehna ngadeuheus …
a)
a. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna.
b)
b. “Duh Gusti abdi hoyong janten peternak bebek di kampung ieu”
c)
c. “Duh Gusti pasihan endog anu seueur”
d)
d. “Duh Gusti pasihan abdi tuangeun”
e)
e. “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “
5.
5. Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh, lantaran…
a)
a. Meunang endog emas
b)
b. Meunang undian
c)
c. Meunang pegawéan di kalurahan
d)
d. Patepang batur lawas
e)
e. Naék pangkat
6.
6. Kasipatna Mang Julin dina dongéng di luhur ...
a)
a. Alim
b)
b. Alus
c)
c. Tong bisa dicontoan
d)
d. Henteu syukuran ka Gusti Allah
e)
e. Bageur
7.
7. Dongéng di luhur dicutat dina...
a)
a. Buku Paket SMA Kelas X
b)
b. https://katadata.co.id/lifestyle/varia/645b4d487fcae/
c)
c. Koran online
d)
d. Dongéng tradisional
e)
e. Warta kota
8.
8. Nu kaasup unsur-unsur dongéng nyaéta...
a)
a. Tokoh
b)
b. Galur
c)
c. Waktu
d)
d. Latar
e)
e. Sadayana beneur
9.
9. Panulis dongéng di luhur (nomor 1) nyaéta…
a)
a. Mang Julin
b)
b. Reporter tipi
c)
c. Pamajikan Julin
d)
d. Sunarya
e)
e. Tifani
10.
10. Dongéng nu nyaritakeun jalma-jalma nu luar biasa, kadang-kadang ngandung unsur sajarah nyaéta...
a)
a. Legénda
b)
b. Fabel
c)
c. Sagé
d)
d. Parabel
e)
e. Mite
11.
11. “Dongéng kuya jeung monyét melak cau” kaasup jenis dongéng…
a)
a. Legénda
b)
b. Fabel
c)
c. Sagé
d)
d. Parabel
e)
e. Mite
12.
12. Éta dongéng téh henteu kapanggih saha nu ngarangna. Sanajan kungsi dibukukeun, saenyana nu nyieun buku mah ikur ngumpulkeun atawa ngadokumentasikeun, naon sababna? Lantaran dongéng mah umumna nyebarna secara lisan, nepi ka teu kapaluruh saha saenyana anu mimiti nyieun éta dongéng. Tina katerangan di luhur sabab dongéng taya pangarangna nyaéta...
a)
a. Kaasup prosa anyar
b)
b. Teu aya katentuan nu patén
c)
c. Teu aya anu mayar karyana
d)
d. Nyebarna secara lisan
e)
e. Teu terang
13.
13. Sameméh réa dibukukeun, nyebar dongéng téh ngaliwatan...
a)
a. Tulisan
b)
b. Naskah
c)
c. Prasasti
d)
d. Panggung teater
e)
e. Lisan
14.
14. Carita Sasakala Gunung Tangkuban Parahu kaasup kana jenis dongéng…
a)
a. Sage
b)
b. Mite
c)
c. Legenda
d)
d. Fabel
e)
e. Parabel
15.
15. Istilah nu nuduhkeun yén hiji karya sastra kaasup dongéng teu kapaluruh saha nu ngarangna disebutna...
a)
a. Antonim
b)
b. Akronim
c)
c. Anonim
d)
d. Homonim
e)
e. Sinonim
16.
16. Dongéng anu patalli jeung mitos nu hirup di lingkungan masarakat, sarta sok aya unsur-unsur mistisna disebut dongéng...
a)
a. Sasakala
b)
b. Parabel
c)
c. Fabel
d)
d. Mite
e)
e. Sage
17.
17. Di handap ieu nu kaasup ciri dongéng nyaéta…
a)
a. Caritana asup akal
b)
b. Latar caritana loba jaman ayeuna
c)
c. Kapuluruh jalma nu ngarangna
d)
d. Tara aya ajén atikan
e)
e. Loba nu pamohalan
18.
18. Dongéng téh lain sakadar carita nu teu kaharti ku akal. Saenyana dongéng téh boga maksud nepikeun hiji naséhat anu hadé. Dina dongéng kahiji, sanajan loba nu ahéngna, saenyana hayang nepikeun amanat yén kasenangan téh datangna lain tina harta banda atawa kakayaan Tina bacaan di luhur, maksud nepikeun hiji naséhat anu hadé dina dongéng disebutna ...
a)
a. Galur carita
b)
b. Latar
c)
c. Amanat
d)
d. Tempat
e)
e. Kajian atawa peristiwa
19.
Kuda anu ngedul (Kuda pemalas) Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota. Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana. Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan. Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai. Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak kabawa palid. Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana. Isukna, Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari. Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda. Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh. Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota mamawa kapas anu sakitu beuratna. 19. Dongéng di luhur kaasup dongéng...
a)
a. Sage
b)
b. Fabel
c)
c. Parabel
d)
d. Mite
e)
e. Sasakala
20.
20. Tokoh dina carita di luhur (no19)…
a)
a. Jalma di pasar
b)
b. Abdul dan keluarga
c)
c. Abdul
d)
d. Kuda
e)
e. Kuda jeung Abdul
21.
21. Pasipatan kudana nu aya dina nomor 19 nyaéta...
a)
a. Bageur
b)
b. Kedul
c)
c. Cerdik
d)
d. Kuat
e)
e. Ruwet
22.
22. Laporan Kagiatan bisa dijieun dina rupa-rupa wangun/bentuk tulisannya nyaéta...
a)
a. Artikel jeung wawacan
b)
b. Formal jeung teu formal
c)
c. Prosa jeung artikel
d)
d. Prosa jeung puisi
e)
e. Puisi jeung wawacan
23.
23. Ngaruntuy laporan kagiatan dumasar kana strukturna kalayan...
a)
a. Lumangsungna kagiatan, hasil kagiatan, kasang tukang kagiatan, dokumentasi kagiatan.
b)
b. Lumangsungna kagiatan, kasang tukang kagiatan, hasil kagiatan, dokumentasi kagiatan
c)
c. Kasang tukang kagiatan, dolumentasi kagiatan, hasil kagiatan, lumangsungna kagiatan,
d)
d. Dokumentasi kagiatan, hasil kagiatan, kasang tukang kagiatan, lumangsungna kagiatan.
e)
e. Kasang tukang kagiatan, lumangsungna kagiatan, hasil kagiatan, dokumentasi kagiatan.
24.
24. Tulisan anu di jerona ngawengku lalampahan dina ngalaksanakeun kagiatan disebut…
a)
a. Laporan kagiatan
b)
b. Proposal kagiatan
c)
c. Rundown kagiatan
d)
d. Anggaran kagiatan
e)
e. Dokumentasi kagiatan
25.
25. Saupama ditilik tina wangun/bentuk tulisana, laporan kagiatan mangrupa tulisan dina wangun...
a)
a. Sastra
b)
b. Fiksi
c)
c. Non sastra
d)
d. Fiktif
e)
e. Non ilmiah
26.
26. Teu kurang ti 20 makalah nu ditepikeun ku ahli, praktisi, jeung pajabat pamarentah patali jeung materi-materi KBS. Dina KBS X oge diwuwuh ku acara launching buku Rumpaka Cianjuran jeung buku kumpulan fiksi mini Basa Sunda nu mangrupa pinunjul hasil tina pasanggiri nulis fiksimini nu digelar ku komunitas Fiksimini Basa Sunda (FBS) dina facebook. Kalimah di luhur kaasup.....dina Laporan Kagiatan.
a)
a. Bubuka
b)
b. Proses kagiatan
c)
c. Hasil kagiatan
d)
d. Tujuan kagiatan
e)
e. Dokumentasi kagiatan
27.
27. Di handap ieu nu kaasup kecap tingkesan (akronim) adalah...
a)
a. Disbudpar (Dinas Kebudayaan dan Pariwisata)
b)
b. NKRI
c)
c. LBSS
d)
d. Comro
e)
e. Basreng
28.
28. LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra) mangrupa kecap...
a)
a. Tingkesan
b)
b. Singgetan
c)
c. Tangkesan
d)
d. Memet
e)
e. Sirnaan
29.
29. Kadaharan nu asalna sampe dijerona anis ngaranna...
a)

a.

b)

b.

c)

c.

d)

d.

e)

e.

30.
30. Nu kaasup kecap memet nyaéta...
a)
a. Disdik (Dinas Pendidikan)
b)
b. Perpu (Peraturan Pengganti Undang-Undang)
c)
c. Comro (oncom dijero)
d)
d. Anaking (anak aing)
e)
e. Ning (geuning)
31.
31. Gehu, cilok, kaasup kecap...
a)
a. Memet
b)
b. Tangkesan
c)
c. Sirnaan
d)
d. Singgetan
e)
e. Akronim
32.
32. Laporan Kagiatan anu ditulisna make struktur anu kaku, biasana aya dina...
a)
a. Makalah
b)
b. Koran
c)
c. Berita TV
d)
d. Siaran radio
e)
e. Youtube
33.
33. Ieu kagiatan teh dilakukeun ku sakumna siswa ti unggal kelas jeung jurusan, kalayan wawakil anu kadaptar pikeun unggal kalompok ti unggal kelas jumlahna aya 60 urang. Kalimah di luhur mangrupa conto dadaran ...laporan kagiatan.
a)
a. Bubuka
b)
b. Waragad
c)
c. Hasil kagiatan
d)
d. Pamilon
e)
e. Panutup
34.
34. Di handap ieu nu teu kaasup bagian tina laporan kegiatan nyaéta...
a)
a. Tujuan kegiatan
b)
b. Pamilon anu hadir
c)
c. Perincian biaya
d)
d. Waktu pelaksanaan
e)
e. Hasil kagiatan
35.
35. Dina bagian penutupan laporan kagiatan, biasana ditepikeun...
a)
a. Hasil kagiatan
b)
b. Ringkesan kagiatan jeung rekomendasi
c)
c. Data statistik kagiatan
d)
d. Daftar pustaka
e)
e. Hasil kagiatan
36.
36. Anu henteu kalebet kana bagean laporan kagiatan nyaeta...
a)
a. Tujuan kagiatan
b)
b. Lokasi kagiatan
c)
c. Waktu kagiatan
d)
d. Pandapat pribadi panulis
e)
e. Hasil kagiatan
37.
37. "Di hiji leuweung, aya hiji monyet anu sok nganggap remeh sasama. Anjeunna sok ngina-ngina lauk anu dianggapna bodo jeung lemah. Tapi dina hiji mangsa, monyet téh kaserang ku loba pikasieuneun. Sakali waktu, aya lauk anu ngabantuan pikeun nyingkahan bahaya." Dina dongeng di luhur, hikmah anu bisa dipetik ku urang nyaeta...
a)
a. Urang kedah sok nganggap remeh batur.
b)
b. Urang kedah salawasna mantuan batur sanajan beda jenis.
c)
c. Urang kedah nginum cai anu seueur pikeun jaga kasehatan.
d)
d. Urang kedah ngajauhan sasama anu beda rupa.
e)
e. Urang kedah asih asuh jeung anu kuat
38.
38. "Di hiji desa, aya hiji raja anu pohara bijaksana. Anjeunna sok nyieun kaputusan anu adil sarta ngabantu rakyatna ku cara nu bener. Dina hiji waktu, raja meunang ujian ti hiji jalma anu ngaku-ngaku leuwih bijaksana ti anjeunna." Dina dongeng ieu, kualitas anu dipiboga ku raja nyaeta...
a)
a. Sombong jeung teu ngarasa kurang.
b)
b. sok beurat sebelah
c)
c. Gampang kabita ku pujian.
d)
d. Tiasa nyumputkeun kasalahan.
e)
e. Bijaksana sarta adil dina nyieun kaputusan
39.
39. Dina nyusun laporan kegiatan, salah sahiji hal anu penting pikeun dijelaskeun nyaeta tujuan tina kegiatan kasebut. Tujuan ieu kedah dijelaskeun dina bagian...
a)
a. Pendahuluan
b)
b. Hasil Kegiatan
c)
c. Penutup
d)
d. Metode Kegiatan
e)
e. Waktu kagiatan
40.
40. Dina nyieun laporan kegiatan anu sistematis, bagian anu kudu ngajelaskeun hasil anu dicapai tina kegiatan anu dilaksanakeun nyaéta...
a)
a. Pendahuluan
b)
b. Analisis Kegiatan
c)
c. Hasil Kegiatan
d)
d. Kesimpulan
e)
e. Saran